Mapag Lebaran, Pemkab Majalengka, TP PKK jeung Dharma Wanita Ngagelar Pangan Murah Bazar Peduli Ramadhan

- 18 April 2023, 06:44 WIB
Pemkab Majalengka rukun gawe jeung TP PKK katut Dharma Wanita Persatuan Kabupaten Majalengka, ngagelar Pangan Murah jeung Bazar Peduli Ramadhan, di lapang GGM Majalengka,  Kemis (13/04/2023).
Pemkab Majalengka rukun gawe jeung TP PKK katut Dharma Wanita Persatuan Kabupaten Majalengka, ngagelar Pangan Murah jeung Bazar Peduli Ramadhan, di lapang GGM Majalengka, Kemis (13/04/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Pikeun ngajaga stabilitas harga bahan poko dina nyanghareupan Lebaran, Pemkab Majalengka rukun gawe jeung TP PKK katut Dharma Wanita Persatuan Kabupaten Majalengka, ngagelar Pangan Murah jeung Bazar Peduli Ramadhan, di lapang GGM Majalengka (13/04/2023).

Pangan Murah jeung Bazar Peduli Ramadhan, hasil gawe bareng Pemkab Majalengka, TP PKK jeung Dharma Wanita Persatuan tingkat Kabupaten Majalengka teh jejerna "Bangkit Bersama Pasca Pandemi Pulihkan Perekonomian". Dibuka ku Bupati Majalengka, Karna Sobahi.

Bupati Majalengka nyebutkeun Pangan Murah jeung Bazar Peduli Ramadhan digelar teh pamaredih warga jeung keur ngadalian inflasi daerah sarta ngajamin sasadian bahan poko. “Tina kituna, Pemkab Majalengka, TP PKK sareng Dharma Wanita ngayakeun Pangan Murah sareng Bazzar Peduli Ramadhan,” pokna.

Baca Juga: Tausiah Itikaf di Masjid Raya Bandung, Profesi Lahan keur Pepelakan Alaeun Jaga di Aherat

Ngeunaan bahan pangan jeung hahargaan Bupati nyebutkeun Satgas Pangan Kabupaten Majalengka teu weleh ngimeutan bahan pokok jeung hargana.

"Simkuring tos nginstruksikeun ka Kepala Dinas Pertanian kangge nangtoskeun kaperyogian masarakat, kaperluan warga supados nyampak hargana kahontal. Harga bahan poko memang naek tapi henteu apung-apungan,” ceuk Bupati.

Dina ngalaksanakeun pancenna, Satgas Pangan Pemkab Majalengka bareng jeung tim ti Polres katut Dandim.

"Alhamdulillah hasil panalingaan ti lapangan ti ngawitan pasar Cikijing, Talaga, Maja, Cigasong, Kadipaten Jatiwangi, Sumberjaya, Rajagaluh sarta Jatitujuh, hahargaan henteu nerekel," ceuk Bupati.

Baca Juga: Putri Anjungsari (90), Di Kabuyutan Linggahyang, Maharaja Sakti Ngelingan sangkan Terus Majajaran

Bupati Majalengka dina eta kasempatan masrahkeun bantuan sacara simbolis ka tukang becak, lansia jeung ka juru parkir

Kagiatan Bazar Ramadhan, diluuhan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono,S.I.K.,M.I.K, ngawakilan Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K; Wakil Bupati Majalengka, Unsur Forkopimda, Anggota DPR RI, Ketua DPRD Majalengka.

Sekda Majalengka, Perwakilan Bank BI Cirebon, Ketua TP PKK, para Kepala OPD, Camat jeung sakumna Pingpinan Perbankan BUMN, BUMD di Majalengka.***Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah