Di Kuningan, Tina Hasil Ngumpulkeun Runtah, Rea Warga Anu Meunang Hadiah

- 26 Februari 2023, 19:41 WIB
Kepala DLH Kabupaten Kuningan, Wawan Setiawan (katuhu) dijejeran Ketua Tim Penggerak PKK Hj. Ika Acep Purnama ( kadua katuhu), dipotret reujeung sababaraha urang warga NU meunang hadiah Tina hasil nukeurkeun runtah.*
Kepala DLH Kabupaten Kuningan, Wawan Setiawan (katuhu) dijejeran Ketua Tim Penggerak PKK Hj. Ika Acep Purnama ( kadua katuhu), dipotret reujeung sababaraha urang warga NU meunang hadiah Tina hasil nukeurkeun runtah.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Rea cara pikeun ngahudang masarakat, sangkan paduli kana runtah, teu miceun runtah sagawayah.

Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Kuningan mere pangajen ka warga anu paduli kana runtah.

Pangajen di dieu lain piagem, piala, tapi minangka barang anu biasa dipake sapopoe.

Baca Juga: Miéling HPSN, DLH Kuningan Ngayakeun Gerakan Pemungutan Sampah

 

Diantarana wae endog, minyak goreng, sabun, sampo jeung jenis barang kabutuh sapopoe sejenna.

Samalah aya hadiah mangrupa logam mulia.Teu rea logam mulia mah, teu kawas barang minyak goreng jeung endog.

Ceuk Kepala DLH Kabupaten Kuningan, Drs Wawan Setiawan, S.Hut.,M.Si., eta hadiah pikeun ngahudang warga sangkan daek ngawilah-wilah runtah anu masih keneh bisa dimangfaatkeun.

Baca Juga: Warga Anu Titeuleum Di Walungan CI Sanggarung Tacan Kapanggih Laratanna

Eta hadiah teh dipasrahkeun dina acara Car Free Day, nu saban Poe Ahad diayakeun di Jalan Siliwangi. Ngaduumkeun hadiah dina Car Free Day mah munggaran diayakeun.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah