Ngarojong Konservasi RTH, Kodim 0610 Sumedang Melak Jagong di Area Greenbelt Bendungan Jatigede

- 11 Februari 2023, 16:05 WIB
Kagiatan melak jagong hibrida pokalna Kodim 0610 Sumedang jeung BBWS Cimanuk Cisanggarung, di area Greenbelt Bendungan Jatigede, Kemis, 9 Februari 2023/Dok. Pendam III/Siliwangi
Kagiatan melak jagong hibrida pokalna Kodim 0610 Sumedang jeung BBWS Cimanuk Cisanggarung, di area Greenbelt Bendungan Jatigede, Kemis, 9 Februari 2023/Dok. Pendam III/Siliwangi /

GALURA - Tarekah pikeun ngarojong konservasi ruang terbuka hijau (RTH), Kodim 0610 Sumedang ngalaksanakeun kagiatan melak jagong hibrida di area Greenbelt Bendungan Jatigede, Sumedang, Kemis, 9 Februari 2023.

Dandim 0610 Sumedang Letkol Inf Hendrix Fahlevi Rangkuti, mertelakeun, eta kagiatan melak jagong di area Greenbelt Bendungan Jatigede teh rukun gawe jeung BBWS Cimanuk Cisanggarung.

Kodim 0610 Sumedang jeung BBWS Cimanuk Cisanggarung mokalan melak jagong di area Greenbelt Bendungan Jatigede kalawan lega lahan 1,3 hektar.

Baca Juga: 442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

"Kagiatan melak jagong di area Greenbelt Bendungan Jatigede teh bari teu ngaganggu kana fungsi utama bendungan minangka fasiltas tampungan cai. Kahareupna, lahan nu dipelakan ge baris ngalegaan," ceuk Letkol Inf Hendrix Fahlevi Rangkuti.

Da lian ti fungsina keur nata lingkungan di budeureun bendungan, area Greenbelt ge mangpaat keur ngawujudkeun ruang terbuka hijau (RTH).

Minangka bendungan panglegana kadua di Indonesia, tetela Jatigede mibanda daya pamincut nu mandiri.

Baca Juga: Di Leuweung Sancang Kawenehen keneh Maung Kajajaden

Pamandanganana estu pikabetaheun, tur aya masjid agreng Al Kamil.

Ku kituna, mun ekosistem bendungan kajaga dibarung lingkungan nu endah jeung asri, eta bakal nembongkeun ajen estetika nu matak mincut.

Tah, lian ti pangrojong kana program TNI AD dina ketahanan pangan, kegiatan ngabebenah lahan anyar katut melak jagong teh dipiharep mawa mangpaat pikeun masarakat budeureun Bendungan Jatigede.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

"Kuring miharep kahareupna aya ajen nguniangkeun paekonomian warga. Hasil panen hade bari mucekil, karaharjaan warga ngaronjat," pok Letkol Inf Hendrix Fahlevi Rangkuti.

Manehna ge miharep sangkan eta kagiatan jadi pamecut pikeun instansi sejenna geusan babarengan ngawujudkeun lingkungan Jatigede nu maslahat enggoning ngaronjatkeun karaharjaan masarakat di Kacamatan Jatigede.

Dina eta kagiatan, dihadiran oge ku Danyon Raider 301/PKS, Kepala Dinas Pertanian, unsur Forkopimcam Jatigede, para Danramil di Kodim 0610 Sumedang, Ibu-ibu Persit KCK Cabang XXI Koorcabrem 062, sarta paratokoh masarakat. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah