Tarling di Masjid Besar Pangalengan Bupati Bandung: Ngamulyakeun Ulama, PAD Ngaronjat

23 Maret 2024, 19:10 WIB
Tarling di Masjid Besar Kecamatan Pangalengan, Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, H.M. Dadang Supriatna jeung Bunda Bedas, Hj. Emma Dety, masrahkeun santunan ka sajumlah budak yatim di lelewek Masjid Besar Kecamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, Juma'ah, (22 Maret 2024.

Santunan bagèan tina runtuyan kagiatan Safari Ramadhan dan Tarawih Keliling (Tarling) Bupati Bandung jeung jajaran Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Kabupaten Bandung.

Samèmèh ngalaksanakeun solat tarawèh, Bupati Bandung nyosialisasikeun zakat fitrah saurang Rp 40.000 atawa 2,5 kilo nu satara jeung 3,5 lèter.

Baca Juga: Tarling Mapay Desa Taun Ieu Kecamatan Kutawaringin Ngawakikan Dapil 1 Tariling Tingkat Kabupaten Bandung

Harita, Bupati ogè ngarèspon pameredih masarakat di Kecamatan Pangalengan nu miharep jalan ti bunderan Pangalengan tepi ka Pintu dibebener. Bupati ngajangjimeun taun ayeuna pameredih bieu dirèalisasikeun.

Dadang Supriatna ogè nyosialisasikenn 13 program prioritas. Salasahijina program guru ngaji kalawan anggaran Rp109 miliar.

"Ngamulyakeun boh guru ngaji boh para ulama seueur mangpaatna. Nalika urang transaksi sareng Allah SWT, Mantena ngagampilkeun usaha urang. Kabuktosan pendapatan asli daerah (PAD) nu kawitna Rp960 miliar ngaronjat janten Rp1,3 triliun. Kitu deui APBD Kabupaten Bandung tina Rp4,6 trilyun janten Rp7,4 triluun. Ieu buktos kawasa Allah SWT," ceuk Dadang Supriatna..

Dadang Supriatna ngaku, tina 48 desa di Kabupaten Bandung, di antarana 13 desa di Kecamatan Pangalengan meunang dana bagi hasil (DBH) tina pengolahan panas bumi.

Baca Juga: Tarling di Cimenyan, Bupati Bandung Masualkeun SMAN nu ku Provinsi Jabar Can Diwujudkeun

Bupati Bandung balaka dirina baris mèrè bantuan CSR (Corporate Social Responsibility) Rp250 juta jang ngokolakakeun jeung miara Masjid Besar Kecamatan Pangalengan.

Iwal ti kitu, taun ieu dirina ngarencanakeun ngadegkeun SMPN 5 Pangalengan, ngusulkeun . pangwangunan Madrasah Aliyah Negeri (MAN) jeung SMA Negeri di Kecamatan Pangalengan .

Dadang Supriiatna balaka  jumlah warga miskin ekstrem di Kecamatan Pangalengan mimiti ngurangan. Inyana miharep ku saniskara program, miskin elstrem ka hareup ilang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler