Dianggap Hadè Pangrojongna kana Ngokolakeun Zakat, Bupati Bandung Dileler Pangajèn BAZNAS Award 2024

29 Februari 2024, 15:24 WIB
Bupati Bandung, dileler pangajèn Anugerah BAZNAS Award 2024 kategori "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik di Indonesia". /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, dileler pangajèn Anugerah BAZNAS Award 2024 kategori "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik di Indonesia".

Pangajèn dianugerahkeun Badan Amil Zakat Nasional (BAZNAS) RI ka Bupati Dadang Supriatna disaksian ku Menteri Agama RI ngawakilan Presiden Joko Widodo di Hotel Bidakara, Jalan Gatot Subroto, Jakarta Pusat, Kemis, 29 Pebruari 2024.

BAZNAS Award tèh pangajèn taunan nu dipasrahkeun ku BAZNAS RI ka individu atawa lembaga nu alus kontribusina dina ngokolakeun zakat di Indonesia.

Baca Juga: Mapag Bulan Romadan Bupati Bandung Mènta Hampura Bisi Aya janji Pulitik nu Can Katedunan

Pihak BAZNAS RI yebutkeun, Bupati Bandung, kacida pantes narima pangajèn BAZNAS Award taun ieu sabab minangka kepala daerah, inyana mibanda peran aktif tur gedè sumbangsihna dina ngadukung gerakan zakat di wilayah Kabupaten Bandung

Ketua BAZNAS RI, Prof Dr KH Noor Achmad ngawilujengkeun ka Bupati Bandung nu
geus kapilih narima pangajèn BAZNAS Awards 2024 "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik."

Ceuk Noor Achmad, pangajèn BAZNAS Award 2024 teh pangakuan kana kontribusi Dadang Supriatna dina ngagerakeun kasadaran mayar zakat di kalangan ASN Pemkab Bandung jeung masarakat, tur ngarojong program-program BAZNAS dina ngokolakeun zakat.

Iwal ti kitu, Dadang Supriatna ogè dianggap geus hasil ngalakukeun inovasi dina ngaronjatkeun efisiensi jeung transparansi dina ngokolakeun zakat. Dadang Supriatna ogè dianggap aktif dina kagiatan sosial jeung matèahkeun masarakat dina  ngokolakeun zakat.

Baca Juga: Nitènan Tempat Rekapitulasi Suara Pemilu nu Katarajang Angin Lilimbungan, Bupati Bandung Mastikeun Surat Suara

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku kacida syukur jeung nganuhunkeun kana anugerah BAZNAS Award 2024 nu ditarimana. Inyana ngarasa dihormat lantaran meunang predikat "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik " di Indonesia.

"Sim kuring teu nyangka badè nampi pangajèn luar biasa. Hatur nuhun pisan ka BAZNAS RI ku Anugerah BAZNAS Award. Simkuring reueus," ceuk Dadang Supriatna.

Minangka kepala daerah, ceuk Dadang Supriatna, saprak dilantik jadi Bupati, dirina komitmen pikeun nyurung ASN jeung masarakat sangkan ngalaksanakeun kawajiban mayar zakat.

"Niat kanggo ngahudangkeun kasadaran ASN sareng masarakat kanggo mayar zakat  didadasaran kawajiban muslim, sanès demi pangajèn. Upami ayeuna tina ieu komitmen simkuring kènging pangangken ti BAZNAS, ieu mah hiji bonus," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler