GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngaluuhan Tablig Akbar nu digelar di Masjid Jami Muniroh Jalan Gradiul, Kelurahan Rancaekek Kencana, Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung, Saptu, 24 Pebruari 2024.
Ieuh Tablig Akbar dina raraga ngabagèakeun bulan Suci Ramadan 1445 H., Dadang Supriatna, Kalayan asma pribadi, kulawarga, jeung pamarèntah Kabupaten Bandung nepikeun pangampura ka masarakat Kabupaten Bandung, kaasup kana jangji politik nu can katedunan.
Nyanghareupan bulan Romadan, Bupati cumeluk ka masarakat pikeun silihlubarkeun kasalahan jeung silihampura.
"Mugia urang tiasa ngajalankeu saum di bulan suci Romadan ayeuna kalayan husu, sareng dipaparinan panjang yuswa, sehat sareng salamet. Aamiin ya Robal alamiin, ," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi