Pangaruh "Dunning - Kruger" dina Masarakat Informasi: Hasil Panalungtikan Dosen DKV Itenas Bandung

20 Desember 2023, 05:25 WIB
Dosen Program Studi Desain Komunikasi Visual Itenas Bandung, Dr. Agustina Kusuma Dewi, S.Sos., M.Ds., ilubiung dina Seminar Desain Nasional (SNADES) #4 anu diayakeun ku UPN Veteran Jawa Timur sacara hibrid, 10 Agustus 2023 kaliwat.* /AKD/Galura/

 

GALURA.CO.ID. - Dosen Program Studi Desain Komunikasi Visual Itenas Bandung, Dr. Agustina Kusuma Dewi, S.Sos., M.Ds., ilubiung dina Seminar Desain Nasional (SNADES) #4 anu diayakeun ku UPN Veteran Jawa Timur sacara hibrid, 10 Agustus 2023 kaliwat. Hasil panalungtikan anu ditepikeun mangrupa salasahiji kaluaran Hibah Riset Dosen Madya programna Itenas Bandung, minangka tarékah pangrojong pikeun ngaronjatkeun kontribusi dosen dina ngayakeun panalungtikan anu bisa méré wawasan anyar pikeun masarakat. Dina ieu panalungtikan, Dr. Agustina dibarengan ku Levita Dwinaya, M.Pd. ti program studi anu sarua.

Gelarna media anyar ngagampilkeun manusa pikeun komunikasi katut meunangkeun informasi. Kiwari, aya leuwih ti 140.000 artikel ngeunaan Desain jeung Cara Ngadesain anu bisa kapanggihdina search engine (mesin pencarian) di internet; sarta leuwih ti 10.000 aplikasi nu digunakeun pikeun ngadesain, bisa bébas diundeur di internet; kaasup template digital Desain nu bisa digunakeun boh haratis boh mayar.

Ieu fenomena nujulna kana kacuriga anu bisa waé kajadian, yén gampilna ngaakses informasi dina era digital, baris mangaruhan ogé kana pola gawé, kréasi, jeung ko-kreasi Desainer, boh praktisi boh akademis. Parobahan éta pola disababkeun minangka hasil luar tina gampilna nyieun kreasi/desain, kalawan ngagunakeun sawatara data digital nu sumebar di internet, bari henteu enya-enya paham kana prak-prakan (praktek) jeung pola pikir Desain nu saéstuna.

Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

“Masarakat informasi nekenkeun muncunghulna tipe anyar masarakat, di mana inovasi teknologi dianggap janten konci parobahan sosial utama, anu dina sababaraha kasus nimbulkeun bias kognitif nu disebat Efek Dunning-Kruger,” kitu ceuk Dr. Agustina Kusuma Dewi, S.Sos., M.Ds. dina nepikeun hasil panalungtikanana.

Éta efek (pangaruh), ceuk Dr. Agustina satuluyna, nuduhkeun yén jalma anu teu mampuh condong nangtukeun dirina minangka jalma anu parigel (terampil) ku sabab geus kangeunahan meunangkeun informasi ti média digital liwat rupa-rupa mesin pencari, sanajan bari ukur saeutik ngawasa digital. Éta fenomena, cenah, boga pangaruh, di antarana, media digital nujul kana masarakat informasi jadi keuna ku bias kognitif (atawa, bias konfirmasi). Ku kituna, tumuwuhna masarakat henteu ngaronjatkeun literasi digital positif. tapi di sisi séjén, nyiptakeun misinformation.

Éta panalungtikan ngahasilkeun sawatara kacindekan, nyaéta, kahiji, patali jeung transformasi digital, muncul anggapan yén informasi ngabogaan pangaruh anu paling penting pikeun masarakat industri di lapangan kreatif dina ngalaksanakeun jeung ngamekarkeun pasar. Ku kituna, pangaweruh jeung atikan jadi komodifikasi. Kadua, media digital nyiptakeun lolongkrang antara jalma-jalma nu bisa ngaakses informasi ku cara nu bener minangka salasahiji tanggung jawab atikan pikeun ngaronjatkeun literasi digital sarta nyebarkeun geter positif pangaweruh, kalawan pamaké anu meunang informasi minangka motif sosial ti sorangan, kaasup pamasaran informasi.

Baca Juga: Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn Kabupaten Peduli HAM ti Kemenkum HAM

Dina psikologi, ceuk panalungtikan Dr. Agustina téa, Efek Dunning-Kruger téh dipikawanoh minangka  bias kognitif, nyaéta jalma-jalma kalawan pangaweruh atawa kompetensi ngawates dina widang intelektual atawa sosial anu tangtu, ngaleuleuwihi kompetensi/pangaweruh sorangan dina éta widang, leuwih ti batur anu memang diajar kana widang kaélmuan jeung ngalegaan mitra (jejaring relasi) sacara akademis, jeung/atawa dumasar pangalaman praktis.

Numutkeun psikolog David Dunning jeung Justin Kruger, bias kognitif bisa kaalaman ku jalma anu sacara métakognitif teu bisa misadar kana kahéngkér jeung kakuranganana, sarta leuwih condong, kalawan informasi anu beunang ku inyana, nganggap dirina leuwih ahli atawa mampuh ngalakukeun hal nu leuwih hadé/kompeten dibandingkeun jeung nu séjén. Bias kognitif biasana ngamunculkeun  kapercayaan diri anu kaleuleuwihi, tinimbang kompetensi nu luyu anu dipibandana.

Tina hasil panalungtikan Dr. Agustina gé disebutkeun, kaayaan anu asup industri kreatif, utamana di wilayah Desain Komunikasi Visual, potensi pangaruh "Dunning-Kruger" téh baris mucunghul nalika ngajalankeun pola mikir desain ngan dumasar kana data-data dina internét, tanpa turun langsung jeung ngalakukeun observasi ka sasaran masarakat jeung/atawa sasaran pasar tepi ka tahap empati dina idéntifikasi masalah desain, digeneralisasi, sarta luaranna nyaéta hiji rarancang pikeun sakabéh masalah komunikasi.

Baca Juga: Pameran Republik Sandal Jepit Serupa Sekata, Gurat Lalakon Karya Nyata

Masalah séjénna, nyaéta, informasi dina internét bisa pisan didagangkeun, hartina, kecepatan sakapeung jadi leuwih utama tinimbang benerna informasi, jeung/atawa ngaliwatan konfirmasi katut klarifikasi saméméhna.

Aya kahariwang, tingkat literasi digital di Indonésia can optimal, pamakéan data digital dina rupa-rupa konteks, ngaleuwihan kompetensi literatif nu samistina. Teu saukur éta, kabutuh kana kecepatan nu dihadirkeun tina marketisasi informasi, aya pangaruhna kana ayana anggapan yen Désainer leuwih loba ngalakukeun ko-kreasi ngagunakeun template; atawa leuwih jauhna, aya sabagéan masarakat informasi dina era digital anu nyebut dirina Desainer, ngajual jasa desain, kalawan hargana sahandapeun angka layak pikeun profesi hiji Desainer.

Pikeun lengkepna, ieu artikel hasil panalungtikanna, bisa dibuka dina link: https://repository.upnjatim.ac.id/18108/ ***

Baca Juga: Dina RPJP 2025-2045, Pariwisata Kuningan Nyoko Kana Kalestarian Alam

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler