Mahasiswa Teknik Mesin Itenas Kontribusi Ngamangpaatkeun Runtah Tolol Jagong di Desa Ciherang

- 4 Oktober 2023, 13:04 WIB
Para dosén jeung mahasiswa Teknik Mesin Itenas Bandung  dina program pengabdian ka masarakat, taun 2023*
Para dosén jeung mahasiswa Teknik Mesin Itenas Bandung dina program pengabdian ka masarakat, taun 2023* /Humas-BKHP Itenas/

GALURA.CO.ID. - Desa Ciherang Kabupaten Bandung mangrupa désa penghasil jagong, sarta salasahiji panyalur jagong panglobana pikeun pakan anu dikirimkeun ka sakuliah Jawa Barat. Ku kituna, di éta désa loba runtah tolol jagong anu patulayah jeung ngarambang di walungan.

Supaya éta runtah tolol jagong téh jadi hal anu mangpaat, para dosén jeung mahasiswa Teknik Mesin Institut Teknologi Nasional (Itenas) Bandung ngagerakkeun pikeun ngamangpaatkeunana ku cara ngolah briket sangkan nyumponan kabutuh masak sapopoé jeung ngungkulan kakurangan gas elpiji. Ku cara kitu deuih, bisa ngabantu ékonomi masarakat di dinya.

Yusril Irwan salaku dosén Teknik Mesin Itenas inisiatif ngolah runtah tolol jagong jadi briket areng, kalawan dibantuan ku 2 dosén papada baturna, Eka Taufik Firmansjah jeung Fery Hidayat. Iwal dibantuan ku papada dosén, Yusril gé dibantuan ku 7 urang mahasiswa anu milu dina program bakti sosial, nyaéta Athfal Fauza, Davin Pratama, Sony Aguspiyana, Rizqi Nur Syifa, Putra Fajar Dwi Aprilian, Ferdi Gandika, jeung Alfi Syahar.

Baca Juga: Galura Cetak I Oktober 2023 Ngaguar Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

Briket téh bahan bakar padat anu dijieun tina biomassa, nyaéta areng tina runtah anu ngandung karbon, anu mibanda nilai kalor anu luhur, sarta bisa kaduruk dina waktu nu kawilang lila.

Dina tanggal 21-22 Séptémber 2023 ka tukang, diayakeun pelatihan ngolah briket ku dosén jeung mahasiswa Teknik Mesin Itenas pikeun kelompok nonoman Desa Ciherang, Kabupaten Bandung.

Éta kagiatan dirojong ku Désa jeung dibiayaan ku Direktorat Riset, Teknologi dan Pengabdian Kepada Masyarakat, Ditjen Pendidikan Tinggi, Riset dan Teknologi, Kemendikbud, Kebudayaan, Riset dan Teknologi Tahun Anggaran 2023. Dina poé kahiji, kagiatan dimimitian ku dadaran matéri ti mahasiswa Teknik Mesin Itenas ngeunaan briket anu diluuhan ogé ku Kepala Desa Ciherang, Toufik Mufti Ismail, jeung Camat Nagreg, Enjang Wahyudin.

Sanggeus dadaran matéri, mahasiswa Teknik Mesin Itenas ngawanohkeun jeung nerangkeun alat-alat nyieun briket ka peserta, para pamuda Karang Taruna Desa Ciherang. Geus kitu mah pelatihan nyieun briket dimimitian. Para peserta témbong pisan saregepna, tur antusias naker dina milu pelatihan.

Baca Juga: Ngamumule Leuwi Cimonte, Tarekah Ngungkulan Nyayeudna Runtah di Walungan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah