Komandan Lanud Sulaiman Bandung, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi: Jabatan téh Amanah, Ulah Ngarugikeun Batur

27 September 2023, 08:39 WIB
Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, Komandan Lanud Sulaiman Bandung.* /Dok. Pribadi/Glr/

GALURA.CO.ID. – Pikeun Komandan Lanud (Danlanud) Sulaiman Bandung, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, S.Sos., M.Soc.Sc, jabatan téh minangka amanah nu kudu dilaksanakeun sahadé-hadéna.

Dibarung ku tanggung jawab, nu jadi cecekelan Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi minangka Danlanud Sulaiman taya lian nyaéta tetep sumanget dina ngalakonan tugasna.

Nyangking jabatan Danlanud Sulaiman ti kawit 31 Agustus 2023, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi boga udagan ngagederkeun komitmen sakumna personel malar mampuh ngalaksanakeun tanggungjawabna luyu jeung widang tugasna séwang-séwangan.

Katambah ku posisi Lanud Sulaiman nu kalintang strategisna, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi satekah polah baris ngajalankeun tugasna kalawan diwewegan inovasi minangka pangigel pajamanan sangkan ka hareupna leuwih hadé deui.

Baca Juga: Jabatan Komandan Lanud Sulaiman, Kiwari Dicangking ku Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi

“Minangka Komandan Lanud Sulaiman, kuring boga komitmen sangkan mampuh ngalaksanakeun tugas Lanud Sulaiman dina ngokolakeun pendidikan TNI AU, ngalakonan operasi udara, katut ngalaksanakeun pembinaan potensi kadirgantaraan,” ceuk Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, Senén, 25 Séptémber 2023.

Satuluyna inyana ngébréhkeun, lian ti ngalaksanakeun tugas utama dina pendidikan, Lanud Sulaiman gé ngalaksanakeun fungsi pembinaan potensi dirgantara, teu weléh ngawangun rukun gawé jeung sakumna pihak, boh instansi militer boh sipil.

“Ku kituna, dipiharep kétak Lanud Sulaiman téh bisa méré konstribusi positif pikeun wilayah jeung masarakat Jawa Barat, utamana di Kabupaten Bandung,” ceuk Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, nu gumelar di Bandung, 28 Méi 1975.

Kiwari, Lanud Sulaiman gé remen ngalaksanakeun rupaning kagiatan geusan ngabantu masarakat kayaning bakti sosial, pengobatan massal, ngabantu ngungkulan musibat, tepi ka ngahiap masarakat pikeun olahraga di ruang terbuka hijau di kawasan Lanud.

Baca Juga: Tetep Munel, Galura Cetak V September 2023, Ngaguar Nelesan di Desa Nagarapageuh Panawangan Kabupaten Ciamis

Nyuprih pendidikan militer di Akademi Angkatan Udara (AAU) angkatan 1996, inyana gé laju tolab di Sekkau 78 (2005), Sekolah Instruktur Penerbang 58 (2006), Seskoau 48 (2011), Indonesian Military Airwothiness Authority (IMAA) Course 2012, katut Malaysian Armed Force Defence College/Sesko TNI 2022.

Anapon dina pendidikan umum, sabadana sakola dasar tug menengah di Bandung tur Cimahi, inyana nyuprih program S-1 di Universitas Merdeka Malang, sarta program S-2 di National Malaysia University.

Saméméh dibenum jadi Danlanud Sulaiman, Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi kungsi dines di Lanud Abdulrachman Saleh, Lanud Adi Sutjipto, tuluy Danlanud Wmi Kendari (2013), Pbdy Stratis Paban II/Ops Sopsau (2014), Pbdy Lambangja Sops Kohanudnas (2016), Aspers Kosehanudnas II Mks (2016), Kasubdisbinprof Pnb/Nav Disopslatau (2018), Kasubdisdukopslat Disopslatau (2020), Pamen Sopsau/Dik Mafdc (2022), sarta Sesdisopslatau (2023).

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

Sedengkeun rating pesawatna nyaéta C-130 Hercules, KT-1 B Woong Bee, T-34 Charlie, tur AS 202 Bravo, kalawan mibanda total 6.000 jam terbang.

Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi ngadahup ka Agiet Vina Hapsari S.Ip, tur kasinugrahan dua anak, nyaéta Alysa Aureliasafa Kusmaputri, jeung Muhammad Azis Algibran Kusmaputra.

Waktu ngistrénan inyana jadi Danlanud Sulaiman, Komandan Kodiklatau Marsekal Madya TNI Ir. Tedi Rizalihadi S., miharep, Danlanud Sulaiman bisa jadi tuladaneun, pamecut sumanget sakabéh prajurit dina kétakna tur terus suksés dina ngalakonan tugasna.

Jabatan téh minangka amanah jeung kahurmatan ti pingpinan. “Ku kituna, laksanakeun tugas kalawan sumanget tur sing bisa ngigelan di lingkungan tugas nu anyar,” ceuk Tedi Rizalihadi S., harita waktu sérén sumérén jabatan Danlanud Sulaiman, 31 Agustus 2023.

Baca Juga: Réog Dermayon Indramayu Jawa Barat Pantrang Unggah ka Panggung

Ku kituna, pikeun Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi, dina sakur ngalaksanakeun tugasna, leupas tina kamampuh jeung kakurang, inyana boga cecekelan malar teu weléh sukuran katut mibanda ajén jati mandiri.

Lian ti éta, nu ogé jadi palasapahna téh nyaéta tetep sumanget, sabar, ihlas, jeung sukuran, sabot ngalakonan alam kahirupan.

“Mangsa hirup di ieu alam dunya, ulah ieuh ngarugikeun batur. Sing tetep milampah kahadéan ka saha waé, sabab éta téh enas-enasna mah urang téh keur nyieun kahadéan ka diri sorangan,” ceuk Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi.***

Baca Juga: Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler