Muludan Bareng ALUDA di Masjid Al Muslim, KH Beben Muhammad Dabbas: Solawat Nabi Wujud Micinta Rosulullah

18 September 2023, 10:51 WIB
Pangajian muludan bareng Yayasan Amanah Alumni Daarut Tauhid (ALUDA) di Masjid Al Muslim, Sukarasa, Citeureup, Kota Cimahi, Saptu, 16 September 2023.* /R. AGAM/

GALURA.CO.ID. – Muludan atawa miéling gumelarna Nabi Muhammad SAW ilaharna di urang sok diayakeun kagiatan pangajian.

Kanjeng Nabi Muhammad SAW gumelar di Mekah, ping 12 Rabiul Awal taun 571 Masehi nu ogé katelah minangka Taun Gajah.

Kagiatan muludan nu antarana dipiasieup ku acara pangajian téh taya lian pikeun miéling kétak Nabi Muhammad SAW minangka Rosulullah nu jadi tuladaneun umatna di sakuliah dunya.

Tah, pangajian muludan Nabi Muhammad SAW gé digelar ku réngréngan Yayasan Amanah Alumni Daarut Tauhid (ALUDA), di Masjid Al Muslim, Sukarasa, Citeureup, Kota Cimahi, Saptu, 16 September 2023.

Baca Juga: Lalakon Lungse

Digelar ti bada Magrib, éta muludan bareng ALUDA téh ogé dipasieup ku solawatan, marhabaan, santunan ka barudak yatim budeureun Citeureup, jeung tablég, kalawan dihadiran parainohong, warga jamaah, tur ondangan séjénna.

Dina tablég, kalawan husu jamaah ngaregepkeun pedaran ti Wakil Talqin TQN Jawa Barat, KH Beben Muhammad Dabbas, nu ogé salasaurang cicit Syekh Abdul Muhyi Pamijahan.

Ceuk KH Beben, di satengahing pajamanan nu siligenti mangsa jeung pangeusina, kayakinan kaimanan umat muslim kudu terus dijaga.

Patali jeung muludan, urang minangka umat Nabi Muhammad SAW sing kudu terus ngagederkeun solawat nabi.

Baca Juga: Milangkala 45 Taun FKPPI, Jumpa Kader PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat: Ngaronjatkeun ajén Kétak Organisasi

Dina hiji kaayaan, masing yakin yén solawat Nabi nu ku urang diucapkeun téh baris nyambung jeung frekuensi gegeter Nabi Muhammad SAW.

“Kabarokahan Kanjeng Rosulullah insyaalah bakal ogé tepi ka urang minangka umatna,” ceuk KH Beben.

Lagu urang ngucapkeun solawat Nabi, gegeter jiwa Nabi baris karasa ogé gegeterna dina jiwa urang geusan leuwih micinta Allah SWT, jeung Rosulullah.

Pon kitu deui, sabot urang solawat Nabi téh paramalaikat gé ngadu’akeun urang malar dosa-dosa urang dihampura, sarta teu weléh digampilkeun dina rupa-rupa urusan/perkara.

Satuluyna KH Beben ngébréhkeun, dina kaayaan nyambungna frekuensi gegeterna urang jeung Rosulullah dina solawat Nabi, taya lian nu jadi pangharepan téh sangkan urang bisa ngahontal kasalametan dunya jeung ahérat, tur salalawasna aya dina panangtayungan Nur Ilahi.  

Baca Juga: Hengky Kurniawan, Mundur jadi Bupati KBB, rék Tetep Ngawujudkeun Desa Digital

Sajeroning kitu, dina Kitab Kifayatul Atqiya' wa Minhajul Ashfiya', Sayyid Abu Bakar Syatha mertélakeun, ku loba ngucapkeun solawat Nabi, éta téh baris ngahapus dosa-dosa, nyaangan pituduh keur milampah kahadéan, nyalametkeun tina siksa naraka, tur ngahontal kani’matan sorga.

Ku kituna, KH Beben cumeluk, sangkan urang terus ngagederkeun solawat Nabi, sabab Allah SWT baris terus maparinan rahmat jeung kanyaah-Na ka urang minangka umat Rosulullah.

Ku mindeng ngucapkeun solawat Nabi, urang téh aya dina barisan malaikat abror, malaikat kabajikan, alatan malaikat abror teu weléh solawat ka Nabi Muhammad SAW.

Mun urang istikomah solawat Nabi, insyaallah baris ngadatangkeun kabarokahan dina sakur jiwa kahirupan, tug tepi ka ngahontal kasalametan jeung kabagjaan dunya-ahérat.

“Ku kituna, gederkeun terus maca solawat Nabi sabab éta téh wujud micinta urang ka Rosulullah. Muga waé jaga di ahérat urang sadaya kénging syafaat ti Nabi Muhammad SAW,” ceuk KH Beben Muhammad Dabbas. *

 Baca Juga: Deklarasi Kabangsaan Anggota NII Manten di Kodam III Siliwangi, Kasad: Kuatkeun Rasa Micinta Lemah Cai

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler