Danana Alokasi tina APBN, Kabupaten Majalengka Meunang DBHCHT Rp7,72 Milyar

3 Agustus 2023, 09:23 WIB
Bupati Majalengka masrahkeun DBHCHT taun 2023 ka Patani bako di lapang sepak bola Desa Sukajadi, Kecamatan Malausma, Salasa (01/08/2023). /Ayank /Galura

GALURA - Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., masrahkeun Bantguan Langsung Tunai (BLT) Dana Bagi Hasil Cukai Hasil Tembakau (DBHCHT) taun 2023 tempatna di lapang sepak bola Desa Sukajadi Kecamatan, Malausma Salasa (01/08/2023).

Anu meunang BLT DBHCHT nu diserenkeun ku Bupati Majalengka teh 1.740 urang, ti tilu kacamatan, Kecamatan Lemahsugih, Kecamatan Bantarujeg, jeung Kecamatan Malausma.

Bupati Majalengka mipiharep ku ayana BLT DBHCHT ngaronjatkeun kahirupan patani, hususna patani bako (tembakau).

Baca Juga: Cerita Inspiratif dr. Richard Lee Raih Omzet Rp8 M Setelah Pindah Lapak ke Shopee Live

Baca Juga: Diskominfo Kabupaten Majalengka Rukun Gawe jeung bjb Majalengka Ngagelar FGD Admin Medsos

“Bantuan teu aya potongan nanaon. Mun aya pihak-pihak nu nyuhunkeun potongan dina mangrupi naon wae saenggalna laporkeun ka pamarentah,” ceuk Bupati Majalengka omat-omatan.

Ceuk Bupati Majalengka, bako ti Majalengka kawilang kawentar di luar daerah, ieu ngabuktikeun patani bako di Kecamatan Bantarujeg, Lemahsugih jeung Malausma mampu ngajaga kualitas daun bakona.

“Simkuring marentahkeun ka Kepala Dinas Pertanian teras-terasan ngaping patani bako supados kualitas sareng kuantitasna tiasa langkung maksimal,” ceuk Bupati Majalengka.

Alokasi APBN

Dumasar Peraturan Menteri Keuangan Nomor 139/PMK.07 /2019 Dana Bagi Hasil teh dana nu dialokasikan dina APBN keur daerah dumasar angka persentase tina pendapatan negara keur ngadanaan kabutuhan daerah dina raraga desentralisasi.

Cukai Hasil Tembakau teh pulutan tina barang nu dijieun tina bako, ngawengku sigaret, cerutu, roko daun, bako iris jeung hasil pangolahan bako sejenna.

Tina kituna DBHCHT teh bagean transfer ka daerah nu dibagikeun ka provinsi nu ngahasilkeun cukai jeung/atawa provinsi nu ngahasilkeun bako. Ieu teh keur ngawujudkeun prinsip kaadilan jeung kaseimbangan dina ngokolakeun APBN.

Dina ngamangpaatkeun DBHCHT diatur dina Peraturan Menteri Keuangan nomor 215/PMK.07/2021. Aturanana: 40% keur kasehatan, 50% keur kasejahteraan Masarakat (30% keur ngaronjatkeun kualitas bahan baku, ngaronjatkeun kaparigelan kerja jeung pembinaan Industri, 20% keur bantuan langsung, 10% keur Penegakan Hukum.

Di taun 2023 ayeuna Kabupaten Majalengka meunang DHBCHT pikeun 2.340 urang, Patani patani bako 1.740 urang jeung buruh pabrik 600 urang.

Patani tembakau nu meunang BLT DBHCHT aya di tilu kacamatan: Kecamatan Bantarujeg, 715 urang; Kecamatan Lemahsugih, 957 urang, jeung; Kecamatan Malausma, 68 urang.

"Masing-masing kenging bantuan Rp3.300.000 kangge 11 sasiheun, disalurkeun 3 tahap, " ceuk Kepala Dinas Ketenagakerjaan dan KUKM Kabupaten Majalengka, Arif Daryana. DBHCHT pikeun Kabupaten Majalengka taun 2023 gedena Rp7,72 milyar.

Ade, patani bako ti Babakansari, Kecamatan Bantarujeg gumbiraeun meunang BLT DBHCHT teh sabab kawilang ngabantu pikeun modal melak bako.

Papasrahan DBHCHT diluuhan ku Wakil Bupati, Sekda, Assiten Ekonomi Pembangunan, Kepala Dinas Ketenagakerjaan, Koperasi Usaha Kecil Menengah (DK2UKM), Inspektorat, Kepala Dinas KP3, Camat Lemahsugih, Bantarujeg jeung Malausma.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler