Tékad Pemkot Cimahi Ngarojong Program Indonesia Bebas TBC Taun 2030

16 Maret 2023, 08:25 WIB
Pj. Wali Kota Cimahi, Dikdik S. Nugrahawan, waktu gempungan ngungkulan kasakit TBC di Gedong Kornel Singawinata RS Dustira, Kota Cimahi, Rebo, 15 Maret 2023.* / Dok. Pemkot Cimahi/

GALURA – Pemerintah Kota (Pemkot) Cimahi satekah polah ngagederkeun tékad ngarojong program Indonesia Bebas TBC Taun 2030.

Dina raraga Hari Tuberkulosis Sa-Dunya nu dipieling unggal 24 Maret, Pemkot Cimahi terus ngungkulan kasakit TBC balukar bakteri Mycobacterium Tuberculosis malar kasusna mingkin ngurangan.

Utamana di Kota Cimahi, jero taun 2022 aya 4.294 kasus TBC, ngaronjat 106 persén. Sedengkeun di sakuliah Indonesia, taun 2022 téh aya 717.941 kasus, ngaronjat 61,98 persén.

Anapon dumasar data World Health Organization (WHO), tétéla jumlah kasus TBC di Indonesia téh panglobana kadua sadunya sanggeusna India.

Nilik éta kaayaan, Pj. Wali Kota Cimahi, Dikdik S. Nugrahawan, cumeluk ka sakumna pihak pikeun paheuyeuk-heuyeuk merangan TBC di Kota Cimahi.

Waktu gempungan ngungkulan TBC di Gedong Kornel Singawinata RS Dustira, Kota Cimahi, Rebo, 15 Maret 2023, Dikdik S. Nugrahawan ngécéskeun, kasakit TBC lain waé pasualan kaséhatan, tapi ogé nodel kana widang sosial jeung ékonomi masarakat.

Baca Juga: Rumah Sakit Muhammadiyah Bandung Selatan, Muamalah keur Kamaslahatan Balaréa

TBC gé aya pakaitna jeung stunting, sabab kurangna gizi téh jadi faktor utama nu ngabalukarkeun kasakit TBC.

“Ku kituna, alatan TBC jeung stunting téh gedé pakuat-pakaitna, kalintang pentingna pikeun matotoskeun adumanisna kawijakan lintas sektor geusan ngarojong prosés eliminasi TBC taun 2030 katut nurunkeun prevalansi stunting jadi 14 persén dina taun 2024,” pokna.

Dina éta gempungan nu dihadiran ku 200 mahasiswa kaséhatan jeung pelajar SMA téh, Dikdik S. Nugrahawan gé mertélakeun, tarékah nyegah jeung ngungkulan kasakit TBC merlukeun sumber daya manusa nu parigel bari ngaubkeun sakumna unsur, boh masarakat boh ormas, katut pamaréntah.

“Usaha ngurangan kasus TBC mungguh merlukeun ketak nyata dibarung rukun gawé lintas séktor kalawan ayana pangrojong sakumna unsur masarakat,” pokna.

Baca Juga: Gelaring Deteksi Nyegah Kanker Leher Rahim jeung Kanker Payudara ku IVA Test tur Sadanis 2023 Kota Cimahi

Kalawan dipokalan ku Dinas Kesehatan Kota Cimahi, terus digederkeun tarékah pikeun nurunkeun kasus TBC di Kota Cimahi.

Sababaraha tarékah nu baris dilaksanakeun nyaéta ngaronjatkeun tilikan kasus TBC ku cara skrining jeung investigasi kontak, ngaronjatkeun pangaweruh tur kasadaran masarakat kana pentingna Terapi Pencegahan TBC (TPT) geusan nyegah sumebarna TBC, sarta pamahaman TBC minangka isu utama dina sakabéh séktor.

“Eta sakabéh program moal bakal aya hasilna mun teu ngaubkeun sakumna poténsi nu aya, boh lembaga boh perorangan, luyu jeung téma Hari TBC 2023 nyaéta Ayo Bersama Akhiri TBC, Indonesia Bisa!” ceuk Dikdik S. Nugrahawan.***

Baca Juga: Seminar Pikeun Ngaronjatkeun Palayanan Kasehatan Darurat Masarakat

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler