Persib Update, Hayang Ngelehkeun Bali United di Maguwoharjo, Daisuke Sato : Kudu Fokus

8 Februari 2023, 15:30 WIB
Daisuke Sato nepi ka ayeuna inget keneh kana pertandingan Persib lawan Bali United 23 Agustus 2022 nu geus kaliwat/persib.co.id /

GALURA - Daisuke Sato nepi ka ayeuna inget keneh kana pertandingan Persib lawan Bali United 23 Agustus 2022 nu geus kaliwat.

Harita, Persib keok ku Bali United, padahal maenna di kandang sorangan.

"Abdi emut keneh kana eta pertandingan, Persib kawon ku Bali United," pokna.

Baca Juga: Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis

Baca Juga: Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung

Baca Juga: Tiket Persib vs PSS Sleman Ludes, Ieu Link Live Streaming jeung Kick Off, Aman!

Nurutkeun Sato, Persib nurutkeun agenda, baris tarung deui jeung Bali United di Stadion Maguwoharjo Sleman, 10 Pebruari 2022 nu bakal datang.

Tah cek Sato, dina laga engke mah, manehna jagji hayang mingkin ngawewegan benteng pertahahan Persib, malah hayang bisa nepikeun ka ngelehkeun Bali United.

Carana, manehna jeung pamaen Persib lianna kudu fokus dina eta laga.

Baca Juga: Arca Nandi nu Dianggap Arca Kalde, ceuk Legenda mah Jelmaan Sapi Gumarang, Menteri Pertanian Pananjung

"Fokusna sanes wae ka lawan, oge ka rengrengan Persib sadayana, sangkan tiasa kenging tilu poin," cek Sato.

Sajaba ti fokus, Sato oge umajak ka ponggawa Persib malar sumanget enggoning ngalakonan pertandingan, sarta nganggap laga engke minangka laga final.

"Sadaya laga kalebet laga kawan Bali United kedah dianggap laga final, supados Persib sumanget. Sareng dina unggal laga diupayakeun kedah kenging," pokna deui.

Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

Nurutkeun Sato, mun Persib dina unggal lawa terus meunang, harepan jadi juara tanwande bakal kahontal, sanes nga saukur kahayang.

Sabalikna mun, eleh, posisi Persib bisa wae jauh anggangna jeung Persija Jakarta atawa PSM Makassar nu poinna nepi ka ayeuna pasusul-susul keneh jeung Persib.

"Janten ayeuna Persib kedah kenging dina ungal pertandingan," cek Daisuke Sato.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id

Tags

Terkini

Terpopuler