Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

16 Januari 2023, 22:40 WIB
Produk karajinan unggulan Tasikmalaya, payung geulis, bakal jadi pamilon hiji festival di Thailand 20-24 Januari 2023 nu bakal datang/Istimewa /

GALURA - Produk karajinan unggulan Tasikmalaya, payung geulis, bakal jadi pamilon hiji festival di Thailand 20-24 Januari 2023 nu bakal datang.

Nu matak reueus, payung geulis, di Thailandna ngawakilan Indonesia, lain wae ngawakilan Jawa Barat.

Di Thailand, payung geulis teh bakal jadi pamilon taunan Borsang Umbrella Festival Thailand nu taun ayeuna dicalagarakeun ti tanggal 20 - 24 Januari 2023.

Baca Juga: Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

Eta hal tangtu ngahudangkeun rasa reueus ke Pemkot Tasikmalaya, jeung warga Tasikmalaya, utamana pangrajin payung geulis.

"Alhamdulilah, memang leres aya ondangan ka palaku usaha industri karajinan payung geulis kanggo jadi pamillon festival payung internasional di Thailand," cek Sekretaris Daerah Pemkot Tasikmalaya Ivan Dicksan ngaenyakeun.

Sekda ngebrehkeun, nurutkeun katerangan nu katampa, di Thailand teh aya festival payung nu pamilonna ti sakuliah dunya.

Baca Juga: Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

Husus Indonesia, nu ditunjuk ku Kemenparekraf nyaeta payung geulis Tasikmalaya, sabab aya pangrajinna di Kawalu.

Pangrajin payung geulis di Tasikmalaya teh, cenah, meunang pangrojong ti hiji PT nu salila ieu nyieunan payung hiasan tina awi nu wangunna endah jeung taya duaana di dunya.

Eta PT, cenah, getol ngawanohkeun produk karajinan payung geulis. Lain wae di Indonesia, oge di mancanagara.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Buah tina tarekahna, karajinan payung geulis nu dikokolakeun ku eta PT dipercaya jadi pamilon festival payung langka di Thailand.

Ku kituna, Pemkot Tasikmalaya mere apresiasi nu gede ka eta PT nu terus-terusan ngupayakeun payung geulis, malar kakoncara.

 

"Pemkot tangtos ngarojong pisan pangrajin payung geulis jadi pamilon festival di Thailand," pokna.

Baca Juga: Tradisi Nyadap, Ogoanana Tangkal Kawung, mun Pundung Teu Beunang Diolo

Di sejen pihak, Komisaris PT Sateja Eco Industri, Okto Handoko Indratama nu makieuhkeun jeung nampung hasil karajinan payung geulis di Tasikmalaya, miharep payung geulis mingkin kajojo ku miluna festival di Thailand.

"Mudah-mudahan mingkin kajojo di mancanagara tur ngaronjatkeun permintaan pasar," pokna.

Inyana netelakeun, payung geulis nu rek dipintonkeun di Thailand teh mibanda ciri khas Tasikmalaya.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Bahan payungna tina awi, dibere lukisan manual jeung natural ku pangrajinna. 

"Pokona desainna geulis we," pokna. ***

 

Editor: Aam Permana S

Sumber: jabar.antaranews.com

Tags

Terkini

Terpopuler