Pasar Cihapit di Kota Bandung, Kungsi Jadi Kamp Konsentrasi Tawanan

- 21 Februari 2023, 16:00 WIB
Pasar Cihapit di Jalan Cihapit, Kota Bandung. Di ieu kawasan baretona ngadeg kamp konsentrasi tawanan./Istimewa
Pasar Cihapit di Jalan Cihapit, Kota Bandung. Di ieu kawasan baretona ngadeg kamp konsentrasi tawanan./Istimewa /

GALURA – Pasar Cihapit teh minangka salasahiji tempat di Kota Bandung nu matak mincut tur leubeut ku runtuyan kamekaran sajarah.

Kiwari, di Pasar Cihapit euyeub ku nu daragang rupaning kuliner, barang-barang antik, buku-buku langka, kaset/CD jadul, tur sarupaning barang nu unik.

Di Pasar Cihapit ge aya rupa-rupa kadaharan has Bandung nu geus ti beh ditu mula.

Baca Juga: Sembah Dalem Pangudar, Jujuluk keur RH Pangeran Panji Argaloka, Hiji Pangeran Cirebon, Bagean II

Upamana wae aya Kupat Tahu Galunggung, Nasi Rames Ma Eha, Lotek Cihapit, Surabi Cihapit, Gorengan Cihapit, tur awug.

Presenter tur ahli kuliner Bondan Winarno ge kudu sababaraha kali ngadongdon Pasar Cihapit, da sok teu kabagean wae, kaburu tutup warungna.

Kawasan Pasar Cihapit masih hieum ku tatangkalan, dipasieup ku ngadegna wangunan-wangunan heubeul.

Baca Juga: Seni Tradisi Bingbrung Minangka Media Dakwah, Disatengahing Parobahan Pajamanan

Sakumaha nu kaguar tina catetan Reza Ramadhan Kurniawan/Komunitas Aleut), baheula, Belanda ngawangun daerah Cihapit teh nyoko kana konsep lingkungan nu sehat, ngadumanis jeung komplek paimahan, pasar, pertokoan, taman, sarta lapangan terbuka (plein).

Taun 1920-an, komplek paimahan Cihapit jadi conto minangka lingkungan sehat harita nu dicicingan ku warga golongan menengah, boh pribumi boh urang Belanda.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah