Iblis Jersey, Jurig Kasohor jeung 'Fenomenal' di New Jersey Amerika Serikat

- 20 Februari 2023, 13:30 WIB
Ilustrasi iblis atawa jurig di New Jersey/pixabay/baphomet
Ilustrasi iblis atawa jurig di New Jersey/pixabay/baphomet /

GALURA - Carita atawa dongeng ngeunaan jurig, hantu, iblis, jeung sajabana, lain wae aya di nagara urang kaasup di Tatar Priangan. Di luar negeri kaasup Amerika Serikat ge aya. Samalah di Amerika Serikat mah carita atawa dongengna leuwih aheng pisan.

Nurutkeun livescience, di Amerika Serikat teh wargana memang rea nu teu percaya kana ayana jurig, hantu, jeung sajabana. Maranehna percaya, soal wujud supernatural teh bohong, ukur rekaan.

Najan kitu, ari kana carita atawa dongengna mah, warga di Amerika Serikat teh rea nu resepeun. Meureun keur hiburan. Salahsahijina nyaeta kana dongeng jurig di Pine Barrens New Jersey nu katelah iblis Jersey atawa iblis Leeds.

Baca Juga: Cikao Park, Tempat Wisata Kulawarga Pikaresepeun di Jatiluhur Purwakarta, Hawa Haleungheum Ge Merenah Disungsi

Kumaha cenah dongeng jurig di New Jersey Pine Barrens teh?

Sakumaha anu ditembrakkeun ku livesciense, nu disebut Pine Barrens New Jersey teh nyaeta leuweung geledegan jeung lega kacida. Sabagean leuweungna, baheula kungsi jadi pabrik kai, pabrik kertas jeung tempat bumen-bumen nu digarawena.

Sajaba ti eta, Pine Barrens oge baheulana kasohor ku carita ngeunaan jurig, hantu, setan jeung iblis nu marakayangan.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Cek dongeng nu diungkab deui ku portal ilmiah livescience, di eta leweung kungsi nyebar carita ngeunaan bajak laut Kapten William Kidd nu remen kabejakeun nembongan, oge carita ngeunaan jurig anjing hideung.

 

Dongeng jurig sejenna di eta leuweung nyaeta dongeng Iblis Jersey. Cenah, eta iblis teh dijurukeun taun 1735 ku Deborah Leeds, pamajikanna Benjamin FRaklin, jeung minangka budak ka 13.

Eta iblis pikasieunan naker. Manehna boga jangjang, sirahna jiga embe, kukuna paranjang.

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

 

Carita ngeunaan eta jurig nu oge disebut Iblis Leeds teh jadi carita jurig kawentar taun 1700-an di Ney Jersey. Eta teh tisaprak Joseph Bonaparte, dulurna Raja Spanyol Napoleon Bonaparte, ngaku kungsi mireungeuh eta jurig, basa manehna ngawangun imah di Pine Barrens.

Cek livesciense, carita ngeunaan iblis Jersey kungsi rame deui dina taun 1909. Harita, cenah, koran di Inggris terus-terusan ngawartakeun soal eta jurig nu nembongan ka warga di New Jersey, South Jersey jeung Philadelpia.

Alatan eta beja, sakola di sawatara wewengkon New Jersey, kungsi ditutup alatan barudak sakolana sieun ngulampreng ka sakola. 

Baca Juga: Endog Lewo, Kuliner Has Garut, Emplod nu Boga Ngaran Husus Alatan Beda Rasana

Cenah, nepi ka kiwari, eta jurig masih aya Pine Barrens New Jersey. Walohualam bissawab!***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah