Totonden ti Gunung Dukuh, Cinyusu Saat Nagara Bakal Riweuh

- 23 Januari 2023, 17:20 WIB
Gunung Dukuh di Desa Jagabaya, Kecamatan Panawngan Kabupaten Ciamis. Mun cinyusuna orot, nagara bakal riweuh,*
Gunung Dukuh di Desa Jagabaya, Kecamatan Panawngan Kabupaten Ciamis. Mun cinyusuna orot, nagara bakal riweuh,* /

GALURA -Di tutugan Pasir Dukuh atawa ayeuna mah Gunung Dukuh, Desa Jagabaya, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamos aya cinyusu nu ngaburial badag, masing halodo entak-entakan oge tara saat.

Aya sasakalana cinyusu di Gunung Dukuh teh nu ku masarakat Desa Jagabaya dianggap bener-bener kajadian.

Tina kituna, masarakat Desa Jagabaya kacida pisan mupusti ieu Cinyusu. Leuweung di Gunung Dukuh oge tara aya nu wanieun ngagunasika.

Kieu sasakala cinyusu di Gunung Duku Desa Jagabaya teh. Baheula Desa Jagabayana ayeuna puseur keur nyebarkeun agama Islam.

Baca Juga: Totonden Kaayan Nagara ti Leuweung Dukuh Desa Jagabaya

Tokoh anu nyebarkeun agama Islam di Desa Jagabaya ngarana Muncang Pandak, ti Cirebon nu ngahaja ngababakan di Desa Jagabaya.

Di Desa Jagabaya oge aya pamarentahan nu nyekel konsep tri tangtu, salahsahijina Patra Laksana.

Hiji mangsa Patra Laksana balik ti Mataram bari mawa cai, ngaranna cai tawa.

Sultan Mataram meupeujeuhan sangkan wewengkon di Gunung Gandul, ayeuna asup ka Desa Sagalaherang, dihejokeun.

Ku Patra Laksana cai tawa teh di Cibogor Gunung Agung, dibahekeun, tilu parapatana, tapi tadina mah rek dibahekeun di Situ Gede, ngan dicaram ku Muncang Pandak.

Baca Juga: Lauk Betrik jeung Tutut Oleh-Oleh Caah Ci Keruh

Ieu dua wewengkon ayeuna asup ka Desa Sagalaherang nu pernahna tonggoheun Desa Jagabaya. Sesana dibahekeun di tempat anu teu jauh ti Bale Desa Jagabaya, di Blok Dukuh Mulya.

Meureun ku sabab cai tawa ti Mataram tadina keur kaperluan urang Jagabaya, kaluarna cai teh di tutugan Gunung Dukuh.

Di Blok Dukuh Mulya tepi ka ayeuna kaluar cinyusu ngan leutik, teu kawas di Gunung Dukuh. Ti Pasir Dukuh ka Cibogor anggangna 4 kilometaran ari ka Gunung Gandul 2 kilometaran.

Gunung Dukuh dipake atawa dijadikeun totonden, dipake ciri keur kaayaan Pulo Jawa.

Ieu dudukuhan liang cai, totonden gambaran tanah Jawa. Lamun Gunung Dudukuh kakayonna masih hejo lembok, caina ngagulidag badag, eta tanda tanah Jawa masih waluya.

Baca Juga: Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, Gunung Madati Diusulkeun Jadi Hutan Konservasi, Tacan Aya Bejana Deui

Sabalikna upama Gunung Dukuh gundul, tatangkalan garing, caina saat, ieu kudu ati-ati, totonden tanah Jawa sangar, bakal cilaka.

Kumaha kaayaan Gunung Dukuh atawa Gunung Dudukuh ayeuna? Masih keneh hejo ngemploh, caina angger ngagulidag.

Amanat karuhun Desa Jagabaya: lamun cai dudukuh saat teang sumberna. Lebah dieu neang ka Cibogor jeung ka Leuweung Gundul.

Wewengkon Gunung Gandul jeung Cibogor teh daerah resapan cai keur Desa Jagabaya sabab leuwih luhur batan wewengkon Desa Jagabaya.

Anu matak, di Gunung Gandung jeung Cibogor ulah aya alih pungsi: upamana jadi paimahan atawa jadi daerah tatanen, kudu angger hejo lembok.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah