Ci Manuk Kuring, Ci Manuk Dikakaya, Tinggal Hariringna

- 18 Januari 2023, 12:00 WIB
Ci Manuk nu ngaliwat ka Kabupaten Garut.*
Ci Manuk nu ngaliwat ka Kabupaten Garut.* /

GALURA - Ci Manuk kaasup walungan nu bagja jeung ngabagjakeun balarěa. Ti mimiti pangeusi pilemburan nu darumuk di wewengkon sabudeureunana, nepi ka nu daratang ngadon arulin ka dinya.

Anu ngadon arulin teh hayang ngararasakeun kaendahan Ci Manuk nu huluwotanana di Gunung Papandayan.

Ci Manuk ngamuara di Laut Jawa, basisir kaler, wewengkon Kabupaten Indramayu, sanggeus ngaliwatan Kabupatěn Garut, Sumedang, jeung Kabupaten Majalengka.

Ci Manuk teh walungan kadua pangpanjangna di Jawa Barat, sanggeus Ci Tarum nu ngamuara ka basisir kaler meneran wewengkon Karawang.

Baca Juga: Warga Kampung Cibeureum, Desa Tanjungsiang, Subang, Masih Ngaleukeunan Bedog Barlen

Max Dauthendey (1867-1918), hiji bujangga Jerman, nulis dua sajak nu dititimangsaan “Garut, 1915”.

Sajakna teh “An děn Cikuray” (Keur Cikuray) jeung “Unter děn Groussen Warringinbaum” (Handapeun Iuh-Iuh Tangkal Caringin).

Cenah mah, Dauthendey nulis ěta sajak, basa mapay-mapay Ci Manuk běh tonggoh.

Di lěngkob Gunung Cikuray nu paeunteung-eunteung jeung Gunung Papandayan beulah kidul, pangpalidan cai Ci Manuk nu caněbrang hěrang.

Caina sakapeung tarik. Sakapeung ngulibek kendor dina leuwi-leuwi pangliwatanana. Leuwi-leuwi anu jadi tempat imahna lauk, lauk has Ci Manuk nu moal aya di walungan sejen.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Leuwi-leuwi bieu tempat baranahan rupa-rupa lauk linghas asli Ci Manuk. Kayaning kancra, jongjolong, gěnggěhěk, soro, balar, lalawak, sěnggal, arělot, keting, jeung sajabana.

Ngondang kapanasaran tukang nguseup sajati, nu narah nguseup di balong, komo di balong nu disadiakeun keur kalangenan mah.

Atuh tatangkalan ogě, tumuwuh subur. Rajeg sapanjang sisi-sisina, boh nu datar boh nu lamping.

Ti mimiti tangkal gehgersorě, secang, kopo, geureudog, awi, nepi ka kiara, bungur, ki hujan, caringin, jeung rea-rea deui jarangkung ngalanglaung.

Rupa-rupa tatatangkal di sisi Ci Manuk teh panonoban sasatoan bangsaning manuk, careuh, oray, sěro, monyět, peusing, jeung sajabana.

Cindekna mah Ci Manuk teh beurat beunghar ku flora, tutuwuhan jeung fauna, sasatoan.

Baca Juga: Guha Pawon Kakoncara, Endah tapi Aheng, Kungsi Kapanggih Rorongkong Manusa Purba

Karasa mangpaatna ku sakur pangeusi kampung katut děsa, nu gegek ti běh tonggoh nepi ka hilir.

Boh pikeun sumber kasab sapopoě, boh pikeun sumber kabeungharan budaya lokal nu mekar ti mangsa ka mangsa.

Hiji kawih dina pupuh Pucung, mindeng dihaleuangkeun ku barudak murid “Sakola Rayat” (SR) taun 1950-an.

Ngagambarkeun kasuka ngala lauk make lintar (kecrik badag), nu němbongkeun kalayeut kadeudeuh manusa jeung alam lingkungananana.

Kawih nu matak ti belat nu kungsi deukeut jeung Ci Manuk:

Hayu batur, urang lintar ka Ci Manuk
Sugan baě meunang
Gěnggěhěk atawa keting
Lamun meunang urang gancang-gancang panggang
Dicocoběk sambarana makě cikur
Uyah, gula, bawang
Diseungitan ku tarasi
Dicocolna ku sangu nu pulen pisan

Génggéhék, keting, soro, bébéong baung atawa sénggal, arélot, beueummata, hampal, kancra, balar jeung rea-rea deui teh lauk asli Ci Manuk atawa walungan-walungan badag séjénna.

Lauk “liar” nu béda ti lauk “aburan” ti balong, kayaning lauk emas, tawés, nilem, tarambakang, jeung sajaba.

Baca Juga: Putri Anjungsari (1)

Ti saprak réa lauk “aburan” jenis rekayasa genetik, kawasa lélé dumbo, jeung bawal, habitat lauk asli Ci Manuk mimiti ruksak.

Lele dumbo baranghakanna rampus pisan. Naon bae diremus. Kaasup sayang paragi ngendog lauk.

Komo deui kahakanan lauk bangsa lélé deui, pangpangna lélé walungan, sénggal, jeung sajabana.

Réa lauk has Ci Manuk bangkar kalaparan, nu balukarna tumpur ludes. Kakayaan lauk Ci Manuk nungtutan laleungitan.

Beuki dieu, walungan Ci Manuk beuki ripuh nandangan panyakit “ěkologi moděren”.

Pangpangna ěrosi, lantaran leuweung di huluwotanna geus rěa dibukbak. Dirobah dijieun kebon, paimahan, tempat wisata.

Ditambah rupa-rupa runtah, boh runtah rumah tangga, boh runtah industri. Tapi nasib Ci Manuk masih kěněh dianggap mujur, dibandingkeun jeung Ci Tarum.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Ci Manuk geus tangtu henteu mawa bagja deui, sarta moal nyayagian deui kabagjaan keur balarěa alatan Ci Manuk digarunasika.

Bongan pamolah manusa, boh kaom “alit” nu ngarasa kadesek ku kaperluan hirup sapopoě nepi ka tega ngaranjah lahan nu sakuduna ditangtayungan.

Boh kaom “ělit” nu ngantep pangrogahala Ci Manuk kalawan rupa-rupa alesan. Invěstasi těa, nyayagian lolongkrang gawě tea, nu matak ngaruksak jiwa katut waruga Ci Manuk.

Ci Manuk nu bagja tur ngabagjakeun, biheung kapanggih deui, sabada nguwak-ngawik němbongkeun kagangasanana kawas kajadian taun 2016 nu kacida pisan rohakana.

Kituna teh sabada ngalawan panandasa manusa nu teu kira-kira, nu sakama-kama, anu telenges, anu taya ras-rasan.

Sanajan kitu, Ci Manuk teu weléh cumarita. Galécok dina wangun dongéng jeung carita, pertanda kakayaan batin nu terus hirup ti mimiti huluwotan nepi ka muara.

Saeutikna, dina panineungan nu hirup di dinya, anu kungsi hirup sagulung-sagalang di Ci Manuk, anu kungsi dalit jeung Ci Manuk.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah