Tradisi Nyadap, Ogoanana Tangkal Kawung, mun Pundung Teu Beunang Diolo

- 16 Januari 2023, 17:05 WIB
tangkal kawung mah kudu asak-asak ngolo, kudu bener-bener diala hatena. Kurang-kurang ngamemenan mah tangkal kawung teh sok pundungan jeung tara bisa diolo.
tangkal kawung mah kudu asak-asak ngolo, kudu bener-bener diala hatena. Kurang-kurang ngamemenan mah tangkal kawung teh sok pundungan jeung tara bisa diolo. /

GALURA -Kira-kira jam satengah tilu sore, Uri, 60 taun, urang Lembur Citamankolot, Desa Sandingtaman, Kecamatan Panjalu, Kabupaten Ciamis Jawa Barat Ahad, dua minggu ka tukang, geus tatan-tatan miang ka kebon.

Lodong nu dijieun tina awi gombong panjangna dua ruas, 70 sentimeteran, geus digantelkeun kana rancatan. Aya tilu lodongna teh.

Lian ti eta, Uri ngaganti bajuna. Tadina mah pakeanana teh beresih, diganti ku baju nu geus rada lawas jeung rada kuleuheu. Naha?

Baca Juga: Lalakon Bioskop Pasifik Sumedang nu Kiwari Jadi Tenpat Usaha, Sajarahna Lain Lalawora

Aya kapercayaan, tukang sadap mun rek nyadap teu meunang make baju alus. Malah cenah, kudu make baju nu angger, ulah gunta-ganti, aya oge nu percaya bajuna teh ulah diseuseuh.

Uri geus puluhan taun kana nyadap teh. Tangkal kawung di lemburna memang kaasup loba, di sisi leuweung Gunung Sawal.

Lembur Citamankolot pernahna teu jauh ti tutugan Gunung Sawal, gunung nu leuweungna kaasup weuteuh keneh. Sasatoanana loba keneh, monyet mah mindeng neangan kahakanan ka pakebonan.

Leumpang muru kebon teh bari ngawangkong, ngeunaan nyadap. “Wah, miara tangkal kawung mah teu beda jeung ka bebene nu masih parawan jekekan,” ceuk Uri.

Baca Juga: Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

Ceuk Uri, ka tangkal kawung mah kudu asak-asak ngolo, kudu bener-bener diala hatena. Kurang-kurangna ngame­menan mah tangkal kawung teh sok pundungan jeung tara bisa diolo.

Memeh nyadap kudu milampah ritual sangkan legenna jugrah
Dina ngaropea tangkal kawung sangkan bisa diala legen atawa lahangna, tukang sadap henteu sagayawah.

Samemehna leungeun tangkal kawung kudu diilikan sangkan bisa ditangtukeun iraha bisa disadapna.

Uri nyebutkeun bijilna caruluk munggaran oge geus bisa disadap. Leungeun kawung atawa gagang caruluk geus meujeuhna panjangna jeung carulukna geus karolotna bisa dipitembeyan.

Teu ujug-ujug kitu wae disadap. Memehna tukang sadap teh ngagelar ritual husus. “Nyuhunkeun ka Nu Maha Kawasa jeung tawasulan ka Nabi Hidir,” ceuk Uri.

Ka Nabi Hadir? “Nabi Hidir dumukna di sisi laut janten aya patalina sareng cai. Ari legen pan mangrupi cai. Tawasulan ka Nabi Hidir supados legenna jugrah, legenna seueur,” ceuk Uri.

Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka

Kajaba ti eta, ceuk Uri, nyarita ka nu ngageugeuh tangkal kawung, lantaran dipercaya unggal tangkal kawung aya nu ngageugeuhna. Saha nu ngageugeuhna taya ngaranna.

Nyarita atawa bebeja tangkal kawung rek dijadikeun pakasaban, tempat nyiar kipayah, keur ngahirupkeun jeung ngahuripkeun anak pamajikan.

Geus kitu mah karek dimimitian ngayun, leungeun kawung diayun-ayunkeun. Saacan ngayun, leungeun kawungna ditalian dina lebah puhu caruluk sarta talina disangsangkeun dina palapah kawung luhureun leungeun kawung.

Panjangna tali gumantung luhurna tangkal kawung. Tungtung tali sina ngarumbay tepi ka handap. Engke mun tangkal kawungna geus disadap, tali teh dipake ngerek lodong.

Pangna ditalian teh, sangkan gerakan ayunana angger, ka kenca jeung ka katuhu, jeung henteu keuna kana tangkal kawung.

Ngayunna meunang sabababara poe. Sakira ngayunna cukup atawa meujeuhna, leungeun kawungna teh ditinggur, ngarah teu teuas teuing.

Ninggurna henteu sakali jeung henteu sapoe, gumantung kana kaayaan leungeun kawungna. Sabada ninggurna cukup, leungeun kawungna diteukteuk, panjangngna dikira-kira, ngan henteu deukeut teuing kana puhu caruluk.

Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!

Ku sabab ditalian tea, waktu dipotong carulukna henteu langsung ngagubra ka handap, tapi katahan ku tali, sarta sanggeus dipotong, dikerek ka handap.

Tungtung leungeun kawung dipopokan heula ku dangdaunan nu meunang miley-miley. Popokna teh daun kaworo bentukna saperti daun nangka atawa ku daun solempat, bentukna saperti daun taleus.

Dipopok teh ngarah caina hade, henteu haseum jeung henteu loba budahna. Nyadap munggaran mah legenna teu ujug-ujug alus jeung teu ujug-ujug jugrah.

Tukang nyadap pantrang ambek, mun ambek tangkal kawung pundung
Ti mimiti ngayun tepi ka nyadapna, tukang sadap henteu dapon, tapi ngestokeun ugeran jeung tata titi peryoga.

Sagala rupana kudu kawas ka kabogoh, kudu rantah-rintih, leuleuy, teu garang gusuh sarta hate ulah geuneuk maleukmeuk.

Ti barang ngayun tepi ka ninggur teu beda jeung lalaki ngadeukeutan parawan. "Tah, ti barang urang neukteuk leungeun kawung, urang teh lir geus jadian, malah geus kawin," ceuk Uri.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Sanggeus jadian oge tukang sadap angger kudu ngestokeun tata-titi peryoga. Mun rek indit paling henteu ngucapkeun asma Alloh, kitu deui rek naek kana sigay.

Sigay dijieun tina awi leunjeuran. Titincakanana puhu regang awi nu henteu diteukteuk kabeh, aya oge sigay nu kawas taraje.

Rek ngalaan lodong jeung nerapkeun lodong, isuk-isuk jeung sore, oge ngucapkeun heula asma Alloh: bismillah.

“Tong wani-wani make seuseungitan mun rek nyadap mah,” ceuk Uri. 

Najan dipapandekeun kana parawan jekekan, tangkal kawung teu resepeun ka tukang sadap nu make seuseungiteun jeung teu resepeun tukang sadap make pakean nu ginding.

Anu oge kudu diestokeun: rek nyadap teu meunang bari boga kakeuheul. Komo keur ambek ka pamajikan mah, dipahing pisan.

Mun keur pasea jeung pamajikan, rek nyadap mah kudu dijanglarkeun. Kudu akur heula jeung pamajikan.

Upama tukang sadap rek neang legen, heg make seuseungitan alamat legenna bakal saat. Kitu deui mun nyadapna bari ngemu kaambek atawa kaheuheul.

“Delitan pisan tangkal kawung mah, ogoan alah batan kabogoh,” ceuk Uri bari seuri.

Kungsi Uri hiji mangsa rek nyadap, burit, bari hate dina kaayaan keur boga kakeuheul ka pamajikanana, na da eta mah isuk-isuk, lodongna teh euweuh legenan. Legenna ngadadak saat.

Teu meunang diakalan, legen angger teu bijil. Estu bener-bener neukteuk mawa anggeus.

Nu matak tukang sadap mah sabisa-bisa ulah babari ambek, ulah ngemu kakeuheul, paling copel mun rek nyadap.

Mun keur aya kaambek atawa boga kakeuheul memeh miang kudu satekah polah meper kaambek  heula. "Janten, tukang sadap mah salabar." ceuk Uri ditungtungan ku seuri.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah