Dokter Cipto Mangunkusumo Saksi Pikaketireunana Sasalad Pes di Malang

15 Januari 2024, 20:26 WIB
DI Malang, Jawa Timur, waktu keur mahabu sasalad pes jaman Walanda, awi nu dipake nyayang beurit didurukan. Imah tina awi dirugrugkeun sarta sarta sarua diduruk.  Sasalad pes di Malang ngalantarankeun korban jiwa lobana 31 rebu urang. Loba dokter Walanda narah ngungkulan sasalad pes di Malang. /

GALURA.CO.ID -Di Den Haad Walanda, waktu keur diasingkeun dr. Citpo Mangun­kusumo nyebutkeun nu keuna ku kasakit sampar atawa pes dikucil­keun ku masarakat. Teu bisa asup ka imah, najan ka imahna sorang­an. Ahirna maot di handapeun tatangkal nu jauh ka lembur.

Ngungkulan mahabuna sasalad pes atawa sampar, taun 1911-1912, Malang, nu teu jauh ti Surabaya, nu keuna ku kasakit dikarantina, diisolasi, dilockdown mun ku basa ayeuna. Urang Malang teu meunang kaluar, atuh urang luar teu meunang indit-inditan ka Malang. Lembur nu kaasup zona merah dikosongkeun, wargana dikarantina di tangsi nu ngahaja dijieun.

Pamarentah Hindia Walanda ma­sang bandera beureum dina lawang sa­keteng, lawang asup, di nu pagebug ku kasakit pes. Salian ti eta, gigireun bandera beu­reum dipasang papan nu ditu­lisanana ku aksara Jawa, make basa Jawa. Eusina ngelingan atawa mere nyaho eta desa keur keuna ku salalad  sampar.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Tulisanana teh kieu mu  disundakeun mah: Di ieu desa mahabu kasakit nu nular pisan, eta kasakit ngaranna Pes. Poma ulah asup ka imah-imah di ieu wewengkon. Entong ngendong di ieu lembur  entong ngantep urang ti ieu lembur ngendong di imah maraneh. Poma ulah make atawa nyokot pakean jeung naon wae ti ieu desa.

Pamarentah Hindia Walanda oge nerbitkeun  buku keur cecekelan dina ngungkulan kasakit pes. Salahsahiji buku judulna Penyakit Pest di Tanah Djawa dan Daja Oepaja Akan Menolak Dia. Ieu buku disusun atawa ditulis ku sastrawan Sunda, DK Ardiwinata. Diterbitkeun di Batavia (Jakarta) taun 1915, penerbitna Volkslectuur.

Masalahna, masarakat di Pulo Jawa, jaman harita tacan loba nu bisa­eun maca aksara laten jeung aksara Jawa. Kurang ti 10 persen tina cacah jiwa di Pulo Jawa nu geus  bisaeun maca teh. Tina kituna sosialisasi make basa tulis, basa Melayu jeung basa Jawa, kurang efektif, kudu dipangmacakeun  ku nu geus bisaeun maca.

Kurangna nu geus barisaeun maca tambah deui tanaga medis kurang pisan lantaran urang dokter Walanda mah embungeun ka Malang,  eta oge aya dokter Walanda nu muka praktek di Malang ngan arang pisan tur tarifna mahal ceuk ukuran warga Malang harita, antukna dukun jadi payu. Loba nu nga­don tatamba ka dukun nu ngu­baranana teu ku cara medis.

Baca Juga: Karajaan Galuh Lolobana Disabit  dina Dongeng jeung Babad

Syefri Luwis, panalungtik sejarah jeung salahsaurang anggota tim nu nyusun buku Pandemi Influenza 1918 di Hindia Belanda nyebutkeun dukun  ngubaranana ku rupa-rupa cara. Di antarana masang gambar atawa lukisan patung Kalamakara nu aya  di Candi Singosari, Malang, dipercaya eta teh panolak bala, diterapkeunana di ding­ding hareup imah.

Pesjati

Ngarasa sasalad sampar nu beuritna kabawa waktu pamarentah Hindia Walanda ngimpor beas ti Myanmar taun 1910, beuki mahabu, pamarentah Hindia Walanda ngeprik mahasiswa STOVIA (sakola calon dokter keur pribumi) semester ahir sina ngungkulan sampar di Malang. Anu daek dika- Malang-keun teu kudu nyieun tesis, langsung lulus.

Salahsaurang dokter bangsa pribumi nu daekkeun ka Malang teh Dokter Cipto Mangunkusumo (1886-1943). Cipto teh lulusan STOVIA, lahir di Pecangaan, Jepara, Jawa Tengah. Datang ka Malang bulan April taun 1911, harita Malang keur meumeujeuhna mahabu kasakit pes. Inyana kaluar asup lembur, nepungan jeung ngubaran nu keuna ku kasakit pes.

Salila ngubaran atawa ngadiagnosis pasien, Cipto  teu make alat pelindung diri (APD), teu make masker jeung teu make sarung tangan. Di salahsahiji lembur nu wargana teu nyesa alatan wabah pes, Cipto nempo orok awewe roroesan di antara layon indung bapana. Gancang disampeurkeun. Dipariksa gemet pisan. Tetela eta orok sehat teu keuna ku sampar.

Ku Cipto eta orok dibawa sarta diadopsi jadi anakna. Dingaranan Pesjati nu hartina kuat tina kasakit pes. Alatan jasana-jasana di ngungkulan sasalad pes di Malang, bulan Agustus 1912, Cipto dileler pangajen bintang “Orde van Oranje Nassau” ku pamarentah Hindia Belanda. Ngan dr. Cipto saterusna jadi aktivitas nu ngajomantarakeun kamerdakaan.

Baca Juga: Peuyeun Kroto ti Kabupaten Ciamis, Dijieun Piopat Poeeun Samemeh Jumaah Kaliwon

Kituna teh sanggeus pindah ka Bandung. Cipto henteu terus ancrub dina widangna, tapi kalah ka jadi wartawan harian de Express jeung  majalah het Tijdschrijft. Tepung deui jeung Douwes Dekker sarta jeung RM Soerjadi Soerjaningrat. Tiluanana nyempad waktu pamarentah Hindia Walanda rek ngareu­ah-reuah saabad nagri Walanda merdeka, 13  Juli 1913.

Ceuk tiluanana eta ngahina ka bumi putra jeung ongkoh deui apan harita Walanda nu kungsi dijajah ku Perancis keur ngajajah Nusantara. Cipto nyieun tulisan nu eusina bumi putra ngaboykot eta acara. Paro taun 1913 tiluanana ditahan. Dianggap ngapropagandakeun anti-pemerintah, tiluanana laju diasingkeun ka bagri Welanda.

Di Den Haag, Januari 1914, Cipto ngadadarkeun pangalamanana jeung hasil panalungtikanana ngeunaan ka­sakit pes jeung kumaha cara ngungkulanana. Judul tulisanana teh De Pest op Java en Hare Bestrijding. Diungkab, kumaha nasib nu keuna ku kasakit sampar, sakumaha nu kasaksianana waktu keur milu ngungkulan sasalad pes di Malang.

“Nu keuna kasakit sampar pikarunyaeun pisan, salian ti kudu nahan kasakit oge dikucilkeun ku masarakat. Teu meunang asup ka imah  najan ka imahna sorangan,  taya saurang oge daekkeun narima. Nu keuna ku sampar ahirna ngiuhan diuk ngahunjar lambar di handapeun tatangkalan nu jauh ti lembur, nahan kasakit jeung ngadagoan  nyawana leupas tina badanna, ” ceuk Cipto.

Anu ngadarengekeun teh pating kalecrek jeung gogodeg, teu nyarang­kaeun kitu kaayaanana. Di nagara Eropa mah kajadian kitu teh dina abad ka-14, sapertilu cacah jiwa Eropa tilar akibat sasalad sampar. Walanda kawiwirangan, siga nu henteu mirosea kana kaayaan nagri jajahanana.

Taun 1915, sasalad pes nerekab ka Solo (Surakarta) tempat buka praktek Cipto  samemeh pindah ka Bandung. Cipto kumejot hayang milu ngungkulan. Waktu menta idin, pamarentah Walanda henteu ngidinan. Meureun Walanda teh bangbaungeun lantaran  Cipto mideng nyieun tulisan nu nyerang pamarentah Hindia Walanda.

Puguh wae Cipto wera. Anugrah bintang “Orde van Oranje Nassau” nu ditarima bulan Agustus 1912 ti pamarentah Hindia Walanda dipulangkeun. Waktu leumpang ngajugjug kantor pamarentah, tanda bintang “Orde van Oranje Nassau” diterapkeun dina bujur calanana. Sakur nu nempona ngalahormat ka lebah bujur Cipto.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler