Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

30 Januari 2023, 16:00 WIB
Ilustrasi kain kafan, mori atawa boeh, hiji barang nu sok dipake media ngirimkeun santet, teluh atawa sihir /Pixabay/weinstock

GALURA – Cek kapercayaan aya lima barang nu sok dipake media ngirimkeun santet, sihir atawa teluh ku boga niat teu hade.

Ku kituna, mun di imah atawa sabudeureunana pareng nitenan aya eta barang bari teu ngarasa neundeun, kaasup ku anggota kulawarga, gancang piceun, singkahkeun.

Najan kitu, urang tetep ulah suudon ka batur, sabab bisa wae barang nu katimuna taya pakaitna jeung santet, sihir atawa teluh.

Baca Juga: Mikawanoh Elmu Sihir, Aya dina Al Quran tapi Haram mun Dipuhit Komo Diamalkeun

Naon wae barang nu sok dipake media keur ngirimkeun santet, sihir atau teluh? Cek ahli Primbon Jawa Mbah Yadi mah aya lima.

Mbah Yadi ngadadarkeun soal eta barang, dina kanal YouTube ESA Production 10 April 2021 nu geus kalarung, nu geus ditenjo ratusan rebu kali tisaprak diupload.

Nurutkeun Mbah Yadi, lima barang nu baris didadarkeun teh, mun enya kiriman ti jalma nu boga niat jahat, bisa ngalantarankeun jalma nu dituju gering parna, remen gering, lumpuh, malah bisa wae nepi ka hanteuna pisan.

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Atawa aya oge nu udaganna hayang ngaruksak rumah tangga, nyaatkeun rezeki, jauh ka jodo, jeung sajabana.

Eta sababna, urang kudu apal kana barang-barangna, jeung sagancangna nyingkeuhkeun barangna mun pareng manggihan di imah atawa pakarangan.

Anapon barangna, nyaeta:

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Kaen mori atawa boeh

Cek Mbah Yadi, kaen mori atawa lawon bodas kasar nu oge sok disebut boeh nu dipake keur ngirim santet, sihir atawa teluh biasana dibentuk mirupka pocong, ditalian. Biasana sok disimpen di pakarangan atawa sabudeureun imah, disumputkeun.

Ieu barang, mun teu gancang disareatan bisa ngalantarankeun jalma nu dituju ngarasa nyeri di bagean sukuna. Bisa wae nepi ka lumpuhna.

Mbah Yadi ngebrehkeun, mun aya barang model kitu, gancang duruk atawa piceun ka walungan nu gede caina.

Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

Tulang

Tulang, bisa oge dipake media keur ngirimkeun santet, sihir atawa teluh. Sabada dieusian energi negatif ku nu boga maksud jahat, eta tulang ngahaja diruang di buruan atawa sabudeureun imah nu dituju.

Temahna ka jalma nu dituju, sok remen ningali makhluk goib jeung imah jadi karasa geueuman, pikakeueungeun.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Buuk

Sajaba ti dua barang tadi, cek Mbah Yadi, buuk oge bisa jadi media keur ngirim santet.

Nurutkeun Mbah Yadi, mun dipake media keur santet, buuk teh biasana ditalian ku benang atawa bola, terus diruang di pakarangan imah nu dituju.

Mun kaliwatan sumawonna katincak, temahna ka nu ditujul nyeri sirah nu pohara nyerina. Biasana, nyeri sirah nu pohara teh karasana ti magrib nepi ka liwat jam 12 peuting.

Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak, Lambang toleransi di Karajaan Demak

Paku jeung beling

Barang sejen nu sok dipake media santet nyaeta paku jeung beling, bisa hiji-hiji, bisa oge campuran duanana.

Sanggeus dieusian atawa dimenyem-menyem ku nu bisa, eta barang, sarua jeung barang sejenna, diruang di pakarangan imah atawa sabudeureunana.

Ieu barang, biasana ngalantarankeun jalma nu jadi tujuan, nyeri saawak-awak atawa nyeri dina bagean awak, sakumaha kahayang anu boga niat jahat.

Baca Juga: Haji Hasan Mustapa (HHM); Birokrat, Sastrawan Sufistik, jeung Ulama “Mahiwal” nu Sosobatan jeung CS Hurgronje

Taneuh kuburan

Nurutkeun Mbah Yadi, santet, teluh atawa sihir nu ngagunakeun taneuh kuburan, kaasup nu paling ngabahayakeun.

“Energi negative taneuh kuburan rohaka naker keur nu ditujul,” cek Mbah Yadi.

Biasana nu tujul sok ambek-ambekan teu puguh, ngamuk teu pupuguh jeung pasea teu pupuguh jeung anggota kulawarga sejenna. Hawa imah ge jadi panas.

Sajaba ti eta, rezeki nu keuna ku sihir, teluh atawa santet taneuh kuburan biasana ngadadak heureut, malah nepi ka beakna pisan.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Gelap da Ditewak ku Ki Ageng Selo

Kitu tah barang nu biasa dipake media ngirimkeun santet, sihir atawa teluh versi Mbah Yadi mah.

Ceuk Mbah Yadi, cara hade keur nyinglar eta pagawean sirik nu dikirimkeun ku jalma jahat taya deui iwal ti deuheus ka mantenNa.

“Urang sing sering ngadunga ka mantenNa, miharep salawasna aya dina panangtayungan,” cek Mbah Yadi. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler