Festival Musik Bambu Jawa Barat Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX, Miara Seni Tradisi Titinggal Karuhun

- 9 Oktober 2023, 05:00 WIB
Pidangan musik nu dikokojoan ku grupna Yoyon Darsono, salasahiji nu midang dina Festival Musik Bambu Jawa Barat alpukahna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat, di Teras Sunda Cibiru, Kota Bandung, Minggu, 8 Oktober 2023.*
Pidangan musik nu dikokojoan ku grupna Yoyon Darsono, salasahiji nu midang dina Festival Musik Bambu Jawa Barat alpukahna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat, di Teras Sunda Cibiru, Kota Bandung, Minggu, 8 Oktober 2023.* /Rameli Agam/Glr/

GALURA.CO.ID. – Festival Musik Bambu Jawa Barat nu digelar ku Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat dibarung ku patékadan geusan miara seni tradisi titinggal karuhun.

Kalawan midangkeun rupa-rupa kasenian tradisi ti sababaraha daerah, Festival Musik Bambu Jawa Barat alpukahna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX téh lumangsung di Teras Sunda Cibiru, Kota Bandung, Minggu, 8 Oktober 2023.

Pangna Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX ngagelar Festival Musik Bambu Jawa Barat téh salasahijina alatan Jawa Barat leubeut ku seni nu bahan waditrana tina awi, boh nu sipatna tradisional boh modéren.

Seni musik tradisi nu waditrana tina awi dina wangun nada pentatonis, di Jawa Barat antarana waé aya angklung buncis, angklung sered, bangkong reang, calung, toleat, calung renteng, jeung nu séjénna.

Baca Juga: Rapat Teknis Kebudayaan 2023 Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX, Tarekah Ngamajukeun Kabudayaan

Ngan hanjakal, ka dieunakeun, saeutik gedéna, kalumangsungan kahirupan éta tradisi seni buhun téh lir nu méh kapopohokeun, teu saeutik masarakat nu teu deui mikawanoh kana titinggal karuhun samodél seni musik nu waditrana tina awi.

Ku kituna, Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Jawa Barat kalawan rukun gawé jeung Komunitas Seniman Tradisi (Komstrad) Jawa Barat, ngagelar Festival Musik Bambu Jawa Barat nu boga téma ‘Melestarikan Tradisi Seni Bihari, Menciptakan Kreasi Seni Kiwari.’    

Ku digelarna Festival Musik Bambu Jawa Barat, dipiharep, masarakat mingkin mikawanoh, ngaaprésiasi, sarta tumuwuh rasa miboga seni budaya di Jawa Barat, hususna jenis musik nu waditrana tina awi, leuwih jauhna enggoning ngawanohkeunana ka entragan ngora.

Kepala Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX Provinsi Jawa Barat, Dwi Ratna Nurhajarini, ngécéskeun, éta Festival Musik Bambu Jawa Barat téh boga maksud geusan ngarojong tujuh agenda ngamajukeun kabudayaan, salasahijina ku cara masilitasan ayana rohang ekspresi seni budaya nu henteu eksklusif.

Baca Juga: Nyangku taun 2023, Wisata Budaya di Ciamis, Aya Atraksi Debus

Muka lolongkrang salega-legana pikeun paraseniman, sanggar seni, padepokan katut komunitas seni, malar paheuyeuk-heuyeuk usaha miara jeung ngamekarkeun seni budaya tradisional di Jawa Barat, hususna seni musik nu waditrana tina awi.

“Lian ti éta, Festival Musik Bambu Jawa Barat gé minangka wahana keur leuwih mikawanohkeun seni tradisi ka entragan ngora, ngahudang apresiasina nu antukna tumuwuh kareueus kana ajén kabeungharan seni tradisional dina beungkeutan kabudayaan nasional,” pokna.

Satuluyna inyana gé mertélakeun, pikeun numuwuhkeun ekosistim kabudayaan, kalintang pereluna rukun gawé atawa kolaborasi sakumna pihak, salasahijina rukun gawé jeung nu salila ieu matéakeun seni musik nu waditrana tina awi minangka titinggal karuhun.

“Alhamdulillah, masarakat sakitu antusiasna, pon kitu deui ti entragan ngora gé loba nu maridang dina ieu festival. Tina Festival Musik Bambu Jawa Barat gé dipiharep mawa mangpaat pikeun karaharjaan masarakat, nguniangkeun paékonomian jeung dunya pariwisata lokal,” ceuk Dwi Ratna Nurhajarini.

Baca Juga: Jadwal Manggung Dalang Khanha Shandhika Giriharja 2 Putu Ade Kosasih Sunarya

Anapon Ketua Panitia Festival Musik Bambu Jawa Barat, Wildan Nirmala, ngébréhkeun, éta festival diiluan ku 12 grup atawa komunitas ti sababaraha daerah di Jawa Barat, katambah aya grup musik kolaborasi milenial.

Festival nu dimimitian ti isuk mula tepi ka soré téh midangkeun Angklung Buncis ti Kabupaten Sumedang, Angklung Sered (Kabupaten Tasikmalaya), Calung Renteng Cipatujah (Kabupaten Tasikmalaya), Calung Jingjing (Kabupaten Bandung), Tarling Klasik (Kabupaten Cirebon), Kunclung (Kabupaten Bandung), Awi Laras (Kota Bandung), Toleat (Kabupaten Subang).

Ogé aya Suling Kreyon (Kabupaten Bandung), Nyiloka (Kabupaten Bandung), Bangkong Reang (Kabupaten Bandung), Karinding Celempung, sarta Sorgawi Prodi Angklung dan Musik Bambu (ISBI Bandung).

“Dina Festival Musik Bambu Jawa Barat gé digelar sawala ngeunaan tarékah miara kalumangsungan seni tradisi, hususna sual seni musik nu waditrana tina awi,” pokna.

Baca Juga: Cara Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

Sedengkeun sesepuh Komstrad Bandung, Jawa Barat, Yoyon Darsono, ngécéskeun, enas-enasna mah urang saréréa téh minangka nu matéakeun budaya.

Méh sakumna hasil kreasi seni budaya mibanda ajén palasapah, antarana waé ajen atikan, fungsi sosial, turta ajang silaturahmi.

Kasenian sajatina bisa numuwuhkeun karakter pikeun ngahontal laku lampah nu leuwih hadé.

“Ulah ieuh ngarasa gengsi mertahankeun seni tradisi urang. Seni tradisi bihari tug kamotékaran kiwari, éta téh nguntun dina beungkeutan nu harmonis. Seni tradisi di Jawa Barat, mungguh luar biasa, kaasup seni musik nu waditrana tina awi,” ceuk Yoyon Darsono.***

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah