Lian ti Arbani Yasiz, ogé aya Anastasia Amalia, nu jadi dubber dina ieu film animasi téh.
"Kalintang bingahna réhing maranéhanana barudak disabilitas jeung yatim téh sakitu gumbirana," ceuk Anastasia Amalia.
Baca Juga: M. Fadjroel Rahman: Antara Puisi, Kazhakstan, jeung Bandung
Film Kiko in the Deep Sea nyaritakeun kahirupan Kiko jeung babaturanana di jero laut.
Diwangun ku misi silitulungan, ogé aya hiburan, carita Kiko, Tingting, Poli, Patino, Lola, Karkus, sarta Pupus gé nodél kana tarekah ngungkulan ruksakna ekosistem di Kota Asri di jero laut.
Éta carita Kiko dipiharep ngahudang imajinasi barudak kana lalampahan geusan nyalametkeun tur ngajaga ekosistem laut.
Di sagédéngeun éta, tuwuhna sikep nguntun sosobatan jeung réla bajoang pikeun terus ngabéla kahadéan.
Ku leuwih jero mikawanoh lingkungan laut, dipiharep barudak gé mingkin sumanget geusan ngajaga kaberesihan kahirupan nu aya di laut.