Panineungan Adang S, Tentara Pangarang Sunda Dijeujeuhkeun ku Mh Rustandi Kartakusumah

- 17 Februari 2023, 09:30 WIB
Dua di antara sakitu reana karya Adang S, tentara nu oge pangarang Sunda, dijeujeuhkeun ku Mh Rustandi Kartakusumah.
Dua di antara sakitu reana karya Adang S, tentara nu oge pangarang Sunda, dijeujeuhkeun ku Mh Rustandi Kartakusumah. /

GALURA -Haji Adang S, pangarang Sunda jeung tentara, pupus Saptu 15 Februari 2020, di Bandung. Adang S mimiti ngumumkeun tulisan mangrupa carita pondok, taun 1966 dina majalah Mangle nu harita pimredna Mh Rustandi Kartakusumah.

Kabeneran harita, Mh Rustandi Kartakusumah getol pisan neangan bibit-bibit anyar pangarang Sunda. Nu katémbong aya anleh, diatik dididik tur dijeujeuhkeun, saurang di antarana Adang S.

Salian ti Adang S, pangarang Sunda sejenna nu diasuh ku Mh Rustandi Kartakusumah: Aam Amilia, Ningrum Julaéha, Suhana Darmatin, R.A. Samassaputra, Saleh Danasasmita, jeung rea-rea deui.

Baca Juga: Putri Anjungsari (30), Ku Maung nu Disambatna Suba Dibawa ka Tempat Putri Anjungsari Reureuh

Dina karangan-karanganana, Adang S maké ngaran Kopda (Kopral Dua) Adang S. Nu matak terus baé katelah “Pa Kopral”, najan pangkatna geus naék kana sersan.

Beh dieu dina karanganana teu maké ngaran Serda Adang S. Malah saterusna mah, pangkat kamilitéranana tara ditulis deui, ukur Adang S.

Adang S kawilang produktip nulis najan bari sibuk ku tugas kamiliteran nu sakitu padetna. Salian ti dina “Manglé”, tulisanana sumebar dina Giwangkara, Hanjuang, Gondéwa, Galura, jeung sajabana.

Dina basa Indonesia tulisanana dimuat dina Buana Minggu, Pikiran Rakyat, Gala, Galamedia, jeung rea-rea deui.

“Nulis teh kajurung ku campuna perasaan teuneung ludeung jeung sieun keur nyanghareupan musuh,” cuk Adang S, dina salasahiji wangkongan.

Baca Juga: Sompral, Suaban Ngandung Gambaran Kasombongan, Kudu Disinglar, Matak Cilaka

Minangka anggota pasukan infantri “barét héjo” (Batalyon 330/Kujang I Siliwangi, saterusna jadi Pasukan Kostrad), Adang S mindeng ditugaskeun di medan pertempuran.

Adang S milu numpes karaman pimpinan Karto Suwiryo (1962), Kahar Muzakkar (1964), nepi ka Timor Timur (1975).

Pangalamanan ngepung Kahar Muzakkar di paleuweungan Sulawesi Selatan, dicaritakeun dina novel “Ngepung Kahar Muzakkar” (1983).

Buku sejenna nu ngandung latar kasang kamilitéran, kumpulan carpon “Amanat dina Congo Bedil” (1979).

Judul-judul buku karya Adang S nu kacatet dina wanda carita barudak: “Dang Umar ti Situraja” (1988), “Ngungsi” (1989), “Budak Calakan” (1990), jeung sajabana.

Baca Juga: Dongeng Kawenehan di Walungan Cimanuk, Nempo Widadari Ngarojay di Leuwi Batuputri

Sajaba ti sibuk ngarang, Adang S ogé boga karep nurunkeun kabisana ka saha baé nu hayang bisa ngarang. Nya ngadegkeun “Kursus Ngarang Basa Sunda” (1986).

Ketak Adang S, dirojong ku para pangarang séjén, di antarana Abdullah Mustappa, Aam Amilia, Eddy D Iskandar, jeung Duduh Durahman.

“Kursus Ngarang Basa Sunda” lumayan ogé ngalahirkeun para pangarang jeung jurnalis atawa wartawan.

Taun 1988, “Kursus Ngarang Basa Sunda” dirobah jadi “Caraka”. Lantaran ngantorna nébéng di Proyék Sundanologi, Gedong Merdéka, Bandung, maké émbél-émbél “Caraka Sundanologi”.

Garapanana ngalegaan. Lain ngarang atawa sastra wungkul, tapi ngambah kum kagiatan seni-budaya. Utamana, teatér (drama), boh modern, boh tradisional (teater rayat samodél longsér), katut seni pintonan séjénna.

Kantorna pindah ka gedong YPK Jl.Naripan, tapi ngaran “Sundanologi” mah henteu dilésotkeun.

Baca Juga: Mapag Poé Basa Indung 21 Februari 2023, Hadi AKS: Basa Sunda Terus Mekar Luyu jeung Pajamanan

Salah sahiji garapan “Caraka Sundanologi” nu kawilang suksés, nyaeta “Sisindiran”. Aya taunna ditayangkeun ku TVRI Bandung unggal minggu.

Sisindiran pada mikaresep, teu kaéléhkeun ku “Inohong ti Bjongrangkong”, drama komédi karya Rahmatulloh Ading Affandi (RAF), nu sarua jadi “mascot” tayangan TVRI Bandung.

Naskah “sisindiran” nu sok dipintonkeun ku “Caraka Sundanologi” di TVRI Bandung, dikumpulkeun dina buku “Sisindiran” karya Adang S (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2015).

Para alumni “Caraka Sundanologi” sumebar sarta aktip di mamana. Dina dunya sastra, téater, film,katut entertainment séjénna. Salah saurang di antarana, Rinrin Candraresmi, aktris téater, narator puisi.

Berkah kagiatanana dina seni budaya, Adang S kungsi meunang Anugraj Budaya Walikota Bandung (2014) jeung Hadiah Rancagé pikeun jasa kana basa katut sastra Sunda (2016).*** HM Usep Romli

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah