Ida Widawati, Ngigelan Jaman ku Mageuhan Seni Tradisi

- 4 Februari 2023, 07:54 WIB
Ida Widawati.*
Ida Widawati.* /CKs/

GALURA – Kumaha kahirupan seni tradisi degung jeung tembang Sunda Cianjuran dina pajamanan kiwari?

Mun éta pananya ditepikeun ka Ida Widawati, giak pisan ngajawabna téh, ”Rada keueung, Kang,” pokna, basa ditepungan ku Galura di panganjrekanna, Jl. Cangkuang 2/1, Komplék Pharmindo, Kota Cimahi Selatan.

Nurutkeun ieu juru tembang petingan nu gumelar di Garut, 7 Januari 1956, téh, pidangan tembang Sunda Cianjuran jeung seni degung dina éra milenium kiwari geus meh pareum. Kawuwuh, para tokohna loba nu geus tilar dunya atawa nu umurna geus cueut ka hareup.

Nu matak pikangangreseun téh deuih, nurutkeun Ida Widawati, tembang Sunda Cianjuran jeung seni degung  alam kiwari geus arang nu maké.

Baca Juga: Ida Widawati, Sataun saméméh Manggung Ngaranna geus Dibéwarakeun

“Kiwari mah pidangan seni degung sareng Cianjuran, arang didangukeun kalawan daria dina acara-acara petingan, ukur marengan nu keur tuang-leueut dina hajatan,” pokna semu ngangres.

Padahal, ceuk Ida Widawati, sawatara taun ka tukang mah, mangsa Solihin GP jadi papayung di Jabar, méh saban peuting di Gedong Pakuan, di Gedung Sate, di sawatara hotél, jeung tempat-tempat pakumbuhan jalma atawa dina acara petingan, tembang Sunda Cianjuran jeung seni degung, teu weléh midang, mapaésan acara nu daria.

Bawirasa, ceuk Ida Widawati, alam kiwari, beunang disebutkeun jamanna nu hésé néangan nonoman Sunda nu daék diajar, neuleuman seni tembang Sunda Cianjuran jeung seni kawih dina wanda degung.

“Kahirupan seni tradisi kaléléd ku kahirupan seni nu warnana sarwa modern, anu hirupna subur makmur,” ceuk ieu juru tembang  nu geus ngahasilkeun 20 album rékaman kawih Cianjuran jeung kawih degung, anu karyana ditalungtik langsung ku panaliti asing téh.

Ida widawati.*
Ida widawati.*

Baca Juga: Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

Sakuduna, masarakat Jawa Barat ti sakumna pranata sosial kudu ngarasa reueus, gedé kanyaahna kana kahirupan seni tradisi, babakuna Cianjuran jeung seni degung. Jawa Barat, ceuk Ida Widawati, beunghar pisan ku kahirupan seni tradisi.

“Urang téh kedah muji syukur, Tatar Sunda euyeub pisan ku kahirupan seni tradisi, seni nu modél kumaha aya jeung prakna. Urang gaduh kawajiban pikeun miara, ngariksa, sareng  ngajagana,” pokna.

Dina hirup kumbuh alam kiwari, di Tatar Sunda loba pisan pidangan seni tradisi anu kaayaanana mungguh pikahariwangeun. Samalah, beunang disebutkeun geus diapialinkeun.

Tapi, mun kasenian tradisi dibekel,  dipidangkeun di masarakat luar negeri, dina panitén Ida Widawati, loba nu reueus, tepi ka teu saeutik seniman mancanagara nu nyusul tepus ka Tatar Sunda, neuleuman ajén-inajén kasenian tradisi.  

“Jujur, reueus tur sedih mun ningal urang mancanagara torojogan ka Bandung, ka Tatar Sunda, mung saukur rék neuleuman seni Cianjuran sareng degung. Ari urang nu dumuk di Tatar Sunda, haré-haré kitu baé. Kirang rasa mibanda,” pokna.

Pikeun miara, ngariksa, jeung ngajaga kahirupan seni tradisi Cianjuran, seni degung, jeung pidangan seni séjénna, pamaréntah ulah cicingeun, cenah.

”Pamaréntah kedah maparin sarana katut prasarana, kanggo seniman tradisi némbongkeun ketakna, ideuna, karyana,” ceuk Ida anu miguru tembang Sunda ka Abu Sumekar, Mang Maman, Mang Engkos, Apung SW, Atéh, jeung Euis Komariah teh. Malah, ka almarhumah Euis Komariah mah, cenah, lian ti guru nembang téh geus dianggap lanceuk, guru hirup, jeung motivator Ida ti taun 1974 kénéh tug tepi ka tilarna.    

Album kaset
Album kaset
 

Baca Juga: Nénéng Dinar Ngajarkeun Tembang Sunda di Ranggon Cijagra

Sangkan seni Cianjuran, seni degung, katut seni tradisi nu séjénna bisa tetep hirup, nurutkeun Ida, lian ti dibéré sarana jeung prasarana ku pamaréntah, seniman gé kudu dibéré tempat pikeun midangkeun karyana.

Payus pisan, ceuk Ida Widawati, mun dinamika jaman malar meredih kasenian tradisi kudu hirup babarengan kolaborasi jeung seni modérn midangkeun kaunggulan senina nu leubeut ku kréativitas jeung kacanggihan téknologi.

“Kolaborasi kréatif antara seni tembang Sunda Cianjuran sareng seni degung, adumanis sareng seni modérn, jadi jalan alternatif pikeun kamekaran sareng kamajuan seni tradisi,” pokna.

Atuh, kurikulum pendidikan ti mimiti tingkat dasar tepi ka tingkat paguron luhur, Ida miharep, diwajibkeun ku pamaréntah sangkan aya atikan kasenian tradisional, saperti pangajaran tembang Sunda Cianjuran, degung, rampak sekar, tari Sunda, ibing klasik, jeung sajabana.

Ida gé miharep, saban seméster atawa dina sataunna aya dua kali pasanggiri kasenian Sunda. Hadiahna munel, jurina ulah asal-asalan.

“Ceuk panitén simkuring mah, ku jalan kitu bakal kajaga hirup-kumbuhna kasenian Sunda téh,” pokna.***

Baca Juga: Putri Anjungsari (17)

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah