Dilélér Penata Musik Film Terpuji FFB 2023, Purwacaraka: Melesatna Teknologi Film Numuwuhkeun Kreativitas

3 November 2023, 16:19 WIB
Purwacaraka, Penata Musik Film Terpuji FFB 2023.* /Cecep KS/Galura/

GALURA.CO.ID. – “Pikeun sim kuring, genre musik lain waé wirahmana nu ngayun-ngambingkeun rasa, instruménna betah didéngékeunana. Sajabaning kitu, ku cara ngadéngékeun jeung neuleuman musik, temahna bisa ningkatkeun IQ individu hiji jalma. Ku anteng ngadéngékeun genre musik nu rageman, jalma bisa jadi calakan, lantaran pamikiranna nu tenang, ngaronjatkeun produktivitas, ngaleungitkeun kasakit stress sistem tubuh ge jadi stabil, kadar serotonin otak jadi mingkin ngaronjat nu ngadorong kana tumuwuhna sumanget diajar jeung tumuwuhna sumanget nyieun karya dina sagala widang.”

Éta kekecapan téh ditembrakkeun ku Ir. Purwacaraka, Jumaah (27/10/2023) waktu ditalek ku Galura, saréngséna inyana narima pangajén Penata Musik Film Terpuji, pikeun film Miracle in Cell No 7, dina Féstival Film Bandung (FFB), di Téater Tertutup Taman Budaya Jawa Barat, Jl. Bukit Dago Selatan, Kota Bandung.

Ku lantaran cepeng pageuh kana kayakinanana, ieu panata jeung komposer musik téh moal incah balilahan rék tetep hirup dina dunya musik. “Lian ti ngaran sim kuring nu nanjung alatan kreativitas hirup dina musik, sim kuring masihan nafkah ka kulawarga gé salami ieu pan tina musik,” pokna.

Baca Juga: Film jeung Narafilm Terpuji Festival Film Bandung Ka-36 Taun 2023

Alatan tina musik, ngaran Purwacaraka salila ieu  ngabelesat ka awun-awun. Catur rangga gaul hirup dina musik, geus nempatkeun ngaran Purwa –kitu nénéhna—minangka panata musik petingan di tingkat Nasional tepi ka tingkat internasional. Orkéstra nu dipingpin ku Purwa remen manggung di mancanagara. Matakna, saking ku padetna jadmal manggung, Purwa sok ati-ati pisan mun rék nyieun jangji wawancara atawa aktivitas séjénna. “Bilih pagedrug sareng jadwal manggung, matakna abdi tara waka jangji téh. Pami jangji, heug  bolay, engké janten kuciwa,” pokna.

Ngaran dirina nu geus kawilang nanjung, teu ieuh ngarobah watek dirina nu teu weléh handap asor, hirup campur gaul jeung sasama. “Dina campur gaul mah sim kuring tara ngawatesanan, sareng sasaha gé moal baha, malih rumaos tina campur gaul éta abdi seueur mendakan ide kanggo kapentingan kreativitas musik,” pokna.

Malahmandar aya nu neruskeun lacak dirina, tepi ka kiwari Purwa geus muka 80 cabang sakola musik nu sumebar di sakuliah Nusantara. Ngaranna, Purwacaraka Music Studio (PCMS), munggaran diadegkeun taun 1988.

“Lian ti nyiptakeun insan-insan musik nu poténsial jeung unggulan, udagan PCMS milu ngatik anak bangsa sangkan jadi manusa-manusa nu cerdas dina sagala rupa widang profési, pamiangan kacerdasanna diasah tina resepna ngagugulung musik jeung kréativitas senina,” pokna.

Baca Juga: Festival Film Bandung (FFB), Festival nu Ngahudang Jati Diri Bangsa

Jeung lain ukur carita. Meh 30 taun ngadegna PCMS geus ngalahirkeun insan-insan musik nu mibanda talénta jeung préstasi nu kawilang luar biasa. Sebut wé, Rossa jeung Afgan, dua penyanyi nu préstasina kawilang nyongcolang. Lian ti Rossa jeung Afgan, siswa didik jebolan PCMS, Putri Ariani, nu sawatara waktu kaliwat nukil préstasi Golden Buzzer, America’s Got Talent 2023. Ku alatan préstasina, ieu murid Purwacaraka téh diogan manggung di Istana Negara, miéling Kemerdekaan Republik  .

Lain éta waé préstasi PCMS téh. Di antarana, PCMS ngalélér gelar Gold Diploma Level 1, Michelangelo Internasional Music Festival di Italia, ngalélér 2 Gold Medal With Distinction, 9 Gold Medal, 11 Silver Medal jeung 1 Bronze Medal, nu sakabéhna lumangsung dina acara Asia Pacific Arts, di Penang, Malasyia taun 2022.

Minangka agénda taunan, PCMS mayeng ngayakeun konsér siswa katut festival musik, saperti, Youth Friendship Festival tingkat internasional nu diayakeun di Bali, Séptémber 2023 kaliwat. Kitu deui, annual conser, jejerna Sympony Kemerdekaan. “Annual Conser, ajang wajib kanggo siswa mintonkeun kaparigelanna dina maén musik, genre musik naon baé,” ceuk Purwa.

Baca Juga: Pangajen Manusastra 2023 ti Bupati Bandung pikeun Para Tokoh Basa jeung Sastra Daerah

Atuh, basa narima pangajén Penata Musik, ieu komponis nu gumelar di Beograd, Serbia, 31 Maret 1960, ti kulawarga Kolonel TNI Purn. H. Soedjono Atmotenojo jeung Ibu Hj. Soejarni Oesoep, jawabanna kawilang sederhana, tukuh nyieun karya dina hiji kayakinan. ”Kayakinan, karya kuring bisa mangpaat keur nu mikaresepna, kréatif jeung artistik,” pokna.  

Ngadahup ka Sri Susanti nu geus méré tilu turunan téh, Purwa nembrakkeun kareueusna melesatna kamekaran téknologi. “Karasa mangpaatna,” pokna.

Ku canggihna téknologi, Purwa ngaku, kréativitas dirina kabantu pisan. “Kolaborasi jeung orkéstra teu merlukeun indit ka Praha, keur ngalaksanakeun pancén nata musik film Miracle in Cell No 7,” pokna.

Ti saprak nyieun musik keur ilustrasi sinetron Si Doel Anak Sekolahan jeung sawatara film séjénna tepi ka film Miracle in Cell No 7 nu ngahontal 6 juta panongton, ngandung harti pancén gawé dirina diajénan. Ayana platform streaming, muka lolongkrang ilustrator mingkin lega ambahanna.

”Ku ayana OTT, kréator mingkin laluasa nyieun produksi film, tangtuna seniman ilustrator musik jadi kabawa, boga hanca garapan nu maneuh.***    

Baca Juga: Stadion Si Jalak Harupat 100 Persen Siap, Tiket Piala Dunia U 17 Paling Murah Rp 30 Rèbu

        

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler