Kabayan Ngalanglang Jaman (17) : Cai Ramuan Bahasa Saalam Jagat

- 20 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

SANGKURIANG asa kaingétan. Manéhna rumpu-rampa kana jero kanjut-kundang anu ti tatadi dibawana.

Nempo pamolah Sangkuriang kitu peta, Profésor Kabayan ukur olohok.

“Néangan naon, Sangkuriang, bet rumpu-rampa kana kanjut-kundang?”

Sangkuriang teu némbalan, angger anteng kana kanjut-kundangna.

Teu lila Sangkuriang nyéréngéh.

Tina jero kanjut-kundang téa, Sangkuriang ngaluarkeun pelés ukuran sedeng.

“Asa kaingétan, Ki Kabayan. Kaula téh boga ieu, yeuh…,” ceuk Sangkuriang bari tuluy némbongkeun éta pelés ka Profésor Kabayan.

Baca Juga: Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, Ngaprak ka Gandrungmangu Cilacap, Kapamingpin Zaman Pajajaran

Baca Juga: Calon Jamaah Haji ti Majalengka nu Pangsepuhna Umurna Saabad Kurang Lima Taun

“Naon éta téh?”

“Pelés…”

“Enya, pelés. Kami gé nyaho éta mah… Ngan maksud kami téh…”

“Ieu pelés téh…,” Sangkuriang teu maliré omongan Profésor Kabayan, “… eusina Cai Ramuan Bahasa Saalam Jagat…”

“Cai Ramuan Bahasa Saalam Jagat? Nanahaon éta téh?”

“Ku ngeclakkeun cai saeutik tina ieu pelés kana tungtung létah urang, teu nunggu waktu lila urang bisa langsung ngarti kana bahasa-bahasa sakabéh manusa di ieu alam dunya.”

“Piraku?” Kabayan tambah olohok. “Lain ngomong ti tatadi atuh!”

“Nyasat ari inget mah. Nyéta poho. Urang coba, nya.”

Sangkuriang langsung ngeclakkeun cai éta ramuan kana tungtung létahna. Geus kitu langsung dibikeun ka Profésor Kabayan. Geuwat Profésor Kabayan nurutan laku Sangkuriang, ngeclakkeun cai ramuan kana tungtung létahna.

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Nénjo pamolah nu duaan kitu peta, Odipus nyel keuheul. Ngan manéhna teu bisa kukumaha, teu bisa ngabudalkeun amarahna, bisi enya éta nu duaan téh déwa ti alam kayangan.  

“Naha andika duaan téh bet teu ngajawab pananya kaula? Arandika teu ngadéngé omongan kaula, kitu? Atawa… api-api teu ngadéngé…, api-api torék?” Najan diwani-wani ngajak ngomong ka nu duaan, Oidipus ngomongna rada ati-ati.

“Tah, enya geuning, Sangkuriang… ayeuna mah omongan manéhanana téh mungguh kaharti,”  Profésor Kabayan rada ngaharéwos ka Sangkuriang, semu nu atoh.

Tuluy pokna ka jalma anu nanya téa, “Duh, hampura, Ki Silah… Kami téh tadi reuwas ka reureuhnakeun, nu matak tadi teu bisa langsung ngajawab pananya andika. Nanya naon tadi téh, Ki Silah?”

"Saha ari arandika duaan? Naha andika duaan téh... déwa anu diutus pikeun ngahukuman kaula? Naha andika duaan téh utusan Déwa Zeus putra Kronos?"

"Emh, luhur teuing atuh, Ki Silah, nyebut kami déwa mah. Kami duaan mah manusa biasa anu teu daya teu upaya, teu béda jeung anjeun."

"Ari kitu, saha atuh arandika téh?" omong Oidipus deui, ayeuna mah sorana rada teugeug, geus teu ati-ati deui kawas tadi. Jaim, ceuk kaum milenial mah.

"Kami duaan téh datang ti Tanah Sunda...," ceuk Sangkuriang, milu ngaréwong.

"Ké heula, Ki Sangkuriang, tong waka milu nyarita, bisi salah diterangkeun ku andika mah," Profésor Kabayan ngagebés.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (16) : Duh, Cilaka, Sangkuriang!

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (15) : Ramalan Orakel Apolo di Delfi

Dikitukeun ku Profésor Kabayan, jep baé Sangkuriang jempé. 

"Tanah Sunda? Di mana Tanah Sunda téh?"

"Jauh temen ti dieu mah. Ieu téh Nagri Yunani, nya?" Profésor Kabayan malik nanya.

"Enya. Teu salah!"

"Ké, ari andika saha téa?"

"Tong waka loba tatanya, ari andika can nerangkeun saha andika mah! Jeungna deui, ku naon arandika bet wani-wani ganggu ka kaula anu wawuh gé kakara ayeuna, di dieu pisan?!" omong Oidipus teugeug deui baé.     

"Hadé atuh ari kitu mah," ceuk Profésor Kabayan bari tuluy méré isarah ka Sangkuriang, ngajak ngadeukeutan Oidipus.

Oidipus geuwat taki-taki, bisi pihak itu narajang.

Nya kitu deui Sangkuriang, sarua masang jurus.

Nénjo pamolah Oidipus anu kitu peta, éstu waspada kabina-bina, Profésor Kabayan ukur nyéréngéh. Tuluy ngiceupan ka Sangkuriang anu sarua waspadana jeung Oidipus.

"Kadé, Lur, ieu mah lain lembur urang. Sasatna urang téh sémah. Waspada mémang kudu, tapi urang tetep kudu ngajénan ka pribumi," ceuk Profésor Kabayan.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (14) : Oidipus, Nanggung Dosa ti nu Jadi Bapa

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (13): Cape Haté, Capé Pipikiran

"Hampura, Ki Silah. Kami duaan can ngawanohkeun diri ka andika. Kami Kabayan, ari ieu mah Sangkuriang," ceuk Profésor Kabayan ka Oidipus, bari tuluy ngajak sasalaman. Sangkuriang gé pipilueun, ngajak sasalaman.

"Sangkuriang? Kabayan? Bet ku araranéh ngaran téh!" omong Oidipus kerung.

What is a name… Kapan kitu ceuk Shakespeare gé,” omong Profésor Kabayan. “Aéh kétah, teu kudu nyabit-nyabit Shakespeare, da tangtu moal nyaho andika mah. Ari andika téh saha téa?”

"Kaula Oidipus!"

"Oidipus?!"

"Enya, Oidipus!"

"Oidipus anu disupata téa ku déwa?" Profésor Kabayan teu bisa nyengker omonganana.

Ngadéngé kitu, Oidipus kagét kabina-bina. 

"Ké, ké heula. Ari andika téh saha atuh sabenerna?! Déwa anu nyamur jadi manusa?" ceuk Oidipus tambah waspada.

"Tong sieun, Lur, kami duaan téh ti Nagri Sunda, datang ti abad nu bakal datang, abad jaganing jaga ti mangsa nu ayeuna. Jadi, lain asal-muasal baé anu béda téh, tapi kami duaan téh hirup dina jaman anu béda jeung andika." 

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (12): Teu Lipur tina Kasedih

Oidipus olohok. Profésor Kabayan surti, tuluy ngalieuk ka Sangkuriang.

"Tah, batur kami gé nu ieu, hirup dina jaman nu béda jeung kami..."

"Jaman nu béda kumaha, maksud andika?"

"Hésé mun diterangkeun mah, Lur, moal kaharti ku logika..."

"Moal kaharti ku logika?"

"Akal pikiran. Moal katepi ku akal pikiran..."

"Naha?"

"Ulah nanyakeun naha, da mun seug diterangkeun gé weléh bakal pilieureun..."  

"Andika mah bet ngalilieur kaula, geuning!" omong Oidipus teugeug deui baé. "Nanya itu, hésé da teu kaharti ku akal pikiran, nanya ieu bakal pilieureun. Geus wé ayeuna mah cokot singgetna atuh! Ku naon andika jauh-jauh ti Tanah Sunda, bet ngalanglang ka dieu?!" 

Profésor Kabayan garo-garo teu ateul. Melong sakedapan ka Sangkuriang.

Anu dipelong gé sarua bingungna deuih, malah leuwih-leuwih ti bingung, kumaha cara nerangkeunana sangkan ituna ngartieun.    

"Ngajawab pananya ti andika bieu, sarua kami duaan gé teu bisa nerangkeun anu leuwih écés. Da jawabanana gé sarua bakal ngalieurkeun andika," omong Profésor Kabayan, bari angger garo-garo teu ateul.

"Har... teu puguh andika mah! Anu lieur téh kaula atawa andika?!"

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (11) : Sapu Nyéré Pegat Simpay

"Keur kami mah teu matak lieur, da kami nu ngalakonanana. Lieur sotéh mun seug kudu nerangkeun."

"Geus wé atuh supaya teu matak lieur mah, sebutkeun wé ku andika, naha andika bet kawas nu wawuh ka ngaran kaula?!"

"Tah, lebah dieu mah, kami bisa ngajawab. Henteu lieur deuih ngajawabna gé..."

"Montong bulat-beulit! Ti mana andika wawuh kana ngaran kaula? Da ceuk pangrasa mah, asa kakara ayeuna kaula panggih jeung andika téh..."

"Enya, ari panggih mah kakara ayeuna. Tapi kami nyaho kana ngaran jeung kahirupan andika anu sagemblengna."

"Nyaho kahirupan kaula? Nyaho ti mana?"

"Tina buku mitologi Yunani, tina literatur-literatur, tina sakumna karya seni, kaasup seni sastra..."

"Ké heula! Sohor kitu ngaran kula téh?"

"Is, lain sohor deui kulan, tapi... hooor wéh."*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (10): Cinta jeung Pangorbanan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah