Sahur On The Road di Pusat Kuliner Sate Maranggi

5 April 2023, 03:00 WIB
Tukang sate di pusat sate maranggi di Plered Purwakarta ngaladenan nu rek saur, Rebo janari (05/04/2023). /Nanang S/Galura

 

GALURA -Coba geura saur di pusat sate maranggi di Plered Purwakarta. Kitu ceuk Ki Sobat ngasongkeun kamandang mun hayang ngarasakeun Sahur On The Road dina Bulan Suci Ramadhan di tempat anu beda jeung umumna di Bandung.

Plered Kabupaten Purwakarta teh tempat medalna sate maranggi nu kajojo ka mamana. Di Plered geus lila dibangun pusat kuliner sate maranggi, di tukangeun Stasion Plered, paeunteung-eunteung jeung kantor Kecamatan Plered. Dina Bulan Suci Ramadhan bukana rek deukeut ka magrib tepi ka jam 4 subuh. Tina kituna ceuk Ki Sobat bisa keur Sahur On The Road.

Ari lain Bulan Suci Ramadhan mah pusat sate maranggi di Plered teh bukana 24 jam. Beurang peuting. Ngan anu dagang ti jam salapan peuting tepi ka isuk-isuk mah tara leuwih ti lima jongko. Dina bulan Ramadhan ti beurang mah kabeh oge tarutup. Tara aya nu wanieun muka kawantu Plered teh daerah santri. Marukana ti rek buka tepi ka wanci saur, ngaladenan nu rek Sahur On The Road.

Baca Juga: Selfie jeung Ningali Pamandangan Endah ka Jauhna ti Sasak Cincin, Jatinangor, Sumedang

Sahur On The Road teh bisa kalaksanakeun Rebo, 5 April 2023. Ti Bandung miang make kareta api lokal Cicalengka - Purwakarta nu miang ti Cicalengka jam 9 peuting. Naek ti Stasion Bandung. Kareta anjog ka Stasion Bandung jam satengah sapuluh peuting. Miangna deui jam 22.16 WIB.

Kareta teh kosong. Dina sagerbong ukur aya sababaraha urang. Atuh dina korsi jok keur tiluaneun bisa sare. Henteu hariwang stasion nu dituju kaliwat pedah kasarean, lantaran unggal rek eureun di stasion patugas PT KAI ngabejaan.

Sare dina bangku kareta lumayan tibra. Tapi ari sora patugas nu ngabejaan mun kareta api rek eureun mah kadenge hawar-hawar. Bisi kapulesan masang alarm dina hp, pisapuluhmeniteun deui kareta anjog ka Stasion Plered. Dina jadwalna mah kareta tepi ka Stasion Plered teh jam 00.03 WIB.

Kareta ayeuna mah bener-bener tepat waktu, datangna ka stasion nu dieureunan luyu jeung jadwalna. Kareta tepi jeung eureun di Stasion Plered jam 00.03 WIB. Loba oge nu turun di Stasion Plered. Malah rea nu sigana rek ngadon saur di pusat sate maranggi Plered.

Baca Juga: Lamping Buligir, Potensi Wisata Nu Tacan Kapalire

Ditempo, di pusat sate maranggi rea nu buka. Sababaraha kandaraan pribadi jeung motor ngabagug di tempat parkir. Ku sabab peuting keneh, ngoreleng heula ka masjid Baeturohim Plered, gigireun kantor Kecamatan Plered, kaheuleutan ku jalan.

Kasampak di buruan masjid sababaraha santri keur nyieun panggung. Saptu, 8 April 2023, digelar acara panutupan pasantren Ramadhan nu diayakeun ku Masjid Baeturohim. Panto masjid oge dibuka keneh. Ari lain bulan Ramadhan mah ti sarengsena solat isya oge geus dikoncian. Dibukana deui rek solat subuh.

Jam dua janari muru pusat sate maranggi. Kasampak loba nu masih keneh buka. Mobil jeung motor loba nu diparkir. Ngan ari nu ngadon saur mah tacan aya. Sigana ngadagoan waktu ahir saur. Loba nu ngadon kukurilingan heula.

Jam tilu janari narungtutan daratang nu rek ngadon saur teh. Dariuk dina bangku jongko. Tukang sate hideng mangmeuleumkeun sate terus diwadahan kana piring. Sanguna sangu timbel, dibungkus ku daun cau meunang ngaleumpeuh.

Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

Salahsaurang tukang sate nyebutkeun nu ngadon saur di pusat sate maranggi rata-rata urang luar Plered nu ngahaja ka Plered rek saur. Teu saeutik deuih nu nyarimpang di satengahing lalampahan.

Bulan Suci Ramadhan najan ti beurang mah tutup tukang sate maranggi di Plered angger rek konsumenna. Malah nambahan, babakuna ku nu buka bersama: rombongan kulawarga, batur sapagawean, hatur ulin, batur sakola jeung sajabana. Nu matak deukeut ka waktu buka puasa tempat parkir pinuh ku kandaraan.

Anu baruka bersama geus baralik, nungtutan daratang nu rek dalahar, tepi ka wanci saur. Teu saeutik nu ngahaja saur di pusat sate maranggi. "Sakali-kali saur di luar, sanes mung ukur buka," ceuk Lala, urang Pasawahan Purwakarta nu ngahaja jeung kulawargana saur di pusat sate maranggi di Plered.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler