Batu Akik Kungsi Ngajaul, Saban Daerah Miboga Potensi Batu Akik Disungsi

19 Januari 2023, 09:47 WIB
Dudung (52), keur mere pangladen ka konsumen di tempat usahana, sabudeureun Jalan Langlngbuana-Jenderal Sudirman, Kuningan. /Ajun Mahrudin/

GALURA- Dina taun 2015 batu ali (batu akik) kungsi ngajaul. Rea nu resep kana batu ali, harita nepi ka nareangan bahan batu ali ka sababaraha lokasi.

Upamana wae ngaprak ka saban lokasi atawa daerah anu miboga potensi batu akik, sabudeureun walungan jeung gunung.

Rea nu mapay walungan CI Jambu nu perenahna di Desa Garajati, Kecamatan Ciwaru, jeung Guha Indrakila di Desa Karangkancana, Kabupaten Kuningan.

Baca Juga: Batu Ali Masih Keneh Rea Nu Mikaresepna, Hiji Batu Ali Aya Nu Meuntas Sajuta Rupia

Teu saeutik urang luar daerah harita nu nareangan batu akik di sabudeureun walungan CI Jambu.

Kawas ti Tangerang, Karawang, Jakarta jeung daerah sejenna.Teuing ti mana mimitina maranehna nyaho lamun di Dusun Cijambu aya potensi batu akik.

Nu neangan batu akik di eta walungan teh marawa mobil, diteundeun di sisi jalan rada anggang ti pilemburan.

Baca Juga: Bedog Barlen Mucunghul tina Tradisi di Cibeureum Tanjungsiang Jaman Belanda, Kiwari Aya Kahariwang...

Eureun, ku sabab aya larangan ti pamarentah desa.

Harita boh padagang boh pangrajin batu ali marema. Kiwari, saenyana rea keneh nu resep kana batu, Ali.

Kituna teh henteu kawas mangsa harita, nepika geunjleung ku batu akik nepika ngabelaan ngunjal batu keur bahan ali ti walungan.

Baca Juga: Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

Matak pikahariwangeun ku sabab inggis ngaruksak lingkungan.***

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler