Usaha Dagang Ngudag Kaberkahan, Rokhmat Ardiyan : Ulah Mikir Heula Untung

- 25 November 2023, 21:13 WIB
RokhmatArdiyan (kadua katuhu), basa ngaluuhan Job Fair, di SMK Pertiwi Kuningan, sawatara waktu kaliwat.
RokhmatArdiyan (kadua katuhu), basa ngaluuhan Job Fair, di SMK Pertiwi Kuningan, sawatara waktu kaliwat. /Ajun Mahrudin/

GALURA-Dina ngalakonan hususna usaha dagang atawa anu disebut bisnis perdagangan, tangtu kudu miboga pangaweruh jeung cara-cara pikeun ngahontal udagan usaha dagang anu sukses jeung berkah.

Anu disebut usaha dagang-na mah, boh rek usaha leutik boh gede, etep kudu didadasaran ku pangaweruh atawa paelmuan anu aya patalina reujeung usaha dagang. 


H. Rokhmat Ardiyan, salasaurang pangusaha sukses urang Kuningan, nyebutkeun dina ngajalankeun usaha modal ku mangrupa duit penting.

Tapi kituna teh, ceuk Rokhmat Ardiyan, aya anu leuwih penting deui nyaeta kawani jeung miboga jiwa pangusaha.


“Dina mitembeyan naratas usaha dagang, kedah dipitembeyan heula ku niat anu hade, ikhlas. In Syaa Alloh anu ngagerakeun Alloh,"  ceuk Rokhmat Ardiyan, basa silaturahmi reujeung wartawan Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Kuningan, di Pendopo H. Rokhmat Ardiyan, Kompleks Objek Wisata Arunika, Desa Cisanatana, Kecamatan Cigugur,  Poe Jumaah, 24 November 2023.


Ceuk Rokhmat Ardiyan, sacara lahiriah dina ngalakonan usaha dagang teh butuh cara-cara anu disebut prinsif-prinsif usaha dagang. Contona, ulah curang, teu ngalakonan cara anu dipahing boh ku agama boh nagara.


Eta hal, ceuk Rokhmat Atrdiyan, sanggkan dina ngalakonan usaha pinuh kaberkahan. Da tujuan utamana mah dina ngajalankeun usaha teh pikeun meunang kaberkahan.

Ieu aya patalina reujeung ngawangun peradaban, karakter, sifat. Lamun dina ngajalankeun usaha geus dibarung ku mental kitu pausahaan baris tahan banting, dina nyanghareupan krisis.

Tapi lamun, dina ngajalankeun usaha ngaheulakeun niat meunang kauntungan, usaha bisa jadi henteu lana. Cindekna kudu didadasaran ku mental nu kuat. 


Rokhmat Ardiyan nyontokeun, tina sababaraha usaha dagang anu dilakonan ku dirina, hiji di antarana usaha gas elpiji. Inyana inget yen tabung gas anu dipake ngeusi gas teh minangka titipan anu kudu diriksa sangkan aman.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah