Carnyam Sunda Putri Anjungsari (82), Maung Lodaya ka Urang Pajajaran mah Henteu Kua-Kieu, Malah Siga nu Apet

- 10 April 2023, 03:00 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /Putri Anjungsari

PUTRI Anjungsari mah kawasna teu engeuheun telik sandi Cirebon nu keur ngintip  lalumpatan sarieuneun ku maung lodaya nu sakitu badagna.

“Sato mah tara poho ka nu nyieun kahadean, najan maung kasebut sato galak,” ceuk Putri Anjungsari  bari ingeteun ka urang Cirebon nu misahkeun Cirebon ti Pajajaran. Padahal Cirebon diadegkeun ku rundayan Pajajaran, malah Cirebon dijieun karajaan oge ku Pajajaran.

“Galak soteh ka sato hakaneunana,” ceuk eta lalaki.

Putri Anjungsari ngalieuk ka lalaki nu ayeuna mah diuk dina akar tangkal. Paadu teuteup sakeudeung, tapi eta lalaki teu kuateun nandean sorot panon Putri Anjungsari nu ceuk rasana ngaleuwihan mata si Belang.

“Daria teh rek ka marana,” ceuk eta lalaki bari mencrong Olot Kaya nu nagog deukeut Bena, Ranah jeung Rait.

“Kami rek Kawali,” tembal Olot Kaya. “Jauh keneh?”

“Ari keur kula mah jauh,” tembal eta lalaki.

“Ari keur kami,” ceuk Olot Kaya bari rada seuri, kagugu ku jawaban eta lalaki.

“Keur daria mah geus deukeut. Paling dua poean kurang,” tembal eta lalaki. Leungeunna ngusapan buntuk Si Belang.

“Pedah kami tumpak kuda?” ceuk Olot Kaya nanya deui.

“Enya. Ari kami mah mun seug rek ka Kawali teh leumpang, leumpang biasa.”

“Aya kitu nu teu leumpang biasa?”

“Anyar keneh nu lumpat bebelesatan, tiluan, sukuna siga nu henteu napak dina lemah,” tembal eta lalaki.

“Saha?”

“Nu matak teu atra saha-sahana. Ka kulonkeun. Kula harita keur di luhur tangkal kawung, keur nyadap.”

“Aeh, ayeuna dia lain rek nyadap? Mawa lodong kosong?”

Barang ngadenge patalekan Olot Kaya, eta lalaki bangun anu kaingetan.

“Aeh, enya, nya. Tuda ieu Si Belang ngareureuwas,” pokna. Panonna rarat-reret neangan lodong. Teu jauh lodongna teh, ngagoler handapeun tangkal lame nu leutik keneh.

“Boa geus leber legennna, ongkoh miangna kaburitan,” ceuk eta lalaki bari nguniang cengkat.

Si Belang oge nu tadina depa milu cengkat. Basa eta lalaki leumpang rek nyokot lodong, si Belang nuturkeun tukangeunana. Lodong ku eta lalaki dicokot, dialak-ilik terus talina disorendangkeun deui kana taktak.

“Kula nyokot heula sadapan,” ceuk eta lalaki.

“Seug,” tembal Olot Kaya.

Eta lalaki leumpang mapay jalan satapak ka jero pakebonan nu rembet ku kakayon, Si Belang ngicklik nuturkeun. Ku eta lalaki dilieukan, meureun hariwangeun Si Belang nekuk ti tukang. Tapi Si Belang teu nembongkeun  galagat nu teu hade, leumpagna oge ngalenghoy, bangun nu  teu nangan.

“Maung bisa apet kitu, padahal arang panggih,” ceuk Olot Kaya, sorana ngagerendeng.

 “Moal kitu engke di leuweung lalaki bieu ditekuk ku Si Belang,” ceuk Ranah bangun hariwang.

Bena, Rait jeung Olot Kaya papelong-pelong. Karek kapikireun, ngaranna sato galak, bisa robah sawaktu-waktu. Malah dina sakedetra netra robahna teh.

“Tuturkeun, Ki?” ceuk Bena ka Olot Kaya.

“Jung ka dituh duaan jeung Rait,” tembal Olot Kaya.

Rek sajungjungeun pisan Bena  jeung Rait indit, kadenge lapat-lapat nu ngagerem ti lebah inditna lalaki tadi. Olot Kaya, Bena jeung Rait, kitu deui Putri Anjungsari katut Ranah, ngaranjug. Hatena geus  goreng sangka.

“Burukeun, susul,” ceuk Olot Kaya.

Kawas simeut nu kagebah, Bena jeung Rait laluncatan, terus lumpat muru ka lebah sora maung ngagaur. Ku sabab geus biasa nyusud tapak jeung jalan satapakna kaciri  keneh  urut ditincak sakolepat Bena jeung Rait geus tepi  lebah tangkal kawung nu ngajulungjung luhur. Katempo sigayna mapay tangkal kawung. Bena jeung Rait teu nempo Si Belang.

Bena tanggah kana luhur tangkal kawung. Lalaki nu pajah rek neang lodong, rek nyadap, oge teu katembong.

Boa-boa digusur maung, ceuk Bena dina hatena. ***  Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah