Sastra Sunda Putri Anjungzsari (80), Di Tutugan Gunung Cakrabuana Dipegat ku Maung Lodaya

- 8 April 2023, 03:00 WIB
Munara Masjid Banten Lama.
Munara Masjid Banten Lama. /Nanang S/Galura

Maung  nu koneng coreleng teh leumpang ngadeukeutan, buntutna angger kupat-kepot. Putri Anjungsari, Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah taki-taki. Putri Anjungsari, Ranah nangtungna tukangeun Olot Kaya, Bena jeung rait.

Barang geus deukeut, maung teh ujug-ujug depa. Letahna elel-elalan, ari buntutna angger kupat-kepot, nyapuan jukut. Sakapeung mencrong ka Olot Kaya, Bena, jeung ka Rait. Ku tiluanana, mata maung nu herang teh dipencrong deui, maung siga anu teu sanggupeun ngalawan sorot panon Olot Kaya, Bena jeung Rait.

Keur kitu kadenge sora nu leumpang nincak kalakay ti beulah wetan. Kurunyung saurang lalaki sahandapeum Olot Kaya, make totopong hideung, dina cangkengna nyolenggrang bedog buntet. Dina taktakna nyampay lodong nu panjangna semet pingping.

Nempo aya nu narangtung, eta lalaki eureun.

“Amit kula milu ngaliwat,” pokna.

“Rampes,” ceuk Olot Kaya lalaunan bari angger panonna nempokeun maung.

Panon lalaki nu nyorendang lodong teh milu neuteup ka lebah anu ditempokeun ku  Olot Kaya. Nyaho aya maung nu keur depa, reuwaseun, terus undur-unduran.

Maung  nguniang, sakilat ngagajleng ka lebah lalaki nu mawa lodong, ngaliwat ka hareupeun Olot Kaya, Bena jeung Rait. Eta lalaki teh dirontok ku maung tepi ka lebuh.*** Nyambung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah