Sastra Sunda Putri Anjungzsari (80), Di Tutugan Gunung Cakrabuana Dipegat ku Maung Lodaya

- 8 April 2023, 03:00 WIB
Munara Masjid Banten Lama.
Munara Masjid Banten Lama. /Nanang S/Galura

SAHA, Lot?” Rait nanya. Maksudna mah nanyakeun saha ari Cakrabuana teh.

“Seuweu Sri Baduga, bareng jeung adi-adina lunta ti Pajajaran ngajugjug Carbon.”

“Ku naeun lunta?”

“Agemanana sarua jeung biangna. Waktu biangna tilar, jadi teu betaheun aya di Pajajaran,” tembal Olot Kaya. “Di Carbon ngadegkeun karajaan. Ku Sri Baduga saterusna diistrenan jadi raja, bawahan Pajajaran.”

“Hmmm… jadi Carbon diadegkeun ku kulawadet Pajajaran,” tembal Bena. “Naha nya make ngarurug Pajajaran?” 

“Geus kitu kuduna. Geus ninggang di mangsa mah teu bisa diulah-ulah, teu bisa dihalangan, teu bisa diembung-embung. Bagja, pati, cilaka, umur, papasten ukur boga Nu Kawasa,” tembal Olot Kaya.

Baca Juga: Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Bena, Rait ngadenge omongan Olot Kaya ngaharuleng. Kitu deui Putri Anjungsari jeung Ranah.

“Ana kitu mah, urang teh teu daya upaya,” ceuk Rait sanggeus sakedapan taya nu nyarita.

“Urang kudu tetep kudu boga harepan, kudu bajuang. Urang ulah eureun-eureun milampah tarekah. Soal hasil henteuna urang pasrahkeun ku Nu Murbeng Alam,” tembal Olot Kaya deui.

“Kawas urang ayeuna?” Bena nanya.

“Bener. Urang kudu satekah polah salamet tepi ka nu dituju, jeung kudu tetep ngestokeun pancen ti raja,” ceuk Olot Kaya.

Bena jeung Rait unggut-unggutan.

“Ari ayeuna urang ngarereb di mana? Atawa neruskeun lalampahan?” ceuk Bena deui.

Olot Kaya ngareret ka Putri Anjungsari ngan angger teu wanieun neuteup panon Putri Anjungsari. Malah mah ukur ngareret ka lebah nangtung Putri Anjungsari. Masih keneh teu werateun, najan ayeuna Putri Anjungsari geus lain urang karaton, malah di Kawalina oge bakal teu beda jeung somah lianna.

Putri Anjungsari surti. Ngan rek sapokpokeun nyarita, kuda ujug-ujug pating hariem, malah mah teu daek cicing, siga anu nempo kasieun. Kuda nu ditumpakan ku Bena mah malah siga anu rek lumpat, ngan tali elesna dicangreudkeun,  kana tangkal kai leutik di sisi jalan.

Puguh wae sarerea karageteun. Bena, Rat jeung Olot Kaya gancang nyampeurkeun kuda. Bulu susurina diusapan sangkan kudana cicing, sarta tali elesna dicekelan. Tapi kuda kabeh oge angger pating hariem, malah jejeretean, siga nu hayang ngejat ti eta patempatan.

Putri Anjungsari rara-reret, siga aya nu diteangan. Basa panonna nempo ka lebah rungkun nu teu pati jauh tina tangkal caringin, tembong dina sela-sela rungkun aya dua nu nyorot herang. Putri Anjungsari ngaranjug, ngan saterusna biasa deui.

“Aya urang leuweung, Ki,” ceuk Putri Anjungsari bari panonna angger manco ka lebah rungkun.

Olot Kaya, Bena jeung Rait pating gurubug. Ngalieuk ka lebah Putri Anjungsari. Laju panonna ditujukeun ka lebah rungkun, nurutan Putri Anjungsari. Tapi Olot Kaya, Bena jeung Rait mah tacan nempo nanaon, tacan nempo sorot nu herang. 

Teu lila kadenge rungkun saliara ngagorobas. Celedeg teh maung lodaya ka luar, sorot matana museur ka lebah Putri Anjungsari, Olot Kaya, Ranah, Bena jeung Rait narangtung. Kuda beuki motah, ngan tali elesna dicekelan pageuh, tepi ka kuda teu bisa ngejat. Buntut maung kupat-kepot, jeung kadenge ngagerem lalaunan.

“Kumaha, Ki?” ceuk Bena bari paonna angger teu lesot ka maung.

“Tong dikukumaha.” tembal Olot Kaya.

“Kumaha mun narajang urang?” Rait mairan.

“Tewak wae,” ceuk Olot Kaya bari seuri. “Kawasna maungna teu lapareun. Lamun lapareun mah ti tadi oge kuda geus dirontok. Maung  mun geus seubeuh baranghakan tara galak.”

“Tapi kuda motah,” ceuk Rait.

“Keun wae, engke oge moal da ituna cicing,” ceuk Olot Kaya.

Maung  nu koneng coreleng teh leumpang ngadeukeutan, buntutna angger kupat-kepot. Putri Anjungsari, Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah taki-taki. Putri Anjungsari, Ranah nangtungna tukangeun Olot Kaya, Bena jeung rait.

Barang geus deukeut, maung teh ujug-ujug depa. Letahna elel-elalan, ari buntutna angger kupat-kepot, nyapuan jukut. Sakapeung mencrong ka Olot Kaya, Bena, jeung ka Rait. Ku tiluanana, mata maung nu herang teh dipencrong deui, maung siga anu teu sanggupeun ngalawan sorot panon Olot Kaya, Bena jeung Rait.

Keur kitu kadenge sora nu leumpang nincak kalakay ti beulah wetan. Kurunyung saurang lalaki sahandapeum Olot Kaya, make totopong hideung, dina cangkengna nyolenggrang bedog buntet. Dina taktakna nyampay lodong nu panjangna semet pingping.

Nempo aya nu narangtung, eta lalaki eureun.

“Amit kula milu ngaliwat,” pokna.

“Rampes,” ceuk Olot Kaya lalaunan bari angger panonna nempokeun maung.

Panon lalaki nu nyorendang lodong teh milu neuteup ka lebah anu ditempokeun ku  Olot Kaya. Nyaho aya maung nu keur depa, reuwaseun, terus undur-unduran.

Maung  nguniang, sakilat ngagajleng ka lebah lalaki nu mawa lodong, ngaliwat ka hareupeun Olot Kaya, Bena jeung Rait. Eta lalaki teh dirontok ku maung tepi ka lebuh.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah