“Ari nu cawene baraya dia?” Olot Kaya nanya deui, ngahaja sangkan eta lalaki henteu terus nanya.
“Incu, ngahaja sina diajar balantik, ngarah jadi sodagar.”
“Indung bapana sarua di dieu?”
“Bapana ti Timbanganten, biangna urang dieu, budak kami.”
“Dumuk di dieu?”
“Ayeuna mah geus di kalanggengan, duanana.”
“Pedah gering?”
“Lain.”
“Manggih balai?” Bena milu nanya.
“Nuturkeun lacak baona.”