Olot Kaya balik deui ka warung. Gek diuk dina urutna.
“Saha, Lot, siga nu geus loma?” ceuk Bena.
“Wawuh basa bareto kami mindeng ka Sunda Kalapa,” tembal Olot Kaya.
“Tadina urang Sunda Kalapa?”
“Enya.”
“Terus pindah ka dieu?”
“Enya.”
“Ku naeun pindah? Pan Sunda Kalapa mah dayeuh, rame. Di dieu mah kampung,” ceuk Rait.
“Teu betaheun.”
“Naha?”