Putri Anjungsari (55), Suba Kapanggih di Warung Bareng jeung Urang Kulon

- 14 Maret 2023, 05:30 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /

 

TURUN tina parahu, Aki Jaya rurat-reret neangan warung nu buka. Memeh neruskeun lalampahanana, hayangeun ngahaneutan awakna: nginum cihaneut, kawantu harita teh geus janari. Hawa keur meumeujeuhna tiris. Basa keur menekung mujasmedi mah teu karasa. Sanggeus lugay karek karasa nyecep, komo basa dina parahu mah.

Warung nu buka teh teu jauh ti darmaga. Aki Jaya leumpang muru eta warung dituturkeun ku Asmita, Atus jeung Gingin. Barang srog asup ka warung nu opatan kacida kageteunana lantaran katempo Suba keur diuk bari lelenggutan. Gigireunana  lalaki dua urang, saurang geus kolot, nu saurang deui ngora, tambah awewe saurang nu geus boga umur.

“Suba...!” Asmita ngagero.

Suba tibuburanjat. Gigisik. Nempo ka nu anyar datang sajongjongan mah colohok. Tapi teu lila jung nangtung, ngagentak nyampeurkeun Aki Jaya, gabrug ngarontok Aki Jaya.

“Aki,” pokna semu atoh.

Asmita, Atus jeung Gingin narangtungna jadi ngariung Suba. Paromanana nembongkeun kabungah. Anu tiluan narempokeun. Lalaki nu leuwih ngora leuwih manco ka Atus.

“Hidep waluya,” ceuk Aki Jaya bari ngusapan sirah Suba.

Sanggeus sawatara jongjongan nangkeup Aki Jaya, Suba ngagabrug Asmita, Atus jeung Gingin. Laju opatanana muru bangku nu paeunteung-eunteung jeung nu tiluan, kahalangan meja nu di luhurna ngabarak rupa-rupa kadahareun, boh nu asak boh nu atah. Tukang warung nyodorkeun bekong, opat, jeung kendi nu caina haneut.

“Kumaha caritana tepi ka dieu?” ceuk Atus ka Suba bari nyicikeun cai kana bekongna.

“Ki Silah,” ceuk lalaki nu ngora nyelengkeng ditujukeun ka Atus.

Atus neuteup eta lalaki.

“Geuning di dieu? Hampura teu engeuh, muser ka ki adi nu tas leungit,” pokna bari seuri. Eta lalaki teh nu kungsi ngobrol jeung manehna tadi di patilasan memeh naek parahu.

“Panjang baraya,” ceuk eta lalaki.

“Lanceuk uing, Ka,” ceuk Suba ka eta lalaki.

“Ieu batur dia?” Atus nanya deui bari neuteup ka lalaki kolot jeung ka awewe, silihgenti.

“Enya.”

“Pangpung teh tanda?” ceuk Atus deui lalaunan.

Eta lalaki seuri. Kitu deui lalaki nu kolot.

“Kumaha, Ba, caritana?” Atus malikan deui pananyana ka Suba.

“Panjang caritana, Ka,” tembal Suba. “Uing panggih jeung ieu baraya ti kulon, diajak milu bareng da rek ka kaler,” pokna bari ngareret ka nu tiluan.

Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin malencrong ka nu tiluan, terus seuri bari manggut. Nu tiluan rengkuh, sarua seuri.

“Matur nuwun ngarumat ieu budak. Nimu di mana?” ceuk Aki Jaya bari neuteup lalaki kolot.

“Teu nimu, inyana ujug-ujug datang tengah peuting, jauh ti dieu mah,” tembal eta lalaki.

“Ngerelesna oge ujug-ujug, teu beja teu carita,” ceuk Aki Jaya.

“Cenah tumpak si belang,” omong eta lalaki deui.

Aki Jaya seuri. Kitu deui Asmita, Atus jeung Gingin.

“Daria ti Kawali?” ceuk eta lalaki.

“Ti Kawali,” tembal Aki Jaya.

“Suba kungsi nyarita ka kami.”

“Arandika arek kamarana?” ceuk Aki Jaya.

“Deuk ka kaler,”

“Tiluan?”

“Limaan, ngan nu duaan ti heula. Kami nyusul,” ceuk lalaki nu kolot.

“Aeh, kami can wawanohan jeung daria. Najan kami ti kaler, daria ti kulon, bisi tepung deui jeung bisi kami nganjang ka kulon. Meunang kami nanya ngaran daria?”  ceuk Aki Jaya.

“Meunang pisan,” tembal lalaki nu kolot. “Kami, Kaya, sok disebut Olot Kaya. Ieu, Rait, ari nu cawene Ranah.”

“Bagea, rampes,” ceuk Aki Jaya. “Kami, Jaya, sok disarebut Aki Jaya, ieu Atus; gigireunana Asmita, nu itu Gingin. Ari nu hiji deui, nu pangoranna, nu teu pupuguh ngereles teu beja teu carita, daria oge geus wanoh.”

Kabeh sareuri. Suba ngabelehem.

“Sakali deui kami nganuhunkeun ka daria, nu geus  ngarawatan Suba sakitu lilana. Kumaha teu ngahesekeun?” ceuk Aki Jaya.

“Eta, ukur teu bisaeun tumpak kuda,” tembal Rait.

Suba garo-garo teu ateul.

“Laju?” ceuk Asmita panasaraneun.

“Tumpak kudana duaan jeung kami. Turun tina kuda nyareri awak cenah. Rek anjog ka dieu, inyana leumpang, embungeun tumpak kuda.”

Taya nu teu seuri.

Keur kitu saurang lalaki nu asup ka warung. Mawa buntelan. Diuk dina bangku nu mejana ukur aya kendi. Ku eta lalaki kendi teh diketrokan lalaunan, siga nu neang-neang naha aya caian euweuh. Ku Olot Kaya diperhatikeun. Tukang warung gancang mawa kendi nu caina ngebul keneh, sakalian jeung bekongna, disodorkeun ka eta lalaki.

“Kami miang ti heula. Geus lila reureuh,” ceuk Olot Kaya. “Suba, rek milu jeung saha?” pokna deui ditujukeun ka Suba.

Suba ngahuleng sakeudeung. Jung nangtung nyampeurkeun Olot Kaya. Suba ngarawu leungeun Olot Kaya, terus ngarangkul Olot Kaya, pageuh pisan. Panonna carindakdak.***Hanca

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah