“Can usum ngala lauk, can mijah laukna, ke mun keur usum mijah keur usum halodo karek loba nu ngala lauk ka walungan, jeung ngalana di lebah caina nu rada nyeot,” tembal tukang warung bari balik deui ka deukeut hawu, siduru.
Bena sapok-pokeun rek nanya deui ngeunaan ngala lauk mun laukna keur mijah, ngan kaburu norojol saurang lalaki nu diharudum kain hideung. Umurna geus kolot, janggot jeung kumisna hawuk semu bodas.
“Boga seureuh?” pokna ka tukang warung.
“Aeh, geuning Ki Olot. Keur naeun seureuh?”
“Rek nyieun tektek, dibejaan aya parahu nu kelebuh di hilir deukeut tampian,” tembal nu disebut ku Ki Olot.
“Baruk aya nu titeuleum? Naha keur naon make paparahuan lebah dinya?” ceuk tukang warung.
“Kateuing, nu tumpak parahuna tiluan, saurang cawene. Nu lalaki mah bisaeun ngojay, nu cawene tacan kapanggih,” tembal Ki Olot. “Mana seureuh teh?”
Tukang warung nangtung terus leumpang ka lebah paroko, tempat teuteundeunan samara jeung ubar. Nyokot dua lambar daun seureuh nu sok digodog ku pamajikanana sarta caina diinum.
“Mahi dua lambar?” ceuk tukang warung bari nyodorkeun daun seureuh.
“Mahi,” ceuk Ki Olot bari nampanan daun seureuh. Sanggeus nganuhunkeun kaluar sarta ngincid leumpang ka beulah hilir.