Sastra Sunda Carnyam Putri Anjungsari (99), Nu Ngaku urang Dayeuhluhur teh Telik Sandi Cirebon

27 April 2023, 06:00 WIB
Karaton Pakuan Pajajaran (Foto @AI). /

DI luar kadenge aya nu leumpang muru saung. Suba cengkat, ngalieuk ka luar. Akina katempo datang bari mawa lodong jeung lauk sababaraha hiji ditiir ku jukut. Asup ka saung. Lodongna dikaitkan kana tihang, ari laukna diwadahan kana talangwengkar sanggeus diamaparan daun cau, terus diuyahan.

“Paiseun,” pokna ka Suba.

Suba ukur seuri.

“Ki, aya semah. Tuh keur muja,” ceuk Suba.

“Enya, tadi katempo,” tembal akina. “Saha? Wawuh?”

“Karek panggih, teu wawuh. Nyebutna mah ti Dayeuhluhur, diutus ku rajana.”

“Teu nyaritakeun pamaksudanana?”

“Henteu. Ngan manehna nalengteng uing, nanya kieu ka Rajamandala ukur ka patilasan?”

“Bebeja kitu tas ti Rajamandala?”

“Uing bebeja tadi isuk-isuk urang Dayeuhluhur, Gingin karek balik. Terus manehna nanya tas naeun ti dieuna. Ku uing dibejakeun tas ti Rajamandala bareng jeung uing.”

“Soal urang Pajajaran mah teu dicaritakeun?”

“Henteu.”

“Alus. Bisi manehna urang kaler.”

“Bisi urang Carbon?”

Aki Kanta ukur seuri. Panonna mencrong ka lebah tempat mujasmedi. Lalaki urang Dayeuhluhur masih keneh di dinya. Teu lila, manehna cengkat, laju ka saung deui. Aki Kanta ngabageakeun.

“Bagea, Ki Silah,” ceuk Aki Kanta. “Yap, unggah.”

“Matur nuwun,” tembal urang Dayeuhluhur bari nete golodog. Geus di jero saung, gek sila nyanghareupan Aki Kanta.

“Dia ti Dayeuhluhur?”

“Bener.”

“Ngahaja ka dieu?”

“Bura-bari. Aya nu dipaluruh ku raja kami.”

“Maluruh naeun?”

“Raja kami keur neangan pibojoeun. Sugan wae kajodokeun ka cawene rundayan Galuh atawa rundayan Pajajaran.”

“Atuh neangan pibojoeun rundayan Pajajaran mah kudu ka Pakuan Pajajaran,” ceuk Aki Kanta.

“Pan Pakuan Pajajaranana oge keur dihuru ku Banten. Ngahaja ka Kawali teh sugan wae aya kulawadet Pajajaran nu ngungsi ka Kawali.”

Ngadenge kitu, Aki Kanta ngahuleng. Apaleun ti mana putri Pajajaran aya nu ngungsi ka Kawali? Gingin wayah  kieu mah tacan tepi ka Dayeuhluhur tacan bebeja ka raja Dayeuhluhur, gerentesna. Semah dipencrong. Naha bener urang Dayeuhluhur atawa lain. Boa-boa telik sandi Cirebon, gerentesna deui.

“Teu maluruh ka urang Karaton Surawisesa?” ceuk Aki Kanta.

“Teu werat. Kami maluruh heula, tatanya.”

 “Nanya ka somahan mah moal aya nu apaleun. Komo apan somahan mah sapopoena di huma. Indit nyubuh balik sore. Taya waktu keur ubral-obrol.”

“Andika oge teu apal?”

“Ceuk pangira dia, kami weruh kana soal eta?” Aki Kanta malk nanya.

Anu ngaku urang Dayeuhluhur ngusapan gado. Basa paadu teuteup jeung Aki Kanta, manehna ngabalieur, teu kuateun nadah sorot panon Aki Kanta. Sajongjongan taya nu nyarita deui. Suba nyampeurkeun bari mawa cai jeung lalawuhna, song disuguhkeun ka tamu. Geus kitu mah Suba ka dapur deui.

“Sok ngadaang,” ceuk Aki Kanta bari ngarongkong bekong hareupeunana, leguk nginum. Caina keur haneut meumeujeuhna.

“Matur nuwun,” ceuk nu ngaku urang Dayeuhluhur teh. Basa rek nyokot bekong hareupeunana, ujug-ujug peletrak kana tarangna. Eta lalaki ngudupruk.

Aki Kanta nangtung, panonna ngulincer ka sabudeureun saung. Gek diuk deui. Teu lila saurang lalaki ngagajleng ka hareupeun golodog. Cat unggah ka jero saung, sarta muru ka nu ngaku urang Dayeuhluhur nu ngarengkol, siga nu keur sare. Aki Kanta angger sila, panonna neuteup ka nu anyar datang.

“Hampura kami ngagareuwahkeun,” ceuk nu anyar datang.

“Rek  dikumahakeun?” ceuk Aki Kanta.

“Rek dioprek ku kami….,” tembal lalaki anyar datang.

“Saha kitu ieu jalma?”

“Nu keur maluruh Putri. Urang Carbon.”

“Tapi mangkade tong tepi ka dirogahala. Bisi jadi matak.”

“Moal dikukumaha. Kami mah najan perjurit narah ngotoran leungeun, ari lain kapaksa-paksa teuing mah.”

“Rek dibawa?”

“Enya,” ceuk lalaki anyar datang bari manggul nu ngaku urang Dayeuhluhur. Jrut turun. Geus di luar, belesat lumpat ka kulonkeun.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler