Sastra Sunda Putri Anjungsari (84), Telik Sandi Cirebon Diperuhkeun ku Jurungan Maharaja Kawali

12 April 2023, 03:00 WIB
Putri Anjugsari (33) /Budi Riyanto/Galura

P

SI BELANG ngagaur lalaunan. Melong sakeudeung ka tukang sadap, geus kitu ngalengkahkeun sukuna, maung bikang jeung anakna ngiclik tukangeunana. Tukang nyadap, Bena jeung Rait nuturkeun opat maung ku panonna tepi ka teu katempo deui lantaran mubus ka jero leuweung nu kakayonna baradag.

Sajongjongan tukang nyadap, Bena jeung Rait ngajanteng bari mencrong ka lebah mubusna Si Belang, maung bikang jeung anak maung.

“Hayu, bisi peuting teuing. Legen kudu buru ditaheunkeun, bisi haseum manten,” ceuk tukang nyadap bari ngalengkahkeun sukuna.

“Asa dina pangimpian,” ceuk Bena bari nuturkeun tukang nyadap.

“Kumaha kitu?” ceuk tukang nyadap.

“Eta dia make nyobat jeung maung. Malah kulawargana oge diwanohkeun ka dia.”

Tukang nyadap seuri.

“Kami oge sarua. Komo basa mimiti panggih deui mah, mani sawer-wereun ngiihan maneh.”

“Di dieu tepungna?” Rait ma­iran, milu nanya.

“Lain, basa keur nyadap tangkal kawung beulah kulon, sarua di sisi leuweung. Rada jauh ti dieu mah.”

“Peuting?”

“Sareupna. Harita kula rek turun jrut pisan kana taneuh tina sigay,  katempo aya maung keur depa deukeut rungkun. Sakedapan mah kasima, rek lumpat oge asa beurat pisan suku teh.”

“Terus kumaha?”

“Komo basa Si Belang nguniang terus nyampeurkeun mah. Parancah keur nalukkeun sato galak oge ngadadak poho.” 

“Kumaha tah mimitina Si Belang?”

“Ngadangong hareupeun pisan bari meuncrong seukeut pisan, geus kitu ngalendotan kana suku. Awitna mah nyangka Si Belang maung kajajaden. Ngan ras inget kungsi miara anak maung jeung sanggeus gede dileupaskeun.”

“Kuat daya ingetanana, nya, sato oge,” ceuk Bena. “Aeh, Si Belang kungsi datang deui ka imah dia?”

“Teu apal. Duka kula teu ngawenehankeun, meureun datangna peuting,” tembal tukang nyadap.

Teu lila tiluanana anjog ka urut tadi, kasampak salian ti Putri Anjungsari, Olot Kaya, jeung Ranah, aya opat urang deui keur dariuk dina tangkal catang teu jauh ti Olot Kaya. Ari Putri Anjungsari jeung Ranah mah narangtung rada anggang, deukeut kudana sewang-sewangan.

Bena jeung Rait ngajanteng sakeudeung bari nelek-nelek ka nu opatan nu kawasna anyar datang. Sanggeus sidik saha-sahana, Bena jeung Rait gancang nyampeurkeun.

“Panjang umur, tepung deui,” ceuk Bena bari diuk gigireun Olot Kaya.

Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin, seuri bari unggeuk.

“Geus lila, Baraya?” Bena nanya deui.

“Karek hol puguh,” tembal Aki Jaya.

Bena galecok dina hatena, anu opatan teh jauh pisan papisahna, laleumpang deuih. Naha geuning bisa nyusul? Padahal dirina make kuda, leuwih gancang batan leumpang.

“Ning tereh tepi ka dieu?” ceuk Bena, nanya deui, panasaraneun.

“Puguh ku kami oge teu katitenan datangna. Ujug-ujug geus aya hareupeun,” Olot Kaya nu nembal teh.

Aki Jaya nyerengeh.

“Hampura wae, keur jongjon leumpang bet aya nu ngajaranteng di sisi leuweung peuting-peuting, bisi aya kukumaha, kami eureun heula,” pokna.

“Lain leumpang daria mah, ari leumpang mah kaciri rentang-rentangna,” ceuk Olot Kaya.

Bena unggut-unggutan. Kahartieun, Olot Kaya jeung batur-baturna lain leumpang biasa, nu matak gancang nyusulna. Bena oge, kitu deui Rait bisaeun bebelesatan teh, ngan ari terus-terusan mah henteu sanggupeun, ongkoh deuih kudu ngawal Putri Anjungsari, najan Putri Anjungsari oge kawasna bisaeun leumpang nu lain leumpang biasa.

“Aeh, tadi pasanggrok jeung nu lalumpatan ka kulonkeun?” ceuk Olot kaya deui, ditujukeun ka Aki Jaya.

“Pasanggrok,” tembal Aki Jaya.

“Wawuh?”

“Eta nu keris daganganana dipileykeun ku Gingin,” tembal Aki Jaya.

“Dikumahakeun?” Olot Kaya nanya deui.

“Teu dikukumaha, ukur sina jadi patung sakeudeung, sarta sina poho kana naeun-naeun nu kaalaman jeung nu katempona,” ceuk Aki Jaya.

“Ambeh naeun?” Olot Kaya nyusul tepus.

“Ambeh teu haliwu ka urang Carbon jeung ka urang Banten.”

“Maranehna telik sandi Carbon, kitu?”

“Pasti.”

Tukang nyadap nu ti tadi ngawaskeun ka Aki Jaya sabatur-batur nyampeurkeun.

“Sampurasun, bagea Ki Silah,” pokna.

Aki Jaya nangtung.

“Rampes,” pokna.

“Baraya, di saung kula reureuhna. Di dituna mah aya kurud gula, cai, malah aya peueut,” ceuk tukang nyadap. “Ke sare mah di imah kula.”

“Kami mah rek neruskeun lalampahan,” tembal Olot Kaya.

“Nyimpang heula di suang kula, teu jauh ti dieu mah, beulah wetan, sisi jalan,” ceuk tukang nyadap deui.

Olot Kaya ngalieuk ka lebah Putri Anjungsari, menta kamandangna. Putri Anjungsari mere tanda sangkan nurut kana pangajak tukang nyadap.

“Nam atuh, ngan kami mah sakeudeung,” tembal Olot Kaya.

Kabehna ngabring nuturkeun tukang nyadap. Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah henteu tarumpak kuda. Bena jeung Rait mah leumpang di tukang, tukangeun Asmita, Atus jeung Gingin. Najan geus kungsi panggih jeung nempo ulatna teu pikacurigaeun, Bena jeung Rait tetep caringcing pageuh kancing.

Sabot laleumpang taya nyarita sakemek oge. Kabeh siga anu ngabandungan sora sato leuweung anu patembalan, kalan-kalang ngawirahma. Kalan-kalan hawar-hawar kadenge sora bueuk, kalan-kalan sora bueuk teh deukeut pisan. Teu kadenge ari sora  maung ngagaur atawa ngagerem mah.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler