Putri Anjungsari (83), Maung Lodaya Nuturkeun Tukang Sadap, geus Rada Jauh Kadenge Sora Ngagaur

11 April 2023, 03:00 WIB
Putri /Budi Riyanto/Galura

HUY, Ki Silah, di mana dia?” Bena gura-gero.

Rait mah nyuay-nyuaykeun rungkun saliara, bari ngilikan bisa aya tapak maung, teu jauh ti tangkal kawung nu aya sigayan. Sanggeus teu manggih nanaon, Rait nerekel kana sigay, gancang pisan, siga nu hampangeun mawa awakna teh, sakeudeung oge geus tepi ka lebah lodong nu digantungan handapeun leungeun kawung.

Diilikan lodongna meh pinuh ku legen, kaciri budahna geus kaluar, mapay kana kana sisi lodong. Ngandung harti tukang nyadap nu tadi digabrug ku maung tacan neang lodongna. Na ka mana heula, maungna deuih teu kadenge gaurna, gerentes Rait bari rarat-reret ka handap, najan geus poek, tapi ka handap bisa awas, bulan caangna geus saparo.

Rait turun deui, lalaunan ayeuna mah lantaran bari ngawaskeun ka sakurilingeunana. Kadenge Bena celuk-celuk deui. Sorana ayeuna mah ditarikeun, malah siga nu make jampe pamake, lantaran sorana handaruan. Eta wae, sababaraha manuk nu keur hees dina dahan halaliber bari jeung talag-tolog hiberna teh.

Teu lila ti lebak, katempo ku Rait ngurunyung tukang nyadap bari angger nyorendang lodong. Tukang nyadap teh dituturkeun ku maung, dua, jeung ku anak maung, dua. Rait colohok. Leungeunna katuhuna ngagisik panon bisi salah tetempoan, tapi sidik, tukang nyadap teh dituturkeun ku maung saopat-opat.

Tukang nyadap leumpangna ngadeukeutan tangkal kawung nu di dinya mah ngan ukur hiji-hijina. Rait tuturuban turun. Kira dua meter deui ka handap, ngagajleng. Meureun maung ngambeu jalma anyar, ngaguar lalaunan, nembongkeun sihungna. Tukang nyadap oge ngarandeg, lantaran katempoeun aya nu ngagajleng ti luhur tangkal kawung.

“Ning nyusul?” pokna basa sidik ka nu ngagajleng.

“Tadi kadenge sora maung ngagaur tarik. Kami hariwang dia dikukumaha ku Si Belang,” ceuk Rait.

Tukang nyadap seuri.

“Kami oge kokompodan dituturkeun ku Si Belang teh….,” pokna.

“Ka mana heula, teu terus neang lodong?” Bena nu geus nangtung gigireun Rait nembrong, milu nanya.

“Ka cai heula,” tembal tukang nyadap.

“Eta geuning maungna nambahan?” ceuk Bena deui.

“Bikangna Si Belang, jeung anak Si Belang, dua. Tadi basa keur di cai diwanohkeun ku Si Belang. Bikangna jeung anakna keur ngarinum,” ceuk tukang nyadap.

“Teu galak bikangna?” ceuk Rait.

“Henteu. Pan nempo Si Belang ngagalendotan kana suku,” tembal tukang nyadap.

“Bagja dia mah, nyobat jeung maung,” ceuk Bena.

“Kabeneran eta mah, pedah kula kungsi miara Si Belang,” ceuk tukang nyadap bari tanggah ka lebah lodong nu ngagantung di handapeun leungeun kawung.

“Kula neang lodong heula,” ceuk tukang nyadap deui bari naek kana sigay.

“Ari itu Si Belang jeung bikangna moal nanaeun ka kami,” ceuk Bena.

“Dia mah kawas wae bolostrong,” tembal tukang nyadap.

Bena jeung Rait silihreret. Teu nyangkaeun tukang nyadap bisa neguh kana kaayaan dirina.

Si Belang, jeung bikangna, katut anakna dareupa deukeut sigay. Mata Si Belang mah remen tanggah ka luhur tangkal kawung, siga nu melangeun ka tukang nyadap.

Rada lila oge tukang nyadap di luhur kawungna, rada ugal-ugil ngalaan tali lodongna, siga nu beurateun. Sanggeus lodong nu pinuh ku legen digantungkeun dina sigay, tukang nyadap ngaluarkeun peso. Leungeun kawung, tungtungna, dikeureutan ipis. Geus kitu lodong bawana nu masih kosong digantungkeun dina leungeun kawung.

Lodong nu pinuh ku legen disalindangkeun kana tak-takna, terus turun mapay sigay, turunna teh gancang sakitu mah, ngan teu sagancang Rait. Si Belang nempokeun tukang nyadap tepi ka napak deui kana lemah.

“Belang, hayang nginum legen?” ceuk tukang nyadap bari ngusapan hulu Si Belang.

Da puguh sato, Si Belang ukur elel-elelan letahna.

Tukang sadap nekrok daun cau, lalaunan dieusian ku legen tina botolna. Sanggeus rek pinuh disodorkeun ka Si Belang. Ku Si Belang diambeuan, laju diletakan. Karuhan Si Belang beukieun mah, tukang nyadap nekrok deui daun cau, dua. Dieusin deui ku legen, ditunda deukeut maung bikang nu keur nyusuan anakna.

Maung bikang oge ngaletakan legen, malah anakna oge lesot tina nyusuna, milu ngaletakan legen.

“Beukieun legen geuning maung oge,” ceuk Bena bari neuteup ka Si Belang jeung bikangna.

Tukang sadap seuri.

“Belang, kami rek mulang,” ceuk tukang nyadap. “Nyaraneh oge buru-buru balik ka leuweung, bisa kapanggih ku nu deleka.”

Si Belang kawas nu ngarti kana omongan tukang nyadap, nangtung terus ngagalendotan suku tukang nyadap. Tukang nyadap dongko, ngusapan hulu Si Belang. Tukang nyadap oge ngawani-wanikeun ngusapan maung bikang, ngan ari ngusapan anak maung mah teu wanieun, paureun ku maung bikang disangka rek ngarogahala anakna.*** Nyambung 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler