Putri Anjungsari (30), Ku Maung nu Disambatna Suba Dibawa ka Tempat Putri Anjungsari Reureuh

17 Februari 2023, 05:30 WIB
/

DIA saha? Ti mana?” ceuk Bena nanya bari mencrong eta nonoman, sorana leuleuy, karunyaeun, umurna masih keneh budak.

“Kula Suba….,” tembalna lalaunan bari ngareret ka lebah Putri Anjungsari.

 “Asal ti mana? Rek ka mana?”

“Kula ti Kawali?”

“Kawali?” Bena ngaranjug. Kitu deui Putri Anjungsari jeung Rait.

“Arek ka mana?” ceuk Bena nanya deui, nagog ayeuna mah nyanghareup Suba, hayang nelek-nelek paromanana.

“Arek ka Sumedanglarang…..”

“Sumedanglarang mah jauh ti di dieu,” ceuk Bena. Panonna mencrong Suba.

“Teu nyaho, kula ujug-ujug aya di dieu,” tembal Suba bari luak-lieuk.

“Ti Kawali ka Sumedanglarang jeung saha?” Rait milu nanya.

“Limaan.”

“Anu sejenna di mana?” Bena nyusul tepus

“Kateuing, teu nyaho. Ngan asana geus bawahan Sumedanglarang.”

“Ari dia los-los ka dieu kumaha mimitina?

Suba ngahuleng.

“Iraha dia miang ti ditu?” ceuk Bena.

“Tadi peuting…”

“Wah, piraku geus tepi ka dieu wanci janari. Sing bener!” ceuk Bena semu nyentak.

“Tumpak maung,” tembal Suba.

Puguh wae Bena, Rait, jeung Putri Anjungsari ngarenjag.

“Sing bener nyarita teh,” ceuk Bena.” Piraku maung bisa ditumpakan. Maung saha?”

“Uing nurutan Aki Jaya mapatkeun jampe nyambat maung….”

“Tuluy?” Bena panasaraneun.

“Ujug-ujug datang si belang.”

“Teu sieun?”

“Mimitina mah sawer-wereun kiih. Tapi si belang katempona bageur, malah nelenden ka kula. Ku kula ditumpakan, kawas Aki Jaya…,” Suba  deui-deui ngalieuk ka Putri Anjungsari

“Terusna kumaha?”

“Kateuing ujug-ujug ngabelesat lumpat. Nyaho-nyaho uing geus di dieu, deukeut kuda….”

“Maungna ka mana?”

“Kateuing,” ceuk Suba bari luak-lieuk.

“Ari Aki Jaya teh saha?”

“Ti Cikupa. Teu pati jauh ti Kawali. Bogaeun padepokan. Uing karek tepung basa rek mangkat… Keur ngorana Aki Jaya kungsi cicing di Jampang.”

Putri Anjungsari, Bena, jeung Rait barang ngadenge Suba nyebut Aki Jaya kungsi di Jampang  rada ngajenghok.

“Ke, ari nu ka Sumedanglarang saha wae?” ceuk Bena.

“Uing, Aki Jaya, Atus, Asmita, jeung Gingin,” tembal Suba.

“Urang Kawali kabeh?”

“Ti Kawali mah uing jeung Atus. Asmita ti Panjalu, Gingin ti Dayeuhluhur.”

“Rek naeun ka Sumedanglarangna?”

“Kateuing. Aki Jaya teu bebeja.”

 Putri Anjungsari, Bena, jeung Rait sajongjongan ngahuleng. Bena nangtung. Suba oge nurutan nangtung.

“Ari ayeuna kumaha pilakueun?” ceuk Bena.

“Arek balik deui ka Sumedanglarang. Jauh ti dieu?”

“Jauh. Lalakon dua poe.”

“Kumaha atuh,” ceuk Suba siga nu bingung.

“Sambat deui atuh maungna,” ceuk Rait mairan bari seuri.

Suba ngareret ka Rait.

“Arek sugan wae bisa,” pokna.

Suba leumpang rada ngajauhan. Laju nangtung nyanghareupan rungkun. Biwirna kunyam-kunyem. Tapi taya nanaon. Suba gagaro. Kunyam-kunyem deui. Gorobos tina rungkun saliara. Suba ngaranjug. Kitu deui Putri Anjungsari, Bena jeung Rait.

Geleber tina rungkun kalong badag, ngagayabag hiber muru dahan kai nu luhur. Suba gagaro deui. Kunyam-kunyem deui. Taya nu datang.

“Ning euweuh si belang téh,” ceuk Rait.

Suba ngalieuk.

“Tadi peuting mah metu,” tembal Suba.

Rait ngadeukeutan Bena.

“Siwah eta budak teh?” pokna ngaharewos.

“Sigana mah henteu,” tembal Bena bari mencrong ka Suba nu keur luak-lieuk siga nu bingungeun.

“Eta make nyebut tumpak maung. Moal ngalindur mah.”

“Kungsi ngadenge urang Kawali loba nu boga tutumpukan model kitu. Tapi da teu gampang boga nu kitu mah. Moal mungkin budak geus bogaeun.”

“Nu mere jangjawokan pangematna wae gagabah.”

“Keun soal eta,” ceuk Bena, “Sina milu jeung urang atawa ditinggalkeun. Ari ditinggalkeun karunya, ka Sumedanglarang teh jauh.”

“Bener kitu manehna ti Kawali?”

Bena malik ka Putri Anjungsari ngan teu wanieun neuteup, sirahna tungkul. Putri Anjungsari surti Bena  menta pamanggihna.

“Ceuk pangrasa mah bener ti Kawali,”  pokna lalaunan.

“Kacirina?” ceuk Bena bari angger tungkul.

“Teu ngabohong,” tembal Putri Anjungsari, “Sina tumpak kuda, duaan jeung Olot Kaya. Teang Olot Kaya jeung Ranah. Bari bawa kuda. Miang ayeuna, meungpeung subuh keneh.”

Bena ngareret ka Rait, maksudna nitah sangkan Rait neang Olot Kaya jeung Ranah. Satengah lumpat Rait balik deui ka lebah saung ranggon. Bena tetep ngawaskeun Suba nu angger nangtung.

Bena saenyana mah kurang panujueun, Suba di bawa bareng lumampah teh. Masing kumaha wae Suba teh jalma saliwat, karek panggih harita.

Bena hariwangeun Suba mata-mata Cirebon, Demak, jeung Banten nu hayang numpurludeskeun sakur kulawadet Pajajaran. Ti mana Putri Anjungsari meunang kacindekkan Suba memang bener ti Kawali? Henteu ngabohong?

Ukur ceuk rarasaaan, ceuk pangakuan jinisna mah henteu bisa dipake cecekelan. Ngan Bena teu wanieun nanya deui. Teu ngawanieun ngabantah ka Putri Anjungsari. 

Teu sabaraha lilana Rait geus datang deui, dituturkeun ku Ranah jeung Olot Kaya, bari narungtun kuda. Datang-datang teh Ranah mah langsung nyampeurkeun Putri Anjungsari nu nangtung hareupeun Bena.

Ari Olot Kaya nu geus nyahoeun dongengna ti Rait ngadeukeutan Suba. Dipencrong seukeut pisan keur leuwih ngayakinkeun dirina.

Suba dipencrong ku Olot Kaya teh rada rampang-reumpeung.

“Dia ti Kawali?” ceuk Olot Kaya  

“Enya. Kumaha kitu?” tembal Suba.

“Hayu atuh milu jeung kami,” ceuk Olot Kaya.

“Sarua rek ka Kawali?” Suba nanya deui.

“Sugan wae di jalan panggih jeung batur dia,” tembal Olot Kaya teu malire kana panalek Suba. “Atawa dia rek balik sorangan?”

“Uing teu apal jalan da tadi dibawa ku maung,” ceuk Suba.

Ngadenge Suba nyebutkeun dibawa ku maung, Olot Kaya nyerengeh. “Tumpak maung, nyah?” pokna.

“Teu percaya? Engke mun panggih jeung Aki Jaya bisa ditanyakeun,” ceuk Suba sorana bangun rada keuheul.

“Tapi ayeuna mah tumpak kuda,” ceuk Olot Kaya.

“Uing teu bisa tumpak kuda,” ceuk Suba bari ngalieuk ka lebah kuda nu elesna keur dicekelan ku Rait.

“Jeung kami. Dia di tukang.”

“Embung, sieun murag. Uing mah leumpang wae, nuturkeun.”

“Moal kuat nuturkeun kuda lumpat mah.”

“Tapi uing ngahesekeun meureun?” ceuk Suba deui.

“Moal,” Olot Kaya ngalieuk ka Rait.

Rait gancang nyampeurkeun bari nungtun kuda. Olot Kaya nampanan eles sarta mancal kana sadel. Bari jeung hese beleke, sarta dibantuan ku Rait jeung Olot Kaya, Suba diuk dina sadel tukangeun Olot Kaya nu diukna rada ka beulah hareup.

Boh Olot Kaya boh Suba, diukna mimitina mah katempo henteu tumaninah. Olot Kaya nitah sangkan Suba nangkeup kana cangkengna.

*

LOT, urang engke meuntas di ditu,” ceuk Putri Anjungsari bari nunjuk lebah Citarum nu katempo lapat-lapat keneh.

Harita teh wanci geus tengah poe, keur meumeujeuhna panonpoe mancer, ngan teu karasa panas teuing sapanjang jalan hejo ngemploh ku tatangkalan.

Ti barang indit ukur reureuh sakali, ngawadang, di tengah jalan. Anu didaharna ukur buah samolo, kadaharan sejenna mah geus beak. Ti lembur tempat nukeurkeun kuda teu kaburueun neangan, atawa meuli kadaharan, lantaran inditna rurusuhan.

Olot Kaya unggeuk.

“Di ditu kawasna aya warung,” ceuk Putri Anjungsari.

“Aya sababaraha hiji, di lebah pameuntasan,” tembal Olot Kaya.

Bena ngadeukeutan Olot Kaya. “Kumaha mun di dituna loba prajurit Carbon?” pokna.

“Bisa jadi aya,” ceuk Olot Kaya.

“Moal apaleun ka urang?”

“Jigana moal.”

“Curigaeun moal? Peda urang limaan, genepan malah.”

Ngadenge omongan Bena, Putri Anjungsari ngahuleng.

“Bagi dua wae,” pokna. “Kami, Ranah jeung Olot Kaya ti heula. Bena jeung Rait nuturkeun rada anggang.”

“Ari ieu budak?” ceuk Olot Kaya.

“Sina leumpang,” tembal Putri Anjungsari.

“Kuat leumpang tepi ka sisi walungan itu?” ceuk Olot Kaya ka Suba.

“Kuat. Uing geus cangkeul diuk jeung nyeri bujur. Awak asa pasiksak,” tembal Suba.

Olot Kaya turun tina kudana. Lalaunan, bari leungeunna dicekelan ku Olot Kaya, suku kenca Suba nincak kana titincakan sadel. Suku katuhuna diangkat sarta sina ngaliwat kana tonggong kuda.

Leungeun katuhuna nyekel tungtung sadel.  Jrut wae turun bari sanggeus nincak lemah ampir titotolonjong. Nempo kitu, Bena jeung Rait patingserengeh.

“Rusuh, teu kaburu ngawarah heula carana tumpak kuda,” ceuk Olot Kaya bari mancal deui kana kudana.

Tali eles kudana dikenyed sina rada lumpat, nyusul Putri Anjungsari nu geus ti heula miang dituturkeun ku Ranah nu henteu pati ngalumpatkeun kudana  alatan jalanna mudun, malah sakapeung mah nurugtug, muru ka lebah sisi walungan badag nu engkena ngamuara ka basisir kaler.

Bena nyampeurkeun  Suba. “Lamun tumpak kuda, awak urang leuleuskeun, tuturkeun rengkak polah kuda,” ceuk Bena ka Suba nu masih nangtung siga tacan kumpul pangacianana.

Suba ukur unggut-unggutan.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler