Putri Anjungsari (9)

27 Januari 2023, 06:00 WIB
/

AKI ogé nyarita kitu. Tapi uing mah bolostrong kénéh. Ku Aki karék ukur diwarah ungguh mudun pasir,” ceuk Suba.

“Sangkan awak kuat éta téh. Moal nerap diwarah ulin penca jeung paélmuan ari awak héngkér mah. Ngalap élmu, élmu naeun waé, awak kudu kuat heula. Apan diajar naék tangkal kai ogé awak téh kudu jagjag, keur gering mah moal bisa. Rék ngalap élmu kabatinan ogé kudu kitu. Jagjag sagala rupana.”

Suba unggut-unggutan. Rék saengab-engabeun nyarita torojol Kai Kanta bari siga nu capé. Ngarénghapna ogé mani ngahégak. Nempo Atus geus aya di jero saung gancang nyampeurkeun. Diuk gigireunana.

“Ka, tas ti mana, siga tas lumpat?” ceuk Atus.

“Tas ngudag bagong, rék susungkur,” témbal Kai Kanta. 

“Bagong, Ki? Paingan tadi kadéngé nu pating gedebug,” ceuk Suba.

“Wayah kieu ngaranjah ka dieu,” ceuk Atus.

“Enya puguh. Bagong badag. Sihungna ogé tepi ka sasiku.”

“Bogaeun geulang, Ka, bagongna?

“Ku Aka diudag ogé sugan waé bogaeun, tepi ka sisi leuweung teu kaberik.”

“Butuh kénéh ku nu kitu, Ka?

”Lain butuh. Rék diala terus rék diduruk.”

“Lebar, Ka, diduruk mah. Pan cenah mun boga geulang bagong mah moal aya nu bisa ngéléhkeun.”         

Panon Suba rut-rét ka akina jeung ka Atus. Teu ngartieun jeung teu nyahoeun naon anu disebut geulang bagong téh.

“Nu kumaha geulang bagong téh?” ceuk Suba.

“Bagong kahot sok bogaeun geulang dina sukuna, suku hareupna. Ditaréangan ku nu ngaji kawedukan mah. Anu maké geulang bagong cenah mah jadi sakti mandraguna, moal aya nu ngéléhkeun, moal teurak ku pakarang, moal bisa keuna ku sihir, moal keuna ku tenung...,” témbal Atus.

“Aya nu geus bogaeun?”

“Nu matak can kungsi tepung jeung nu bogaeunana.”

“Dipercaya teuing,” témpas Kai Kanta.

Atus seuri. “Kawas jimat séro, nya, Ka?”

“Enya. Babaturan Aka kungsi méh unggal peuting ngintip séro nu tas ngahakan lauk, dituturkeun ka tempat ngarisingna. Séro geus katempo ngarising digebah. Taina dikoréhan. Tapi teu kungsi manggih nu disebut jimat séro téh.”

“Enya, uing ogé kungsi sababaraha kali néangan jimat séro téh. Hayang babari mun ngala lauk jeung kuat lila teuleum,” ceuk Atus. “Aéh, Ka, ari nu ti Dayeuhluhur jeung Geger Sunten can datang?”

“Encan. Ke peuting meureun. Aki Jaya ogé datangna deui engké peuting. Pagéto miangna rebun-rebun.”

“Naha daratangna ayeuna, Ki?”

“Tatahar heula di dieuna,” témbal Kai Kanta.

Atus cengkat. “Ka, uing ka ditu heula,” pokna, panonna nempo ka lebah tangkal caringin.

“Heug. Engké tengah peuting ngariung deui di dinya.”

Atus ukur seuri. Turun ti saung langsung muru ka lebah tangkal caringin. Ku Kai Kanta jeung ku Suba dituturkeun ku panonna. Sanggeus ngaliwat tangkal caringin mah teu témbong deui.

“Ki, engké ngariung di ditu saha waé?”

“Aki jeung nu rék nyaba.”

“Uing ogé kudu milu ngariung?”

“Enya.”

“Naha teu di dieu ngariungna? Pan di ditu mah paroék, sakurilingna rembet ku kakayon. Kumaha mun aya bagong deui?”

“Lain rék ngawangkong.”

“Rék naeun?”

“Neneda ka Sanghyang Tunggal sangkan di jalan taya halang harungan.”

“Naha kudu tengah peuting?”

“Tengah peuting wanci nu hadé sangkan urang deukeut nu Nu Maha Welas jeung Nu Maha Asih.”

“Kumaha waé di dituna engké?”

“Beresihkeun haté, jejegkeun jeung pancegkeun paniatan, sieuhkeun pikiran asa aing, sieuhkeun rasa gédé hulu. Haté manteng, muntang ka Nu Maha Kawasa, ka Nu Maha Tunggal,” ceuk Kai Kanta.

“Hésé atuh Ki, kudu kitu mah,”

“Teu hésé ari geus mindeng mah,” témbal Kai Kanta bari cengkat. “Aki ka lebak heula, ka Cipatahunan. Kadé mun ka lebak, bawa lodong, geus kosong gentong. Kudu sasadian cai nginum sing rada loba, loba sémah engké peuting.”

Suba ngarérét lodong nu ngagantung dina tihang. Lodong nu dijieun tina awi gombong teh digantungkeunana tibalik, ciri geus kosong.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler