Magang III Praja Madya Angkatan XXXII IPDN di Kabupaten Majalengka, Ngadata Kamiskinan

- 15 Juni 2024, 06:35 WIB
Rektor IPDN (tengah) dibarengan ku Dandim 0617 Majalengka jeung Kapolres Majalengka (13/06/2024).
Rektor IPDN (tengah) dibarengan ku Dandim 0617 Majalengka jeung Kapolres Majalengka (13/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Sajumlah 757 urang praja madya pratama Institut Pemerintahan Dalam Negeri (IPDN) ngalaksanakeun magang salula 21 poe di 26 Kecamatan di Kabupaten Majalengka.

Rektor IPDN, Hadi Prabowo, langsung masrahkeun praja madya Angkatan XXXII IPDN ka Penjabat Bupati Majalengka, Dedi Supandi di Gedong Yudha Karya Pemda Majalengka, Kemis ( 13/06/2024 ), pikeun ngalaksanakeun kagiatan magang di Kabupaten Majalengka.

Ceuk Rektor IPDN, dina ieu program, sakumna praja madya IPDN ditempatkeun di Kabupaten Majalengka salila 21 poe, mimiti ti tanggal 13 Juni nepi 3 Juli 2024.

Dipiharep, praja bisa ngabantu tur motekarkeun desa sakaligus milu ngabantu Pemkab Majalengka dina ngadata sacara akurat data kamiskinan sacara by name by address.

"Saterasna sakumna praja bakal langsung ngavalidasi data anu miskin di desa-desa. Validasi  dilaksanakeun leres-leres lungsur ka lapangan, ditingali by name by address (saluyu nami katut alamatna) anu aya di data regrosek Bapenas ," ceuk Rekor IPDN.

Ieu mangrupakeun lengkah Pj Bupati Majalengka anu kudu dibantu ku sakumna praja IPDN dina pendataan oge validasi sacara akurat tur obyektif anu engkena  bakal ditepikeun rengse magang.

Ceuk Pj Bupati Dedi Supandi, data akurat jadi bahan baku kawijakan pamarentah dina ngalaksanakeun program. Aya istilah “good data good decision”, “bed data bed decision”

Tarekah ngurangan kamiskinan di Kabupaten Majalengka sinergitas jeung kolaborasi dilaksanakeun Pemda. Salasahijina ku nurunkeun Praja Institut Pemerintahan Dalam Negeri (IPDN) anu bakal ditempatkeun di 330 desa jeung 14 kelurahan anu aya di 26 Kecamtan di Kabupaten Majalengka.

"Minangka bagian ti solusi, 757 praja IPDN Madya Praja tingkat tiga bakal ngalaksanakeun pendampingan program ka penduduk miskin  tarekah objektifitas tur ningali sadidintenna ti indikator penduduk miskin ngalangkungan pendampingan program, " ceuk Pj Bupati.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah