LSM Penjara Indonesia Unras Nanyakeun Kinerja ASN

- 14 Juni 2024, 08:30 WIB
LSM Penjara Indonesia unras ka Kejari Majalengka (13/06/2024).
LSM Penjara Indonesia unras ka Kejari Majalengka (13/06/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -LSM Penjara Indonesia ngagelar aksi unjuk rasa (unras) di tilu lokasi, di Kejari Majalengka, Inspektorat jeung Gedong Pendopo, Majalengka, Jawa Barat, Kemis (13/06/2024).

Ketua DPD LSM Penjara Indonesia Jawa Barat, DB Setiabudhi, nyebutkeun, unras dilaksanakeun bareng jeung puluhan anggotana sacara long march ti mimiti Kejari nepi ka gedong Pendopo.

"Unras dina dinten ieu margi aya patalina sareng hari lahirna Pancasila, oge upami dilaksanakeun caket ka Pilkada tangtosn bakal dilepatkeun," ceuk DB Setibudhi ditepungan di Gedong Pendopo, Kemis 13 Juni 2024.

Ngeunaan patalina netralitas ASN,  Budhi nyebutkeun geus aya palaturanana. 

"Sim kuring saparakanca bakal demo deui anu lngkung kenceng tur langkung ageung dibanding dinten ieu. Bakalngempelkeum koin 500 perak kangge lebetkeun kana dus sarta disanggakeun ka Pa Pj Bupati, eta rencanana," ceuk Setiabudhi.

"LSM Penjara Indonesia tos dua kali demo sareng dinten ieu, hoyong pendak sareng Pj Bupati oge komunikasi kangge ngadugikeun aspirasi masyarakat," ceuk Budhi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah