Bumi Asri Mekarrahayu Geus 32 Taun, PSU-na Can Dipasrahkeun Bupati Bandung Ngajurung Disperkimtan Hojah

- 13 Juni 2024, 14:52 WIB
Rembug Bedas ka-134 di Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih (12/06/2024), PSU Bumi Asih can dipasrahkeun ka Pemda.
Rembug Bedas ka-134 di Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih (12/06/2024), PSU Bumi Asih can dipasrahkeun ka Pemda. /Sopandi /galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung Dadang Supriatna marentahkeun Dinas Perumahan Kawasan Perumahan dan Pertanahan (Disperkimtan) Kabupaten Bandung sagancangna ngungkulan pasualan Prasarana Sarana Utilitas Umum (PSU) Komplek Perumahan Bumi Asri di Desa Mekarrahayu, Kecamatam Margaasih, Kabupaten Bandung.

Kituna tèh ditepikeun Dadang Supriatna m SWTairan aspirasi nu ditepikeun Tisna, salasahiji warga komplek perumahan Bumi Asri dina acara Rembug Bedas ka-134 nu digelar di GOR Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih, Rebo, 12 Juni 2024 peuting.

Tisna nepikeun  komplek Bumi Asri salila 32 taun can dipasrahkeun PSU-na ka Pemda Kabupaten Bandung. Padahal pihak pengembang geus narèkah komunikasi jeung Disperkimtan ngan can tepi ka ayeuna can aya hasilna.

Ngadèngè bangbaluh kitu, Dadang Supriatna langsung ngarèspon jeung nginstruksikeun Disperkimtan sangkan sagancangna ngungkulan ieu pasualan.

"Awal Juli ku simkuring diresmikeun. Simkuring kumaha waè carana, pokona kedah dirèngsèkeun. Upami hal ieu memang èntèng naha kedah dibanggakeun, " ceuk Dadang Supriatna.

Pikeun dikanyahokeun, lobana 460 perumahan di Kabupaten Bandung, tug tepi ka ayeuna karèk 70 PSUna nu dipasrahkeun pihak pengembang ka Pemkab Bandung.Pamarèntah nargetkeun 100 PSU perumahan taun 2024 ayeuna kapemdakeun.

Waktu sèrèn-sumèrèn PSU komolek perumahan ti pangembang ka Pemda Kabupaten Bandung di Baleendah can lila ieu Bupati nepikeun  perumahan . nu PSU-na dipasrahkeun Pemkabl Bandung, baris narima program PSPKB (Program Sinergitas Pembangunan Kelurahan Bedas) saRWna gedena  Rp100 juta.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah