Kapolres Majalengka Marengan Kapolda Jabar Ngacek Jalur Mudik jeung Pos Pam/Yan di Tol Cipali

- 2 April 2024, 11:45 WIB
Kapolres Majalengka marengan Kapolda Jabarngacek jalur mudik jeung pos pamariksaan (Pam/Yan) di Rest Area Km 166 jeung Km 152 Tol Cipali (01/04/2024).
Kapolres Majalengka marengan Kapolda Jabarngacek jalur mudik jeung pos pamariksaan (Pam/Yan) di Rest Area Km 166 jeung Km 152 Tol Cipali (01/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., marengan Kapolda Jabar, Irjen Pol Dr. Akhmad Wiyagus, S.I.K., M.Si., M.M., ngacek jalur mudik jeung pos pamariksaan (Pam/Yan) di Rest Area Km 166 jeung Km 152 Tol Cipali, anu aya dina wilayah hukum Polres Majalengka, Senen (1/4/2024).

Ieu kagiatan dilaksanakeun dina raraga Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 nyanghareupan Idul Fitri 1445 H. Kapolres Majalengka jeung Kapolda Jabar turun langsung ka lapangan keur mastikeun kasiapan pos pam/yan sarta ngaroris arus lalu lintas di jalur mudik.

Dilaksanakeunana pengecekan sacara langsung, dipiharep bisa ayana koordinasi anu hade antara aparat kapulisian jeung petugas pos pam/yan, dina kituna proses pangamanan katut pamariksaan kandaraan bisa lumangsung lungsur-langsar tur efektif.

Baca Juga: Kasat Samapta Polres Majalengka Mingpin Ngadegkeun Pos Ketupat Lodaya 2024

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, netelakeun, ieu kagiatan tarekah preventif keur ngantisipasi kajadian sababaraha potensi gangguan kaamanan jeung ketertiban masarakat (kamtibmas) salila arus mudik jeung arus balik.

Salian eta pangecekan tujuanana keur mere rasa aman tur tumaninah pikeun sakumna pemudik anu ngaliwat di wilayah hukum Polres Majalengka.

"Kiwari, jalur mudik janten kawilang rame ku ngaronjatna jumlah kandaraan anu ngalangkung. Ditrekahan kangge nangtoskeun lalampahan sakumna pemudik lumangsung kalayan lungsur-langsar," ceuk AKBP Indra Novianto.

Kapolres Majalengka jeung Kapolda Jabar oge mete arahan ka patugas anu mancen tugas di lapangan. Duana neueulkeun pentingna ngajaga kawaspadaan sarta mere pangladen anu hade ka masarakat.

Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 bakal lumngsung saacan jeung sarengsena Idul Fitri, kalayan ngaubetkeun sababaraha instansi keur ngajaga kaamanan oge katartiban salila arus mudik jeung arus balik.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah