Bupati Ngaluuhan Pangajian di Mesjid At - Ta'awwun Majalaya Siap Nuluykeun Program Bedas

- 31 Maret 2024, 22:20 WIB
 Bulati Bandung, Dadang Supriatna siap  nuluykeun program Bedas.
Bulati Bandung, Dadang Supriatna siap nuluykeun program Bedas. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung Dadang Supriatna masrahkeun bantuan pangan ka masarakat, hususna kaum jompo dina kagiatan pangajian Romadon 1445 Hijriah Majelis Taklim Jamaah Syarikat Islam Kecamatan Majalaya di Mesjid At - Ta'awwun Lembur Balekambang Desa Sukamaju Kecamatan Majalaya Kabupaten Bandung, Ahad, 31 Maret 2024.

Kabiasaan Bupati Dadang Supriatna nepungan masarakat geus maneuh dilakukeun ti inyana masih ngajabat Kepala Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang sababaraha taun ka tukang.

Ngadongdon hiji imah warga ka hiji imah sèjèna, ti pengajian jeung Jumat keliling di saban RW. Solat Idul Fitri jeung Idul Adha di masing-masing RW.

Baca Juga: Bupati Bandung Nargètkeun Ngawangun Dano Buatan Bojongsoang Momiti Taun Ieu

Sanggeus jadi Bupati Bandung pikeun ngalakukeun sarupa kitu teu ngamungkinkeun ngingetkeun waktu. Nya danget ayeuna dilaksanakeun Bupati ku kagiatan nu ngaubkeun para ketua RT, RW, kepala desa, BPD, LPM, Linmas, kader PKK jeung nu sèjèna dina acara Rembug Bedas jeung Bunga Desa (Bupati Ngamumule Desa) pikeun mageuhkeun silaturahmi.

Dina kesempatan Majelis Taklim Jamaah Syarikat Islam, Bupati Bandung nepikeun kawijakan program guru ngaji keur ngamulyakeun para ulama, ustad jeung ustadzah.

"Saleresna program guru ngaji tos dilaksanakeun waktos jadi kepala desa. Kanggo ngarealisasikeun ieu program ku ngaguar potensi nu aya di sèwang-séwang RT sareng RW," ceuk Dadang Supriatna.

Nurutkeun Dadang Supriatna, Program guru ngaji  danget ayeuna dilaksanakeun sa-Kabupaten Bandung. Anggaranana Rp 109 milyar kuotana 17.000 guru ngaji.

Baca Juga: Amitan Miang Umrah, Bupati Bandung Nyantun Budak Yatim bari Kampanye rek Nyalon deui dina Pilkada 2024

"Transaksi sareng Allah, alhamdulillah berkah. Buktosna Pendapatan Asli Daerah (PAD) Kabupaten Bandung ti kawit Rp 960 miliar ngaronjat janten Rp 1,3 triliun. Kitu deui APBD Kabupaten Bandung ti Rp 4,6 triliun janten Rp 7,4 triliun.Ieu salami simkuring janten Bupati Bandung," ceuk Bupati Bandung.

Dadang Supriatna mènta didoakeun ku masyarakat, sangkan dirina tetep amanah jeung Istikomah. "Insya Allah siap lajeng deui kanggo Pilkada Serentak 27 Nopember 2024 engkè, " pokna.

Bupati ogè nyosialisasikeun 13 program prioritasnya. Di antarana program ngungkukan rumah tidak layak huni (Rutilahu) , Beasiswa ti Bupati (Besti), program pinjaman dana bergulir tanpa bunga dan tanpa anggunan, kartu tani Sibedas katut program prioritas sèjenna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah