TMMD ka-119, Kodim 0617/Majalengka Muka Jalan Sapanjang 3000 Meter jeung Ngabangun Fasilitas Umum

- 22 Februari 2024, 12:00 WIB
TMMD ka-119 di Kabupaten Majalengka di antarana pangwangunan jeung ngaspal jalan nu panjangna 3000 meter, nyambungkeun Desa Sukamanah jeung Desa Wiranyana.
TMMD ka-119 di Kabupaten Majalengka di antarana pangwangunan jeung ngaspal jalan nu panjangna 3000 meter, nyambungkeun Desa Sukamanah jeung Desa Wiranyana. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - TNI Manunggal Masuk Desa (TMMD) teh sabilulunganana antara TNI jeung pamarentah daerah enggoning tarekah sangkan pangwangunan di daerah padesaan leuwih ngabelesat. Lian eta oge lengkah keur leuwih ngaronjatkeun infrastruktur jeung karaharjaan masarakat.

Pangwangunan di wilayah nu mencil, tinggaleun  jeung di pasisian teh tanggung jawab ti sakumna komponen bangsa. TMMD teh program pangwangunan lintas sektoral nu aya dina unsur pamarentah, TNI Polri jeung komponen masarakat

Dina raraga pangwangunan di daerah nu udaganana keur ngaronjatkeun karaharjaan masarakat sakaligus ngajaga NKRI, Kodim 0617/Majalengka rempug gawe jeung Pemkab Majalengka ngalaksanakeun kagiatan TNI Manunggal Membangun Desa (TMMD). Tempatna di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, dibuka ku Pj Bupati Majalengka, Salasa (20/02/2024).

Baca Juga: Dan Ssk Mingpin Apel Pagi Personel Satgas Tmmd Ka-119 Kodim 0617/Majalengka

Anu jadi inspektur upacara Pj Bupati Majalengka Dr. H. Dedi Supandi, S.Stp., M.Si., Komandan upacara Danramil 1707 Lemahsugih, Lettu Arh Rohman jeung Perwira upacara Pasipers Kodim 0617 Majalengka, Lettu Inf Aan Samian.

Anu ngaluuhan bubuka TMMD harita, Kasrem 063/SGJ, Dandim 0617/Majalengka, Pj. Bupati Majalengka, Kapolres Majalengka, Sekda Majalengka, Kasiops Lanud S Sukani, Perwakilan Yonif 321/GT, Dankesyah 03.04.03 Cirebon, Dansubdenpom III/3-5 Majalengka, Kepala Dinkes Prov.Jabar, Kepala BKKBN Prov. Jabar.

ASOPS Kasdam III/Siliwangi, Kapendam dan Kakesdam III/ Siliwangi, Waaster Kasdam III/Siliwangi, Dandim 0614/Kota Cirebon, Dandim 0615/Kuningan, Dandim 0620/Cirebon, Dandim 0617/Majalengka, Danyon 321 Raider/GT, Danlanud S.Sukani, Sekretaris Daerah, unsur Forkominda, para Staf Ahli sarta Asisten Bupati, kepala OPD.

Sakumna Camat sa-Kabupaten Majalengka, sakumna Kepala Desa sa-Kecamatan Lemahsugih, Ketua Tim Penggerak PKK Kab. Majalengka, Ketua Dharma Wanita Persatuan Kab. Majalengka, sakumna pangurus BPD, LPM, Ketua FKPPI jeung anggota, sakumna pangurus lembaga kemasyarakatan sarta warga Desa Cipasung jeung ondangan lianna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah