Dan Ssk Mingpin Apel Pagi Personel Satgas Tmmd Ka-119 Kodim 0617/Majalengka

- 22 Februari 2024, 11:40 WIB
Kodim 0617/Majalengka ngagelar apel pagi di tempat lumangsungna kagiatan TMMD, di Blok Sukamanah Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024).
Kodim 0617/Majalengka ngagelar apel pagi di tempat lumangsungna kagiatan TMMD, di Blok Sukamanah Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Saacan ngalaksanakeun kagiatan, Satgas TMMD Reguler Ka-119 Taun 2024 Kodim 0617/Majalengka ngagelar apel pagi di tempat lumangsungna kagiatan TMMD, di Blok Sukamanah Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Kemis (22/2/2024).

Letda Arh Agus, nyumangetan jeung arahan sarta ngelingan deui tugas masing-masing boh sasaran fisik boh non fisik sangkan leuwih ngaraketkeun rempug gawe nu hade. Pon kitu deui kajaga komunikasi dina palaksanaan tugas kalayan nitenan faktor kaamanan.

Minangka Dan SSK TMMD ka-119 Taun 2024, inyana oge cumeluk ka sakumna personil sangkan bisa ngalaksanakeun tugas jeung tanggung jawab nu hade tur nitenan faktor kaamanan din digawe.

"Nu utami ngajagi kasehatan sareng ngajagi etika nu hade sareng masarakat. Saterasna tetep tukuh kana pedoman ka Sapta Marga, Sumpah prajurit sarta Dalapan wajib TNI dina ngalaksanakeun interaksi sareng masarakat," ceuk Arh Agus.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah