Pj Bupati Majalengka Launching Program Kencan Data

- 4 Februari 2024, 12:30 WIB
Kemis (01/02/2024, Bupati Majalengka ngaluanching Kencan Data.
Kemis (01/02/2024, Bupati Majalengka ngaluanching Kencan Data. /Ayank/galura.co.id

"Bestie Data nyuguhkeun informasi panganyarna perkawis kamotekaran informasi nu diperyogikeun ku masarakat," ceuk Gatot.

"Dina hal ieu simkuring katut rengrengan Diskominfo Majalengka ngahatur nuhunkeun ka Bapa Pj Bupati Majalengka nu tos keresa ngaluuhan Launching munggaran platform Kencan Data di YouTube oge Radio Radika. Ku kituna bakal ngeuyeuban informasi-informasi nu positif keur masarakat," ceuk Kadis Kominfo.

Masih dina acara Talkshow Kencan Data di Radio Radika, Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi. mapag kalayan hade tur ngapresiasi Launching Kencan Data nu dipokalan ku  Bidang Statistik Sektoral dan Persandian.

Eusi Kencan Data hal-hal nu aya patalina jeung kamotekaran Majalengka sacara data jeung ngeunaan pamarentahan, pangwangunan di Majalengka, sosial kamasyarakatan, pemberdayaan kepariwisataan, jeung sajabana.

"Pangemut sim kuring, program Kencan Data  kawilang mangpaat kangge masarakat Majalengka, kalayan nyandingkeun sababaraha informasi basis data nu teu diragukeun deui kaabsahanna," ceuk Dedi.

Baca Juga: Ketua DPC PDI P Majalengka Ngondisikeun Strategi Cerdas keur Kaunggulan dina Pemilu 14 Februari 2024

Hal eta oge jadi bagian ti literasi digital sangkan warga Majalengka naek kelas, salian eta kahareupna bakal di agendakeun keur sababaraha Perangkat Daerah diondang datang ka Radio Radika 99.8 FM pikeun ngaekspos ngeunaan kamotekaran jeung sajabana dibewarakeun ka masarakat.

"Sanes eta wae, pendesiminasian informasi sareng data ngalangkungan sababaraha saluran informasi salasawiosna peran radio oge kawilang penting kangge dilaksanakeun," ceuk Dedi.

Hal eta sangkan kacipta jaringan- jaringan komunikasi antara pamarentah daerah jeung masarakatna, ku sababaraha cara. Dipiharep masarakat bisa ngerasakeun pamarentah karasa ku masarakat.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah